Yéhézkiél
47 Geus kitu, abdi dibawa balik ka lawang asup bait. Di dinya, abdi ningali aya cai ngocor ti handap lawang asup bait ka arah wétan, sabab bagian hareup bait téh nyanghareupna ka wétan. Caina ngocor turun ti bait, nyaéta ti katuhueun bait, kiduleun mézbah.
2 Tuluy, abdi dibawa kaluar ngaliwatan gerbang kalér, terus nguriling nepi ka gerbang luar nu nyanghareup ka wétan. Di dinya, aya walungan leutik katuhueun gerbang.
3 Terus, manéhna indit ka arah wétan bari mawa tali paranti ngukur. Walungan téh ku manéhna diukur kira-kira 500 méter.* Tuluy abdi dititah meuntasan éta walungan, jerona walungan téh ngan semet mumuncangan.
4 Ti dinya, manéhna ngukur deui éta walungan kira-kira 500 méter. Tuluy abdi dititah meuntasan éta walungan, jerona satuur.
Manéhna ngukur deui éta walungan kira-kira 500 méter. Tuluy abdi dititah meuntasan éta walungan, jerona sacangkéng.
5 Manéhna ngukur deui kira-kira 500 méter. Di dinya mah caina téh ngagulidag nepi ka teu bisa dipeuntasan. Walungan téh jero pisan, caina gé ngagulidag. Jadi mun rék dipeuntasan téh kudu ngojay, teu bisa leumpang.
6 Manéhna nanya, ”Anak manusa, katempo ku manéh?”
Geus kitu, tina cai téh abdi dititah leumpang ka sisi. 7 Sanggeus abdi aya di sisi, abdi ningali aya loba pisan tangkal di dua sisi walungan. 8 Geus kitu manéhna ngomong, ”Cai téh ngocor ka daérah wétan, terus ka Araba, tungtungna ka laut. Lamun geus nepi ka laut, cai laut bakal jadi seger. 9 Ka mana waé éta cai ngocor, loba mahluk bakal bisa hirup di dinya. Bakal aya loba pisan lauk, lantaran caina ngocor ka dinya. Cai laut bakal jadi seger. Ka mana waé caina ngocor, kabéhanana bakal hirup.
10 ”Para nalayan bakal narangtung di sisi laut, ti Én-gédi nepi ka Én-églaim. Di dinya, bakal aya tempat paranti moékeun jaring. Sagala rupa lauk bakal aya di dinya, saperti nu aya di Laut Tengah.
11 ”Di éta laut bakal aya rawa-rawa jeung tempat nu pinuh ku leutak, nu caina diantep tetep asin, moal bakal jadi seger.
12 ”Di sapanjang sisi walungan kénca-katuhu, bakal jaradi rupa-rupa tangkal buah. Daunna moal layu, buahanana gé moal aya eureunna. Unggal bulan bakal aya buah anyar, lantaran caina ngocor ti tempat suci. Buahna bakal jadi dahareun, daunna bakal jadi ubar.”
13 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Ieu daérah nu bakal dibagi-bagi ku maranéh ka 12 kaom Israél pikeun jadi warisan. Ngan Yusuf nu bakal meunang dua bagian. 14 Maranéh bakal ngawaris ieu tanah, ukuranana sarua kabéh. Kuring geus sumpah rék mikeun ieu tanah ka karuhun maranéh. Ayeuna, ieu tanah dibikeun ka maranéh jadi warisan.
15 ”Ieu wates daérah di beulah kalér: Ti Laut Tengah, terus ka jalan nu brasna ka Hétlon, terus deui ka Zédad, 16 Hamat, Bérota, jeung Sibraim, nu aya di antara daérah Damaskus jeung daérah Hamat, terus ka Hazér-hatikon, nu aya di deukeut wates Hauran. 17 Jadi, watesna téh ti laut nepi ka Hazar-énon, nyaéta ti wates Damaskus di kalér, jeung ka wates Hamat. Ieu kabéh téh wates beulah kalér.
18 ”Wates beulah wétan téh nyaéta ti daérah di antara Hauran jeung Damaskus, terus nepi ka Walungan Yordan nu aya di antara Giléad jeung nagri Israél. Maranéh kudu ngukur ti wates kalér nepi ka laut beulah wétan.* Ieu kabéh téh wates beulah wétan.
19 ”Wates beulah kidul téh nyaéta ti Tamar nepi ka cinyusu Méribat-kadés. Ti dinya ka Wadi,* terus ka Laut Tengah. Ieu kabéh téh wates beulah kidul.
20 ”Wates beulah kulon téh nyaéta Laut Tengah, ti wates kidul terus nepi ka peuntaseun Lébo-hamat.* Ieu kabéh téh wates beulah kulon.”
21 ”Maranéh kudu ngabagi-bagi ieu tanah di antara maranéh, di antara 12 kaom Israél. 22 Ieu tanah kudu dibagi-bagi jadi warisan di antara maranéh jeung urang asing nu maratuh jeung maranéh, nu baroga anak salila cicing bareng jeung maranéh. Maranéhna kudu dianggap jadi kawas urang Israél asli. Maranéhna bakal narima tanah warisan di antara kaom-kaom Israél bareng jeung maranéh. 23 Ari urang asing kudu dibéré tanah warisan di daérah kaom tempat manéhna matuh,” saur Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.