Yéhézkiél
33 Geus kitu, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, béjakeun kieu ka jalma-jalma nu sabangsa jeung manéh,
”’Upamana Kuring ngantep hiji nagri diserang, tuluy rahayat éta nagri milih hiji jalma pikeun jadi tukang jaga. 3 Terus waktu ningali musuh rék narajang éta nagri, manéhna niup tarompét tanduk jeung méré paringetan ka jalma-jalma. 4 Lamun hiji jalma ngadéngé sora éta tarompét tanduk tapi teu nurut kana paringetanana, tuluy musuh datang maéhan manéhna, nya manéhna paéh téh ku lantaran kasalahanana sorangan. 5 Bongan saha manéhna ngadéngé sora tarompét tanduk, tapi teu nurut kana paringetanana. Manéhna paéh téh ku lantaran salahna sorangan. Coba lamun manéhna nurut kana éta paringetan, nyawana pasti salamet.
6 ”’Béda lamun éta tukang jaga ningali musuh datang, tapi teu niup tarompét tanduk sarta teu méré paringetan ka rahayat. Waktu musuh datang tuluy maéhan salah saurang ti rahayat, éta jalma bakal paéh ku lantaran kasalahanana sorangan. Tapi, Kuring bakal ménta si tukang jaga tanggung jawab kana nyawa* éta jalma.’
7 ”Anak manusa, manéh ku Kuring diangkat pikeun jadi tukang jaga keur urang Israél. Waktu ngadéngé firman ti Kuring, manéh kudu nepikeun paringetan ti Kuring ka maranéhna. 8 Lamun Kuring ngomong ka jalma nu jahat, ’Éh jalma jahat, manéh pasti paéh,’ tapi manéhna teu dibéré paringetan ku manéh supaya ngarobah kalakuanana, manéhna bakal paéh ku lantaran kasalahanana sorangan, da manéhna téh jalma jahat. Tapi, Kuring bakal ménta manéh tanggung jawab kana nyawa* éta jalma. 9 Lamun manéh geus méré paringetan ka jalma nu jahat pikeun tobat tina kajahatanana, tapi manéhna teu daék tobat, nya manéhna bakal paéh ku lantaran kasalahanana sorangan. Ari manéh mah tangtu salamet.
10 ”Anak manusa, béjakeun kieu ka urang Israél, ’Maranéh pernah ngomong kieu, ”Urang téh kacida sangsarana lantaran boga dosa gedé sarta geus barontak. Mun kieu mah kumaha urang bisa tetep hirup?”’ 11 Béjakeun kieu ka maranéhna, ’Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Demi Kuring nu hirup, Kuring teu resep ningali jalma jahat paéh. Kuring leuwih resep lamun jalma jahat ngarobah lalampahanana sarta tetep hirup. Éh urang Israél, geura tarobat, geura tarobat tina lalampahan maranéh nu jahat ngarah maranéh teu paéh.”’
12 ”Anak manusa, béjakeun kieu ka jalma-jalma nu sabangsa jeung manéh, ’Lamun jalma bener barontak, lalampahanana nu bener moal bakal nyalametkeun manéhna. Lamun jalma jahat tobat tina kalakuanana nu jahat, kajahatanana nu enggeus-enggeus moal ngalantarankeun manéhna paéh. Kitu deui, dina poéan jalma bener nyieun dosa, lalampahanana nu bener moal bakal nyalametkeun manéhna. 13 Waktu Kuring ngomong ka jalma nu bener, ”Manéh tangtu bakal tetep hirup,” tuluy manéhna ngalampahkeun nu salah,* lalampahanana nu bener moal diinget-inget deui, sanajan manéhna yakin yén lalampahanana nu bener téh bakal nyalametkeun manéhna. Sabalikna, manéhna bakal paéh ku lantaran geus ngalampahkeun nu salah.
14 ”’Tuluy lamun Kuring ngomong ka jalma jahat, ”Manéh tangtu bakal paéh”, tapi manéhna tobat tina dosana sarta ngalampahkeun nu adil jeung bener, 15 geus kitu manéhna mulangkeun barang jaminan, mulangkeun barang nu geus dirampog ku manéhna, jeung ngajalankeun aturan nu nungtun kana hirup sarta eureun ngalampahkeun nu salah, manéhna tangtu bakal tetep hirup, moal paéh. 16 Dosana moal bakal diinget-inget deui. Manéhna bakal tetep hirup lantaran ngalampahkeun nu adil jeung bener.’
