Yéhézkiél
2 Geus kitu Anjeunna nyarios ka abdi, ”Anak manusa,* geura nangtung, Kuring rék ngomong ka manéh.” 2 Waktu Anjeunna nyarios, abdi narima kawasa suci, deg abdi ditangtungkeun, ngarah abdi tiasa ngadangu Anjeunna nyarios ka abdi.
3 Tuluy Anjeunna nyarios kieu, ”Anak manusa, Kuring ngutus manéh ka urang Israél, ka bangsa-bangsa* tukang barontak nu geus ngalawan ka Kuring. Nepi ka poé ieu, maranéhna jeung karuhunna teterusan ngalanggar hukum Kuring. 4 Kuring téh ngutus manéh ka jalma-jalma nu kurang ajar jeung bedegong. Manéh kudu ngomong kieu ka maranéhna, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.’ 5 Teu sual maranéhna rék nurut atawa henteu, da maranéhna téh bangsa tukang barontak, maranéhna pasti bakal nyarahoeun aya hiji nabi di antara maranéhna.
6 ”Ari manéh, anak manusa, ulah sieun ku maranéhna. Ulah sieun kana omongan maranéhna, sanajan manéh dikurilingan ku rungkun cucuk* sarta matuh di antara kalajengking. Maranéhna téh bangsa tukang barontak, tapi ulah sieun kana omongan maranéhna, ulah sieun ku beungeutna. 7 Tepikeun omongan Kuring ka maranéhna, rék diturut rék henteu, da maranéhna téh bangsa tukang barontak.
8 ”Tapi manéh, anak manusa, déngékeun naon nu rék dibéjakeun ku Kuring. Ulah barontak kawas bangsa tukang barontak ieu. Pék calangap, geura dahar naon nu rék diasongkeun ku Kuring.”
9 Geus kitu, sor aya panangan nyodorkeun gulungan. 10 Seug gulungan téh dibuka hareupeun abdi. Beulah hareup jeung tukangna ditulisan lagu sungkawa sarta kekecapan nu matak jalma-jalma careurik jeung tingjarerit.