PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 20
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Sajarah barontakna urang Israél (1-32)

      • Jangji yén Israél bakal dipulihkeun (33-44)

      • Ramalan ngeunaan leuweung di kidul (45-49)

Yéhézkiél 20:1

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, taun katujuh ti saprak Yéhézkiél diboyong.

Yéhézkiél 20:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”méré nyaho hukuman keur maranéhna?”

Yéhézkiél 20:7

Catetan Handap

  • *

    Kecap Ibranina bisa jadi aya patalina jeung kecap ”tai” nu nunjukkeun sakumaha pikageuleuheunana éta.

Yéhézkiél 20:9

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta Israél.

  • *

    Nyaéta Israél.

Yéhézkiél 20:14

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta Israél.

Yéhézkiél 20:22

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta Israél.

Yéhézkiél 20:28

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bukit”.

Yéhézkiél 20:30

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”sarta ngalacur ka allah-allah séjén?”

Yéhézkiél 20:49

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”paribasa”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
  • 43
  • 44
  • 45
  • 46
  • 47
  • 48
  • 49
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 20:1-49

Yéhézkiél

20 Dina poé kasapuluh, bulan kalima, taun katujuh,* jol sababaraha kokolot Israél datang. Maranéhna diuk hareupeun abdi pikeun ménta pituduh ti Yéhuwa. 2 Geus kitu, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka abdi, saur-Na, 3 ”Anak manusa, béjakeun kieu ka para kokolot Israél, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Maranéh datang téh rék ménta pituduh Kuring? ’Demi Kuring nu hirup, ku Kuring moal dijawab,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”’

4 ”Anak manusa, manéh siap ngahukum maranéhna?* Manéh siap ngahukum maranéhna? Béjakeun ka maranéhna hal-hal pikaijideun nu dilampahkeun ku karuhunna. 5 Béjaan maranéhna, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Basa Kuring milih Israél, Kuring gé sumpah ka turunan Yakub. Basa keur di tanah Mesir, Kuring méré nyaho ka maranéhna saha Kuring téh. Kuring sumpah ka maranéhna sarta ngomong kieu, ’Kuring téh Yéhuwa, Allah maranéh.’ 6 Harita, Kuring sumpah rék ngabudalkeun maranéhna ti Mesir tuluy mawa maranéhna ka nagri nu geus dipilih ku Kuring, nagri nu loba susu jeung maduna. Éta téh nagri nu pangéndahna di antara nagri-nagri séjén. 7 Geus kitu, Kuring nitah maranéhna, ’Maranéh masing-masing kudu miceun berhala-berhala nu pikageuleuheun* nu disembah ku maranéh. Ulah nganajiskeun diri ku berhala-berhala pikageuleuheun ti Mesir. Kuring téh Yéhuwa, Allah maranéh.’

8 ”’”Tapi, maranéhna kalah ka barontak ka Kuring, teu daék ngadéngékeun Kuring. Berhala-berhala pikageuleuheun nu disembah ku maranéhna téh teu dipiceun. Berhala-berhala pikageuleuheun ti Mesir gé teu ditinggalkeun. Jadi, Kuring mutuskeun rék ngabudalkeun amarah Kuring sarta numplekkeun kabéh kaambek Kuring ka maranéhna di Mesir. 9 Tapi Kuring henteu kitu, supaya ngaran Kuring teu dihina hareupeun bangsa-bangsa nu maratuh di sakuriling maranéhna. Sabab waktu Kuring mawa maranéhna* budal ti Mesir, Kuring méré nyaho ka maranéhna* saha Kuring téh. 10 Kitu carana Kuring ngabudalkeun maranéhna ti Mesir sarta nungtun maranéhna ka tanah gurun téh.

11 ”’”Geus kitu, Kuring méré aturan jeung putusan hukum Kuring ka maranéhna, ngarah jalma nu ngajalankeunana bisa tetep hirup. 12 Kuring gé méré sabat Kuring ka maranéhna pikeun jadi paringetan yén Kuring, Yéhuwa, nu nyucikeun maranéhna téh.