17 ”Tapi bangsa manéh ngomong, ’Tindakan Yéhuwa téh teu adil,’ padahal tindakan maranéhna nu teu adil téh.
18 ”Lamun jalma bener geus henteu ngalampahkeun nu bener sarta kalah ka ngalampahkeun nu salah, manéhna kudu paéh. 19 Tapi lamun jalma jahat tobat tina kajahatanana tuluy ngalampahkeun nu adil jeung bener, manéhna bakal tetep hirup.
20 ”Sanajan kitu maranéh ngomong, ’Tindakan Yéhuwa téh teu adil.’ Éh urang Israél, maranéh masing-masing rék dihukum ku Kuring satimpal jeung kalakuan maranéh.”
21 Tungtungna dina poé ka-5, bulan ka-10, taun ka-12 ti saprak abdi sadaya diboyong, hiji jalma nu lolos ti Yérusalém datang ka abdi tuluy ngomong kieu, ”Kota téh geus rugrug!”
22 Peuting saacan éta jalma datang, abdi ngarasakeun kawasa* Yéhuwa sarta disina bisa ngomong deui ku Anjeunna. Isukna isuk-isuk, waktu éta jalma datang, abdi geus teu pireu deui.
23 Geus kitu, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka abdi, saur-Na, 24 ”Anak manusa, penduduk kota-kota nu geus rugrug ngomong kieu ngeunaan nagri Israél, ’Ibrahim nu ngan saurang waé gé bisa ngamilik éta nagri, komo deui urang nu lobaan. Éta nagri tangtu jadi milik urang.’
25 ”Ku kituna, sok ngomong kieu ka maranéhna, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Maranéh ngadahar daging jeung getih-getihna. Maranéh gé ngandelkeun berhala-berhala maranéh nu pikageuleuheun* sarta terus maéhan jalma-jalma. Jadi, pantes kitu maranéh ngamilik éta nagri? 26 Maranéh ngandelkeun pedang, ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun, sarta masing-masing nganajisan pamajikan sasamana. Jadi, pantes kitu maranéh ngamilik éta nagri?”’
27 ”Manéh kudu ngomong kieu ka maranéhna, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Demi Kuring nu hirup, kabéh nu matuh di kota-kota nu geus rugrug bakal paéh ku pedang, nu aya di tegalan rék dijadikeun parab keur sato-sato galak, sarta nu aya di bénténg-bénténg jeung guha-guha bakal paéh ku panyakit. 28 Éta nagri ku Kuring bakal dijadikeun bener-bener ancur jeung kalantar, kasombonganana bakal dieureunkeun, sarta gunung-gunung di Israél bakal disina kalantar, moal aya saurang-urang acan nu ngaliwat ka dinya. 29 Waktu éta nagri ku Kuring dijadikeun bener-bener garing jeung kalantar ku lantaran sakabéh hal pikaijideun nu dilampahkeun ku maranéhna, maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.”’
30 ”Anak manusa, bangsa manéh pada ngaromongkeun manéh di gigireun témbok jeung di lawang panto imah. Maranéhna ngomong kieu ka pada dulurna, ’Hayu urang dangukeun firman Yéhuwa.’ 31 Maranéhna karumpul diuk hareupeun manéh kawas nu enya waé umat Kuring. Omongan manéh bakal didéngékeun, tapi moal bakal dilampahkeun. Biwirna mah muji-muji ka manéh, ari haténa sarakah jeung hayang nyiar kauntungan ku cara nu teu jujur. 32 Keur maranéhna mah manéh téh kawas jalma nu ngawihkeun lagu asmara, nu sorana ngeunaheun sarta jago nabeuh alat musik nu maké senar. Omongan manéh bakal didéngékeun, tapi moal bakal dilampahkeun. 33 Waktu omongan manéh jadi kanyataan, sarta éta pasti bakal jadi kanyataan, kakara maranéhna bakal nyaho yén aya nabi di antara maranéhna.”