Yéhézkiél
22 Saterusna, Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, manéh siap teu ngumumkeun hukuman keur* kota nu pinuh ku tukang maéhan? Siap teu méré nyaho manéhna ngeunaan hal-hal pikaijideun nu dilampahkeun ku manéhna? 3 Béjakeun kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Éh kota nu pinuh ku tukang maéhan, nu nganajiskeun diri ku berhala-berhala nu pikageuleuheun,* pitungtungeun manéh geus deukeut. 4 Manéh boga salah sabab geus maéhan sarta jadi najis ku lantaran berhala-berhala nu pikageuleuheun. Waktuna Kuring ngahukum manéh téh geus téréh. Éta sababna manéh bakal diantep ku Kuring sina direndahkeun ku bangsa-bangsa sarta dipoyok ku sakabéh nagri. 5 Manéh téh kota nu boga ngaran goréng, mani kacow di mana-mana. Nagri-nagri tatangga jeung nu jauh bakal moyokan manéh. 6 Sakabéh pamingpin Israél nu aya di antara manéh maké kawasana pikeun maéhan. 7 Penduduk manéh ngarendahkeun indung bapana sorangan. Maranéhna nipu urang asing sarta nindes ka budak yatim* jeung randa.”’”
8 ”’Tempat suci Kuring dianggap rendah ku manéh, sabat Kuring dinajiskeun. 9 Penduduk manéh loba nu jadi tukang mitnah ngarah batur paéh. Maranéhna ngadahar kurban di gunung-gunung sarta ngalampahkeun nu bejad. 10 Aya nu saré* jeung pamajikan bapana, aya ogé nu saré jeung awéwé nu keur najis lantaran haid. 11 Di antara penduduk manéh, aya nu ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun bareng jeung pamajikan baturna. Aya ogé nu kalakuanana bejad ku cara nganajisan minantuna. Nu séjénna maksa dulur awéwéna, nyaéta anak bapana sorangan, sina saré jeung manéhna. 12 Penduduk manéh narima panyogok pikeun maéhan. Mun nginjeumkeun duit téh bari ngabungaan atawa nyiar kauntungan. Ka batur gé kalah ka meres. Manéh téh geus bener-bener poho ka Kuring,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.
13 ”’Kuring kekeprokan bakating ku geuleuh ningali manéh nyiar kauntungan ku cara licik, sarta ningali manéh maéhan batur. 14 Waktu Kuring ngahukum manéh, manéh bakal boga kénéh kawani kitu? Boga kénéh tanaga? Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu sarta bakal ngalaksanakeun éta. 15 Manéh rék dipabalencarkeun di antara bangsa-bangsa sarta dipaburencaykeun di antara nagri-nagri. Kalakuan manéh nu najis rék dieureunkeun ku Kuring. 16 Manéh bakal direndahkeun hareupeun bangsa-bangsa, ku kituna manéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’”
17 Saterusna Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 18 ”Anak manusa, keur Kuring mah urang Israél téh geus euweuh gunana, teu béda ti kokotor logam. Maranéhna kabéh téh kawas tambaga, timah bodas, beusi, jeung timah hideung dina pangleburan. Maranéhna kabéh téh geus kawas kokotor pérak.
19 ”Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Lantaran maranéh kabéh téh geus euweuh gunana kawas kokotor logam, maranéh rék dikumpulkeun di jero kota Yérusalém. 20 Siga pérak, tambaga, beusi, timah hideung, jeung timah bodas nu dikumpulkeun tuluy diasupkeun kana pangleburan pikeun dilebur ku seuneu, nya maranéh gé rék dikitukeun. Kuring bakal ngumpulkeun maranéh bari ambek pisan. Geus kitu, Kuring rék ngalebur maranéh ku seuneu. 21 Kuring rék ngumpulkeun maranéh sina digebos ku seuneu amarah Kuring, sina lebur di jero kota. 22 Sakumaha pérak lebur dina pangleburan, maranéh gé bakal lebur di jero kota. Ku kituna, maranéh bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, geus numplekkeun amarah Kuring ka maranéh.’”
23 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 24 ”Anak manusa, béjakeun ka éta nagri, ’Dina poé amarah Kuring, manéh téh nagri nu moal bakal dibersihan atawa dibéré hujan. 25 Nabi-nabina sakongkol kawas singa nu guar-gaur nyasaak mamangsan. Maranéhna maéhan jalma sarta ngarampas harta jeung babandaan nu aralus. Gara-gara maranéhna, loba nu jadi randa di dinya. 26 Imam-imamna ngalanggar hukum Kuring sarta nganajisan tempat-tempat suci Kuring. Maranéhna teu ngabédakeun mana nu suci mana nu henteu, sarta teu méré nyaho naon nu najis naon nu henteu. Maranéhna gé teu ngajalankeun sabat Kuring. Kuring direndahkeun ku maranéhna. 27 Para pajabatna siga ajag nu nyasaak mamangsanna. Maranéhna nyerang jeung maéhan jalma-jalma pikeun meunang duit. 28 Tapi kajahatan maranéhna téh ditutupan ku nabi-nabina, kawas témbok rengat nu dikapur. Éta nabi-nabi nepikeun titingalian palsu jeung ramalan bohong. Ceuk maranéhna, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,” padahal Kuring, Yéhuwa, teu pernah ngomong kitu. 29 Penduduk éta nagri nipu jeung ngarampog. Maranéhna nindes ka jalma nu miskin jeung balangsak, sarta nipu jeung teu adil ka urang asing nu matuh di dinya.’
30 ”’Di antara maranéhna, Kuring néangan jalma nu bisa ngoméan éta témbok batu atawa nangtung hareupeun Kuring di bagian témbok nu geus bobol pikeun ngajaga éta nagri ngarah teu dibinasakeun ku Kuring. Tapi, Kuring teu manggih saurang-urang acan. 31 Jadi, Kuring rék numplekkeun amarah Kuring sarta ngabinasakeun maranéhna ku amarah Kuring nu ngagedur kawas seuneu. Maranéhna rék disina ngarasakeun balukar tina kalakuanana,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”