Yéhézkiél
6 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, sok nyanghareup ka gunung-gunung Israél. Pék ngaramal* ngeunaan gunung-gunung éta. 3 Béjakeun kieu, ’Hé gunung-gunung Israél, déngékeun firman Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ka gunung-gunung, pasir-pasir,* walungan-walungan, jeung lebak-lebak, ”Kuring rék ngadatangkeun pedang ka maranéh. Tempat-tempat pamujaan maranéh rék diancurkeun, 4 mézbah-mézbah rék dirugrugkeun, wadah-wadah dupa rék diremukkeun. Jalma-jalma nu geus paraéh rék dialung-alungkeun ka hareupeun berhala-berhala maranéh nu pikageuleuheun.* 5 Kuring rék ngalungkeun mayit-mayit urang Israél ka hareupeun berhala-berhala maranéh nu pikageuleuheun. Tulang-taléng maranéh bakal pabalatak sakurilingeun mézbah-mézbah maranéh. 6 Di sakabéh tempat matuh maranéh, kota-kota maranéh bakal rugrug, tempat-tempat pamujaan bakal ancur lebur. Mézbah-mézbah maranéh bakal remuk jeung ancur, berhala-berhala maranéh nu pikageuleuheun bakal musna, wadah-wadah dupa bakal diancurkeun, sarta sagala rupa jijieunan maranéh bakal sirna. 7 Jalma-jalma nu dipaéhan bakal pabalatak di tengah-tengah maranéh. Geus kitu, maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.
8 ”’”Tapi, ti antara maranéh aya nu rék disésakeun ku Kuring. Waktu maranéh dipabalencarkeun ka nagri-nagri séjén tuluy matuh di antara bangsa-bangsa, sababaraha ti antara maranéh bakal luput tina pedang. 9 Waktu nu laluput ditawan di antara bangsa-bangsa, maranéhna bakal inget ka Kuring. Maranéhna bakal sadar yén Kuring téh nyeri haté lantaran maranéhna teu satia. Maranéhna geus nonggongan ka Kuring jeung hayang pisan nyembah ka berhala-berhala nu pikageuleuheun. Maranéhna bakal éra jeung geuleuh ka diri sorangan lantaran geus ngalampahkeun nu jahat jeung nu pikaijideun. 10 Maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa. Maranéhna gé bakal nyaho yén musibat nu rék ditibankeun ku Kuring téh lain ancaman kosong.”’
11 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Sok kekeprokan jeung ténjrag-ténjragkeun suku nandakeun manéh sedih pisan. Pék gegerungan ku lantaran sakabéh kajahatan sarta hal-hal pikaijideun nu dilampahkeun ku urang Israél. Maranéhna bakal paéh ku pedang, ku kalaparan, jeung ku wabah panyakit. 12 Nu jauh bakal paéh ku wabah panyakit, nu deukeut bakal paéh ku pedang. Ari sésana, nu laluput, bakal paéh ku kalaparan. Kuring rék numplekkeun sakabéh amarah Kuring ka maranéhna. 13 Jalma-jalma nu diparaéhan bakal pabalatak di antara berhala-berhala nu pikageuleuheun, di sakuriling mézbah, di unggal puncak pasir, di sakabéh puncak gunung, di handap unggal tangkal nu gomplok daunna, sarta di handap dahan tangkal gedé tempat maranéhna ngabaktikeun seuseungitan pikeun nyenangkeun berhala-berhalana nu pikageuleuheun. Dina waktu éta, maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa. 14 Ku kawasa Kuring, Kuring rék ngahukum maranéhna sarta ngalantarankeun nagrina kalantar. Kabéh tempat matuhna bakal jadi leuwih kalantar tibatan tanah gurun deukeut Dibla. Maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’”