Yéhézkiél
37 Abdi ngarasakeun kawasa Yéhuwa. Ku kawasa suci Yéhuwa, abdi dibawa tuluy diturunkeun di tengah lebak nu pinuh ku tulang-taléng. 2 Allah miwarang abdi ngurilingan éta lebak. Tulang-taléng téh kacida réana jeung geus gararing, pabalatak di éta lebak. 3 Anjeunna naros kieu ka abdi, ”Anak manusa, bisa teu ieu tulang-taléng hirup deui?” Ku abdi dijawab, ”Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, mung Gusti anu terang.” 4 Jadi Anjeunna nyarios kieu, ”Sok ngaramal ngeunaan ieu tulang-taléng, omongkeun kieu, ’Hé tulang-taléng nu garing, déngékeun firman Yéhuwa,
5 ”’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ka ieu tulang-taléng, ”Kuring rék méré napas ka maranéh ngarah maranéh hirup deui. 6 Ku Kuring rék dilengkepan ku urat jeung daging, ditutupan ku kulit, sarta dibéré napas, ngarah maranéh hirup deui. Geus kitu mah maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.”’”
7 Seug abdi ngaramal sakumaha nu diparéntahkeun. Teu lila sanggeus abdi ngaramal, kadéngé tulang-taléng téh disarada trak-trék-trok tuluy mimiti nyararambung. 8 Geus kitu, tulang-taléng téh katutup ku urat jeung daging tuluy dilapis ku kulit, tapi napasna mah can aya.
9 Anjeunna nyarios kieu ka abdi, ”Anak manusa, pék ngaramal ka angin. Pék ngaramal tuluy ngomong kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Éh angin, sok daratang ti opat juru,* tiup ieu jalma-jalma nu maraot sina harirup deui.”’”
10 Jadi, abdi nepikeun ramalan sakumaha nu diparéntahkeun. Sup napas téh arasup ka maranéhna. Maranéhna harirup deui tuluy narangtung. Jumlah maranéhna téh kawas pasukan nu kacida gedéna.
11 Geus kitu, Anjeunna nyarios ka abdi, ”Anak manusa, ieu téh tulang-taléng sakabéh urang Israél. Ceuk maranéhna, ’Tulang-taléng abdi sadaya geus gararing, harepan gé geus sirna. Abdi sadaya geus bener-bener diancurkeun.’ 12 Jadi, sok ngaramal, béjakeun kieu ka maranéhna, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Éh umat Kuring, Kuring rék muka kuburan-kuburan maranéh sarta ngaluarkeun maranéh ti dinya. Maranéh rék dibawa ku Kuring ka nagri Israél. 13 Éh umat Kuring, waktu Kuring muka kuburan-kuburan maranéh sarta ngaluarkeun maranéh ti dinya, maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.”’ 14 ’Maranéh rék dibéré kawasa suci Kuring sina harirup deui. Maranéh bakal nyicingan nagri maranéh. Ari geus kitu mah maranéh bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu sarta geus ngalaksanakeunana,’ ceuk Yéhuwa.”
15 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 16 ”Anak manusa, cokot hiji tongkat tuluy tulisan kieu, ’Yéhuda sarta urang Israél nu bareng jeung manéhna.’ Geus kitu, cokot hiji tongkat deui tuluy tulisan kieu, ’Yusuf, nyaéta tongkat Éfraim, sarta kabéh urang Israél nu bareng jeung manéhna.’ 17 Terus, dua tongkat éta téh deukeutkeun ngarah jadi kawas hiji tongkat dina leungeun manéh. 18 Lamun bangsa manéh nanya, ’Naon pihartieunana ieu kabéh téh?’ 19 Béjakeun kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Kuring rék nyokot tongkat Yusuf, nu aya dina leungeun Éfraim, sarta kaom-kaom Israél nu bareng jeung manéhna. Tongkatna rék dihijikeun jeung tongkat Yéhuda. Duanana ku Kuring rék dijadikeun hiji tongkat. Duanana bakal jadi hiji dina panangan Kuring.”’ 20 Tongkat-tongkat nu geus ditulisan téh kudu dicekel ku manéh ngarah katempo ku maranéhna.
21 ”Geus kitu béjakeun kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Kuring rék mawa urang Israél ti bangsa-bangsa nu didatangan ku maranéhna. Maranéhna rék dikumpulkeun ti unggal juru tuluy dibawa balik ka nagri maranéhna. 22 Maranéhna rék dijadikeun hiji bangsa di éta nagri, nyaéta di gunung-gunung Israél, sarta maranéhna bakal diparéntah ku hiji raja. Maranéhna moal jadi dua bangsa deui atawa dipecah jadi dua karajaan. 23 Maranéhna moal nganajiskeun diri deui ku berhala-berhalana nu pikageuleuheun,* kalakuanana nu pikaijideun, jeung kabéh kasalahanana. Kuring rék ngabantu maranéhna nyingkirkeun lalampahanana nu teu satia, nu ngalantarankeun maranéhna boga dosa. Maranéhna rék dibersihan ku Kuring. Maranéhna bakal jadi umat Kuring, sarta Kuring bakal jadi Allah maranéhna.
24 ”’”Daud* hamba Kuring bakal jadi raja maranéhna. Maranéhna kabéh bakal boga hiji pangangon. Maranéhna bakal ngajalankeun putusan hukum Kuring sarta bener-bener nurut kana aturan-aturan Kuring. 25 Maranéhna bakal matuh di nagri nu dibikeun ku Kuring ka Yakub hamba Kuring, nagri tempat matuh karuhun maranéhna. Maranéhna, kitu deui anak-incuna, bakal matuh di dinya salawasna. Daud hamba Kuring bakal jadi pamingpin maranéhna salilana.
26 ”’”Kuring bakal nyieun perjangjian ngeunaan katengtreman jeung maranéhna. Éta bakal jadi perjangjian nu langgeng. Kuring rék méré nagri ka maranéhna, ku kituna maranéhna bakal jadi beuki loba. Kuring gé bakal nempatkeun tempat suci Kuring di antara maranéhna salilana. 27 Kémah* Kuring bakal aya bareng jeung maranéhna. Kuring bakal jadi Allah maranéhna, sarta maranéhna bakal jadi umat Kuring. 28 Waktu tempat suci Kuring aya di antara maranéhna pikeun salilana, bangsa-bangsa bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, nu nyucikeun Israél.”’”