Yésaya
57 Geus euweuh jalma bener,
Tapi euweuh hiji-hiji acan nu paduli.
2 Manéhna geus tengtrem.
Jalma-jalma nu hirupna bener geus reureuh di tempat saréna.*
3 ”Tapi, éh anak-anak tukang sihir,
Anak-anak tukang jinah, jeung anak-anak palacur,
Ka darieu.
4 Saha nu dijieun lulucon ku manéh* téh?
Ka saha ngahina téh? Ka saha ngelélkeun létah téh?
Manéh téh anakna jalma dosa,
Anakna tukang tipu.
5 Manéh téh jalma-jalma nu napsu birahina ngagedur handapeun tatangkalan gedé,
Handapeun tatangkalan nu gomplok daunna.
Manéh meuncitan barudak di lebak-lebak,*
Di sela-sela cadas.
6 Di lebak,* manéh milihan batu-batu nu lalésang.
Nya, éta nu dipilih ku manéh.
Malah, ka batu-batu éta manéh nyicikeun kurban inuman jeung méré pangbakti.
Piraku Kuring resep ka nu kararitu?
7 Di gunung nu kacida luhurna, manéh nyiapkeun tempat saré.
Manéh nanjak ka dinya, seug méré kurban.
8 Manéh masang tanda tukangeun panto jeung dina kusén panto.
Kuring ditinggalkeun, tuluy manéh muka pakéan.
Manéh naék kana kasur, tuluy kasur téh disiapkeun ambéh lega.
Geus kitu, manéh nyieun perjangjian jeung nu dipikacinta.
Manéh resep saré bareng jeung maranéhna,
Sarta manéh melong alat kelamin lalaki.*
9 Manéh turun ngadep ka Mélékh* bari mawa minyak
Jeung wawangian nu loba pisan.
Manéh ngirim utusan ka tempat nu jauh,
Nu matak manéh turun ka Kuburan.*
10 Najan manéh geus nuturkeun jalan manéh nu rupa-rupa,
Manéh teu ngomong kieu, ’Ah, ieu mah percumah!’
Kakuatan manéh pulih deui,
Éta sababna manéh teu nyerah.*
11 Manéh ngadégdég jeung sieun téh ku saha,
Nepi ka wani ngabohong?
Manéh teu inget ka Kuring.
Manéh lempeng wéh teu paduli.
Pédah Kuring cicing waé jeung ngantep manéh,
Manéh jadi teu sieun ku Kuring.
12 Kalakuan manéh nu ’bener’ jeung lalampahan manéh ku Kuring rék dibolékérkeun,
Kabéhanana moal aya gunana keur manéh.
13 Waktu manéh sasambat ménta tulung,
Berhala-berhala manéh moal nyalametkeun.
Kabéhanana bakal katebak ku angin,
Katiup ku napas sarénghap.
Sabalikna, nu nyalindung ka Kuring mah bakal ngawaris ieu nagri
Sarta bakal ngamilik gunung Kuring nu suci.
14 Bakal aya nu ngomong kieu, ’Sok jieun hiji jalan! Siapkeun jalan!
Singkirkeun sakabéh hahalang di jalan umat Kuring.’”
15 Sabab ieu nu diucapkeun ku Allah Nu Mahaluhur,
Nu abadi sarta nu nami-Na suci,
”Kuring matuh di tempat nu luhur jeung suci,
Tapi Kuring gé babarengan jeung jalma nu remuk haté jeung sedih,*
Supaya Kuring bisa mulihkeun sumanget jalma nu sedih
Sarta mulihkeun haté nu remuk.
16 Kuring moal salilana ngamusuh
Atawa terus ambek ka maranéhna.
Lamun Kuring kitu,
Manusa jeung sakabéh mahluk nu diciptakeun ku Kuring bakal lemah.
17 Kuring ambek téh lantaran manéhna nyieun dosa jeung néangan kauntungan nu teu jujur.
Jadi ku Kuring manéhna dihukum. Kuring ambek sarta miceun beungeut.
Tapi angger manéhna barontak, nuturkeun kahayangna sorangan.
18 Kuring geus ningali kalakuanana kumaha,
Tapi ku Kuring manéhna rék dicageurkeun jeung ditungtun.
Kuring rék ngupahan manéhna sarta jalma-jalma nu sungkawa bareng jeung manéhna.”
19 Saur Yéhuwa, ”Kuring nu nyiptakeun kecap-kecap pamuji.
Kuring bakal terus méré katengtreman, boh ka nu jauh boh ka nu deukeut.
Kuring bakal nyageurkeun manéhna.
20 Tapi jalma jahat mah saibarat laut motah nu teu bisa cicing,
Nu ombak-ombakna nyéréd rumput laut jeung leutak.”
21 Saur Allah abdi, ”Jalma jahat mah hirupna moal tengtrem.”