Yéhézkiél
4 ”Anak manusa, geura cokot batu bata tuluy teundeun hareupeun manéh. Sok ukir kota Yérusalém dina éta batu. 2 Manéh kudu api-api ngepung éta kota. Di sakurilingna, jieun témbok, gundukan taneuh pikeun ngepung, pakémahan tentara, jeung pakakas-pakakas panggedor. 3 Cokot katél cépér tina beusi, tuluy tangtungkeun antara manéh jeung éta kota, supaya éta katél téh jadi kawas témbok beusi. Beungeut manéh kudu nyanghareup ka éta kota. Éta kota téh diupamakeun keur dikepung ku manéh. Ieu téh tanda keur urang Israél.
4 ”Geus kitu, manéh kudu nyangkéré ka beulah kénca sarta nanggung kasalahan urang Israél. Lilana manéh nanggung kasalahan maranéhna téh nya salila manéh nyangkéré ka beulah kénca. 5 Manéh kudu ngalampahkeun éta salila 390 poé, nurutkeun jumlah taun maranéhna ngalampahkeun dosa. Manéh bakal nanggung kasalahan urang Israél. 6 Éta kudu dilampahkeun ku manéh nepi ka anggeus.
”Geus kitu, manéh kudu nyangkéré deui, tapi ayeuna mah ka beulah katuhu. Manéh kudu nanggung kasalahan urang Yéhuda salila 40 poé. Sapoé keur sataun, sakumaha nu geus ditetepkeun ku Kuring keur manéh. 7 Beungeut manéh kudu nyanghareup ka Yérusalém nu keur dikepung, sarta leungeun baju manéh kudu digulung. Ucapkeun ramalan ngeunaan éta kota.
8 ”Supaya manéh teu bisa malik ti sisi nu ieu ka sisi nu itu, awak manéh ku Kuring rék ditalian nepi ka manéh bérés ngepung éta kota.
9 ”Cokot gandum, barli, kacang babi, kacang miju, jawawut, jeung sisikian séjén.* Teundeun éta kabéh dina hiji wadah, tuluy jadikeun roti keur manéh. Éta bakal jadi dahareun manéh salila manéh nyangkéré ka beulah kénca, nyaéta 390 poé. 10 Roti nu rék didahar téh kudu ditimbang. Unggal poéna, manéh ngan meunang ngadahar kira-kira 230 gram.* Éta kudu didahar dina waktu nu geus ditangtukeun.
11 ”Manéh gé ngan meunang nginum cai dua cangkir.* Éta kudu diinum dina waktu nu geus ditangtukeun.
12 ”Dahar éta roti kawas manéh ngadahar roti barli bunder. Hareupeun jalma-jalma, éta kudu dipanggang luhureun kokotor manusa nu geus garing.” 13 Geus kitu Yéhuwa nyarios, ”Tah, roti nu najis kawas kitu nu bakal didahar ku urang Israél di antara bangsa-bangsa tempat maranéhna dipabalencarkeun ku Kuring.”
14 Abdi némbalan, ”Ulah kitu, nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. Ti ngongora dugi ka ayeuna, abdi can pernah nganajiskeun diri ku dahareun. Abdi can pernah ngadahar daging tina bangké sato atawa tina sato nu paéhna disasaak. Abdi can pernah ngadahar daging nu dianggap najis.”
15 Jadi Anjeunna nyarios, ”Heug ari kitu mah. Manéh meunang maké kokotor sapi, teu kudu maké kokotor manusa. Roti téh kudu dipanggang luhureunana.” 16 Geus kitu Anjeunna nyarios deui, ”Anak manusa, pasadiaan dahareun nu aya di Yérusalém téh ku Kuring rék dikurangan.* Waktu rék dahar jeung nginum, jalma-jalma téh bakal hariwang pisan. Jadi maranéhna bakal naker heula, da sieun béakkeun jang isukna. 17 Éta tangtu bakal kajadian. Ku lantaran kakurangan dahareun jeung cai, maranéhna bakal silih pelong pada baturna bakating ku héran. Ahirna, maranéhna paéh ku lantaran kasalahanana.