13 ”’”Tapi, urang Israél kalah ka barontak ka Kuring di tanah gurun. Maranéhna teu nuturkeun aturan Kuring sarta nampik putusan hukum Kuring, padahal mah jalma nu ngajalankeunana téh bakal tetep hirup. Maranéhna bener-bener nganajisan sabat Kuring. Jadi, Kuring mutuskeun rék numplekkeun kamurkaan Kuring ka maranéhna di tanah gurun ngarah kabéhanana musna. 14 Tapi Kuring henteu kitu, supaya ngaran Kuring teu dihina hareupeun bangsa-bangsa nu nyaraksian maranéhna* dibawa budal ku Kuring. 15 Kuring gé sumpah ka maranéhna di tanah gurun yén Kuring moal mawa maranéhna asup ka nagri nu geus dibikeun ku Kuring ka maranéhna, nyaéta nagri nu loba susu jeung maduna, nagri nu pangéndahna di antara nagri-nagri séjén. 16 Pangna kitu téh lantaran maranéhna nampik putusan hukum Kuring, teu nuturkeun aturan Kuring, jeung nganajisan sabat Kuring. Kahayangna téh nyembah ka berhala-berhala nu pikageuleuheun.

17 ”’”Tapi Kuring karunya ka maranéhna. Kuring teu ngabinasakeun maranéhna. Kuring teu ngamusnakeun maranéhna di tanah gurun. 18 Kuring ngomong kieu ka turunan maranéhna di tanah gurun, ’Ulah nuturkeun aturan beunang nyieun karuhun maranéh, atawa ngajalankeun putusan hukumna, atawa nganajiskeun diri ku cara nyembah ka berhala-berhala maranéhna nu pikageuleuheun. 19 Kuring téh Yéhuwa, Allah maranéh. Sok tuturkeun aturan Kuring, jalankeun putusan hukum Kuring, sarta lampahkeun éta kabéh. 20 Sucikeun sabat Kuring. Ku kituna, éta bakal jadi tanda ngarah maranéh inget yén Kuring téh Yéhuwa, Allah maranéh.’

21 ”’”Tapi turunan maranéhna téh kalah ka barontak ka Kuring. Maranéhna teu nuturkeun aturan Kuring sarta teu nurut jeung teu ngajalankeun putusan hukum Kuring, padahal jalma nu ngajalankeunana téh bakal tetep hirup. Maranéhna gé nganajisan sabat Kuring. Jadi, Kuring mutuskeun rék ngabudalkeun amarah Kuring sarta numplekkeun kabéh kaambek Kuring ka maranéhna di tanah gurun. 22 Tapi Kuring henteu kitu. Kuring nahan diri, supaya ngaran Kuring teu dihina hareupeun bangsa-bangsa, nu nyaraksian maranéhna* dibawa budal ku Kuring. 23 Kuring gé sumpah ka maranéhna di tanah gurun yén maranéhna rék dipabalencarkeun di antara bangsa-bangsa sarta dipaburencaykeun di antara nagri-nagri. 24 Pangna kitu téh lantaran maranéhna teu ngajalankeun putusan hukum Kuring, nampik aturan Kuring, nganajisan sabat Kuring, sarta nyembah ka berhala-berhala pikageuleuheun nu disembah ogé ku karuhun maranéhna. 25 Kuring gé ngantep maranéhna sina nuturkeun aturan-aturan nu teu hadé sarta putusan hukum nu teu mawa kahirupan keur maranéhna. 26 Waktu maranéhna ngaduruk anak-anak cikalna pikeun dijadikeun kurban, Kuring ngantep maranéhna sina jadi najis ku éta kurban, ngarah maranéhna binasa. Ku kituna, maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.”’

27 ”Jadi anak manusa, pék ngomong kieu ka urang Israél, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Karuhun maranéh gé kitu, ngahina ka Kuring ku cara teu satia ka Kuring. 28 Maranéhna téh ku Kuring dibawa ka nagri nu geus dijangjikeun ku Kuring ka maranéhna. Barang maranéhna ningali sakabéh pasir* nu laluhur jeung tangkal nu gomplok daunna, maranéhna ngadon ngurban jeung méré pangbakti nu ngaraheutan haté Kuring. Maranéhna ngabaktikeun kurban nu haseupna seungit jeung ngucurkeun kurban inuman di dinya. 29 Jadi Kuring nanya ka maranéhna, ’Nanaonan maranéh indit ka tempat pamujaan téh? (Éta masih kénéh disebut Tempat Pamujaan nepi ka poé ieu.)’”’

30 ”Ayeuna, béjaan urang Israél, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Maranéh téh rék nganajiskeun diri sorangan kawas karuhun maranéh ku cara nyembah ka berhala-berhala nu pikageuleuheun sarta teu satia ka Kuring?* 31 Éh urang Israél, nepi ka poé ieu maranéh masih kénéh nganajiskeun diri sorangan ku cara ngurban ka kabéh berhala maranéh nu pikageuleuheun sarta ngaduruk anak-anak maranéh? Geus kitu téh maranéh wawanianan deui ménta pituduh ka Kuring.”’

