Yésaya
5 Abdi rék ngawih keur Anjeunna nu dipikanyaah ku abdi,
Kawihna téh ngeunaan Anjeunna jeung kebon anggur-Na.
Anjeunna nu dipikanyaah ku abdi téh boga kebon anggur di lamping* nu subur.
2 Taneuhna ku Anjeunna digali, batu-batuna dipiceunan.
Éta kebon ku Anjeunna dipelakan anggur beureum nu panghadéna.
Anjeunna ngawangun munara di tengah kebonna
Sarta ngagali tempat paranti pameresan anggur.
Anjeunna ngarep-ngarep éta kebon ngahasilkeun anggur nu alus,
Ari pék téh nu jaradi kalah ka anggur nu goréng.
3 ”Ayeuna, hé penduduk Yérusalém jeung urang Yéhuda,
Coba béré nyaho saha nu salah, Kuring atawa kebon anggur Kuring?
4 Éta kebon anggur téh kudu dikumahakeun deui?
Naon deui nu kurang?
Kuring ngarep-ngarep anggur nu alus,
Tapi nu jaradi téh naha bet anggur nu goréng?
5 Ayeuna Kuring rék méré nyaho
Kebon anggur téh rék dikumahakeun ku Kuring:
Pagerna rék dicabutan,
Tuluy bakal diduruk nepi ka béak.
Témbokna rék diruntuhkeun,
Tuluy bakal diidek-idek.
6 Éta kebon bakal dijadikeun tanah nu teu kaurus,
Moal dipangkas, moal dikoréd.
Éta bakal pinuh ku rungkun cucuk jeung jukut hama.
Malah méga* gé ku Kuring rék dicegah ulah sina ngahujanan.
7 Urang Israél téh kebon anggurna Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
Urang Yéhuda téh pakebonan* anu dipikaresep pisan ku Anjeunna.
Anjeunna terus miharep kaadilan,
Tapi nu katingali téh kateuadilan.
Anjeunna miharep maranéhna ngalampahkeun nu bener,
Tapi nu kadéngé téh jumeritna nu sangsara.”
8 Cilaka jalma nu haben baé nambahan imah
Sarta nu haben baé nambahan tanah,
Nepi ka euweuh deui tempat keur batur.
Ngan maranéh wungkul nu maratuh di ieu nagri!
9 Abdi ngadéngé Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, geus sumpah yén
Loba imah, sanajan gedé jeung alus gé,
Bakal jadi tempat nu pikasieuneun,
Moal aya nu nyicingan.
11 Cilaka jalma nu hudang subuh-subuh pikeun nginum inuman keras,
Nepi ka peuting téh masih kénéh nginum cianggur nepi ka marabok!
12 Waktu pésta, maranéhna ngarinum cianggur bari nabeuh harpa,
Alat musik nu maké senar, rabana, jeung suling.
Tapi maranéhna teu merhatikeun naon nu dipidamel ku Yéhuwa,
Teu paduli kana karya panangan Anjeunna.
13 Bangsa abdi bakal diboyong jadi tawanan
Sabab maranéhna kurang pangarti.
Jalma-jalma nu dihormat di antara maranéhna bakal kalaparan,
Sarta rahayatna bakal kasiksa bakating halabhab.
14 Kuburan* jadi beuki gedé,
Sungutna geus calawak.
Jalma-jalma nu dihormat di Yérusalém, jalma-jalma nu garandéng, jeung jalma-jalma nu resep pésta
Bakal dilegleg.
15 Unggal jalma bakal ngeluk
Sarta bakal dihandapkeun.
Nu aradigung bakal direndahkeun.
16 Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal diagungkeun ku lantaran kaadilana-Na.
Allah nu sajati, Allah nu Suci, bakal némbongkeun yén Anjeunna téh suci ku hal-hal bener nu dipidamel-Na.
17 Anak-anak domba bakal nyaratuan di dinya kawas di tegal jukutna.
Urang asing bakal dalahar di tempat-tempat nu kalantar, nu tadina tempatna sato-sato lalintuh.
18 Cilaka jalma-jalma nu pinuh ku tipu daya, maranéhna katalian ku kasalahan jeung dosana.
Maranéhna kawas sato nu ditalikeun kana padati, tuluy padatina kudu dibabawa ka mana-mana.
19 Ceuk maranéhna, ”Allah téh geura prak ngagancangkeun pagawéana-Na.
Sok buru dilaksanakeun ambéh katempo ku urang.
Pangersa* Allah Israél nu Suci sing laksana,
Hayang nyaho siga kumaha!”
20 Cilaka nu nyebutkeun hadé téh goréng, goréng téh hadé,
Nu ngaganti poék ku caang, caang ku poék,
Nu nyebutkeun pait téh amis, amis téh pait.
21 Cilaka nu nganggap dirina bijaksana
Jeung ngarasa dirina pinter!
22 Cilaka nu jago nginum cianggur
Sarta nu ahli nyampur inuman keras,
23 Nu ngabéla jalma jahat lantaran disogok
Sarta nu ngarampas kaadilan ti jalma bener!
24 Ku sabab kitu, lir jarami nu dihuru ku seuneu
Sarta jukut garing nu dilebur ku seuneu,
Nya kitu akar maranéhna bakal buruk.
Kembang maranéhna bakal awur-awuran kawas kekebul,
Sabab maranéhna teu daék narima hukum* ti Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,
Sarta ngahina firman ti Allah Israél nu Suci.
25 Éta sababna amarah Yéhuwa ngagedur ka umat-Na.
Anjeunna bakal ngahukum maranéhna.
Gunung-gunung bakal aleundeur,
Mayit-mayit maranéhna bakal jadi saperti runtah di jalan.
Najan kitu amarah Anjeunna teu sirna,
Anjeunna masih kénéh ngahukum.
26 Anjeunna geus méré tanda* pikeun nyaur hiji bangsa ti nu jauh,
Disuitan sina daratang ti tungtung bumi.
Burubul daratang, lajuna gancang pisan.
27 Saurang gé euweuh nu capéeun, euweuh nu tijalikeuh,
Euweuh nu tunduh, euweuh nu saré.
Sabuk dina cangkéngna euweuh nu logor,
Tali sendalna euweuh nu pegat.
28 Kabéh panahna maréncos.
Busur panahna geus dipentang.
Talapok kudana tareuas lir batu seuneu.
Roda-roda karétana muihna lir angin puyuh.
29 Maranéhna ngagaur kawas singa,
Ngagaur kawas singa ngora.*
Maranéhna ngagerem jeung ngarontok mamangsan.
Mamangsanna dibawa, moal aya nu bisa ngaleupaskeun.
30 Dina waktu éta, maranéhna bakal ngagerem ka mamangsanna,
Sadana kawas gumuruhna laut.
Jalma-jalma bakal nempo yén éta nagri téh poék jeung keueung.
Malah, langit gé jadi poék lantaran katutup ku méga.