”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Demi Kuring nu hirup, Kuring moal ngajawab maranéh. 32 Naon nu dipikirkeun ku maranéh moal bakal kajadian, nyaéta waktu maranéh ngomong kieu, ”Hayu urang nyembah ka kai jeung batu, nurutan bangsa-bangsa séjén.”’”

33 ”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Demi Kuring nu hirup, Kuring rék jadi raja ngawasaan maranéh. Ku kakuatan Kuring nu hébat jeung kawasa Kuring nu gedé, Kuring rék ngahukum maranéh. Kuring rék ngabudalkeun amarah Kuring ka maranéh. 34 Kuring bakal mawa maranéh budal ti bangsa-bangsa sarta ngumpulkeun maranéh ti nagri-nagri tempat maranéh dipabalencarkeun, sanggeus Kuring ngahukum maranéh ku kakuatan Kuring nu hébat jeung kawasa Kuring nu gedé, sarta sanggeus Kuring ngabudalkeun amarah Kuring. 35 Kuring rék mawa maranéh ka tanah gurun bangsa-bangsa. Di dinya, Kuring rék nyanghareupan maranéh pikeun ngahakiman maranéh.

36 ”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Sakumaha Kuring ngahakiman karuhun maranéh di tanah gurun Mesir, Kuring gé rék ngahakiman maranéh. 37 Kuring rék ngajadikeun maranéh kawas domba nu ngaliwat handapeun iteuk pangangonna, sarta Kuring rék ngawajibkeun maranéh nurut kana perjangjian. 38 Tapi jalma-jalma nu sok barontak jeung nu dosa ka Kuring mah rék disingkir-singkirkeun ti antara maranéh. Kuring rék mawa maranéhna budal ti nagri tempat maranéhna ngumbara, tapi maranéhna mah moal dipulangkeun ka nagri Israél. Geus kitu, kakara maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’

39 ”Éh urang Israél, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Sok wéh maranéh masing-masing nyembah ka berhala-berhala nu pikageuleuheun. Tapi sanggeusna, lamun maranéh teu ngadéngékeun Kuring, maranéh bakal ditinggalkeun ku Kuring. Geus kitu mah maranéh moal bisa nganajisan deui ngaran Kuring nu suci ku kurban-kurban jeung berhala-berhala maranéh nu pikageuleuheun.’

40 ”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Engké di gunung Kuring nu suci, nyaéta gunung nu luhur di Israél, maranéhna kabéh, urang Israél, bakal nyembah ka Kuring di éta nagri. Di dinya, Kuring bakal resep ka maranéhna sarta bakal ménta maranéh méré sumbangan jeung pangbakti nu panghadéna, nyaéta sakabéh pangaboga maranéh nu suci. 41 Waktu Kuring mawa balik maranéh ti bangsa-bangsa séjén sarta ngumpulkeun maranéh ti nagri-nagri tempat maranéh dipabalencarkeun, Kuring bakal resep ka maranéh, sabab maranéh ngabaktikeun kurban nu seungitna nyukakeun Kuring. Ku jalan maranéh, bangsa-bangsa bakal nyaho yén Kuring téh suci.’

42 ”’Waktu Kuring mawa maranéh ka nagri Israél, nyaéta nagri nu dijangjikeun ku Kuring pikeun dibikeun ka karuhun maranéh, maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa. 43 Di ditu, maranéh bakal inget deui kana kalakuan jeung sagala lalampahan maranéh nu matak najis kana diri. Maranéh gé bakal geuleuh ka diri sorangan sabab geus ngalampahkeun sakabéh kajahatan. 44 Éh urang Israél, Kuring kitu téh demi ngaran Kuring. Éta sababna, maranéh teu dihukum satimpal jeung kajahatan maranéh sarta kalakuan maranéh nu bejad. Ari geus kitu mah maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”

45 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 46 ”Éh anak manusa, tempo ka beulah kidul sarta umumkeun ka kidul. Tepikeun ramalan ka leuweung nu aya di kidul. 47 Omongkeun ka leuweung di kidul, ’Déngékeun firman Yéhuwa. Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Kuring rék ngadatangkeun seuneu nu ngagedur ka manéh, sina ngahuru saban tangkal nu saleger kénéh, kitu deui nu geus gararing. Seuneuna moal bakal pareum. Kabéh jalma ti kidul nepi ka kalér bakal ngarasakeun panasna. 48 Kabéh jalma bakal nyaksian yén nu ngahuruna téh Kuring, Yéhuwa. Jadi, éta seuneu moal bakal pareum.”’”

49 Sanggeusna abdi ngomong, ”Duh Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung! Maranéhna ngomong kieu ngeunaan abdi, ’Si éta mah ngomong téh maké tatarucingan* waé.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun