PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 7
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Ahir éta geus datang (1-27)

        • Musibat nu can pernah kajadian (5)

        • Duit dialung-alungkeun ka jalan (19)

        • Bait dinajiskeun (22)

Yéhézkiél 7:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yéh 5:11
  • +Yér 16:18; Yéh 16:43
  • +Yéh 6:13

Yéhézkiél 7:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Raj 21:12; Dan 9:12

Yéhézkiél 7:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Zéf 1:14

Yéhézkiél 7:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 34:21
  • +Yér 7:20; Yéh 5:13

Yéhézkiél 7:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 13:14
  • +Yés 66:6; Yéh 33:29

Yéhézkiél 7:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Zéf 1:14

Yéhézkiél 7:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 59:6; Yér 6:7; Mi 6:12

Yéhézkiél 7:12

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, boh nu meuli boh nu ngajual tanah moal meunang untung, da kabéhanana bakal keuna musibat.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Zéf 1:18

Yéhézkiél 7:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Sanajan maké cara licik”.

Yéhézkiél 7:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 4:5
  • +Yér 7:20; 12:12

Yéhézkiél 7:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 26:25
  • +Yér 14:18; Yéh 5:12

Yéhézkiél 7:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 59:11

Yéhézkiél 7:17

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, baraseuh ku cikiih bakating ku sieun.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yéh 21:7

Yéhézkiél 7:18

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, digundulan lantaran sungkawa.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 3:24
  • +Yés 22:12

Yéhézkiél 7:19

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, pérak jeung emas.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Sil 11:4; Zéf 1:18

Yéhézkiél 7:20

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, barang-barang tina emas jeung pérak.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Raj 21:1, 7; Yér 7:30

Yéhézkiél 7:21

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, pérak jeung emas nu dipaké ku maranéhna pikeun nyieunan berhala.

Yéhézkiél 7:22

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, umat Allah.

  • *

    Katingalina ngamaksudkeun Rohangan Mahasuci di bait Yéhuwa.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 18:17
  • +2Bab 36:19; Tan 1:10

Yéhézkiél 7:23

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, ranté pikeun ngaboyong.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 39:6, 7; Tan 3:7
  • +2Raj 21:16; 24:3, 4; Yér 2:34; Yéh 9:9
  • +Yés 59:6; Mi 2:2

Yéhézkiél 7:24

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 28:48-51; Yéh 21:31; Hab 1:6
  • +Yér 6:12; Tan 5:2
  • +Yéh 21:2

Yéhézkiél 7:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 57:21; Yér 8:15

Yéhézkiél 7:26

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”pituduh”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 21:1, 2; 37:17
  • +Jab 74:9; Tan 2:9; Yéh 20:3

Yéhézkiél 7:27

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 52:10
  • +Yéh 6:13

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Yéh. 7:4Yéh 5:11
Yéh. 7:4Yér 16:18; Yéh 16:43
Yéh. 7:4Yéh 6:13
Yéh. 7:52Raj 21:12; Dan 9:12
Yéh. 7:7Zéf 1:14
Yéh. 7:82Bab 34:21
Yéh. 7:8Yér 7:20; Yéh 5:13
Yéh. 7:9Yér 13:14
Yéh. 7:9Yés 66:6; Yéh 33:29
Yéh. 7:10Zéf 1:14
Yéh. 7:11Yés 59:6; Yér 6:7; Mi 6:12
Yéh. 7:12Zéf 1:18
Yéh. 7:14Yér 4:5
Yéh. 7:14Yér 7:20; 12:12
Yéh. 7:15Ima 26:25
Yéh. 7:15Yér 14:18; Yéh 5:12
Yéh. 7:16Yés 59:11
Yéh. 7:17Yéh 21:7
Yéh. 7:18Yés 3:24
Yéh. 7:18Yés 22:12
Yéh. 7:19Sil 11:4; Zéf 1:18
Yéh. 7:202Raj 21:1, 7; Yér 7:30
Yéh. 7:22Yér 18:17
Yéh. 7:222Bab 36:19; Tan 1:10
Yéh. 7:23Yér 39:6, 7; Tan 3:7
Yéh. 7:232Raj 21:16; 24:3, 4; Yér 2:34; Yéh 9:9
Yéh. 7:23Yés 59:6; Mi 2:2
Yéh. 7:24Pam 28:48-51; Yéh 21:31; Hab 1:6
Yéh. 7:24Yér 6:12; Tan 5:2
Yéh. 7:24Yéh 21:2
Yéh. 7:25Yés 57:21; Yér 8:15
Yéh. 7:26Yér 21:1, 2; 37:17
Yéh. 7:26Jab 74:9; Tan 2:9; Yéh 20:3
Yéh. 7:27Yér 52:10
Yéh. 7:27Yéh 6:13
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 7:1-27

Yéhézkiél

7 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ngeunaan nagri Israél, ’Ahir téh geus datang! Éta nagri geus téréh tepi kana ahirna. 3 Ahir manéh geus datang. Kuring rék numplekkeun amarah Kuring ka manéh. Kuring rék ngahakiman manéh luyu jeung kalakuan manéh sarta ngahukum manéh ku lantaran tindakan manéh nu pikaijideun. 4 Kuring moal karunya moal paduli.+ Kuring rék ngabales manéh luyu jeung kalakuan manéh sorangan. Manéh bakal ngarasakeun balukar tina tindakan manéh nu pikaijideun.+ Manéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’+

5 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Musibat bakal datang, musibat nu can pernah kajadian.+ 6 Ahir téh geus téréh. Ahir éta bakal datang. Éta bakal ujug-ujug narajang ka manéh. Éta téréh datang. 7 Éh penduduk ieu nagri, giliran manéh geus datang. Waktuna geus téréh, poéna geus deukeut.+ Jalma-jalma bingung, moal kadéngé deui surak gumbira di gunung-gunung.

8 ”’Moal lila deui, Kuring rék ngabudalkeun amarah Kuring ka manéh.+ Kuring rék numplekkeun kabéh amarah Kuring ka manéh.+ Kuring rék ngahakiman manéh luyu jeung kalakuan manéh sarta ngahukum manéh ku lantaran tindakan manéh nu pikaijideun. 9 Kuring moal karunya moal paduli.+ Kuring rék ngabales manéh luyu jeung kalakuan manéh sorangan. Manéh bakal ngarasakeun balukar tina tindakan manéh nu pikaijideun. Manéh bakal nyaho yén nu ngahukum téh Kuring, Yéhuwa.+

10 ”’Poé éta geus datang! Geus téréh!+ Giliran manéh geus datang. Tongkat nu rék dipaké pikeun ngahukum manéh geus siap. Musuh manéh geus beuki sombong. 11 Katelengesan geus jadi tongkat pikeun ngahukum kajahatan.+ Moal aya nu salamet. Kakayaan, jalma réa, atawa kadigjayaan moal aya nu nyésa. 12 Waktuna bakal datang, poéna geus téréh. Nu meuli ulah gumbira, nu ngajual ulah sedih, da kabéhanana bakal diamuk ku amarah Kuring.*+ 13 Naon nu geus dijual moal bakal balik deui ka nu ngajualna, sanajan manéhna hirup kénéh, sabab éta titingalian téh bakal kaalaman ku kabéh jalma. Moal aya nu bakal balik deui. Ku lantaran kasalahanana,* moal aya nu bisa nyalametkeun hirupna sorangan.

14 ”’Tarompét geus ditiup,+ kabéh jalma geus siap, tapi euweuh saurang-urang acan nu maju perang, lantaran Kuring ambek ka sakabéh jalma.+ 15 Di luar aya pedang,+ di jero aya wabah panyakit jeung kalaparan. Saha waé nu aya di tegalan bakal paéh ku pedang, ari nu di jero kota bakal paéh ku kalaparan jeung wabah panyakit.+ 16 Jalma-jalma nu salamet bakal kabur ka gunung-gunung. Kawas japati di lebak, maranéhna masing-masing bakal ngagerung nyeungceurikan kasalahanana sorangan.+ 17 Leungeun maranéhna kabéh bakal ngaraplék, tuurna bakal baraseuh.*+ 18 Maranéhna maraké kaén goni,+ sakujur awak ngadégdég. Kabéh jalma bakal diéra-éra, sirahna digarundulan kabéh.*+

19 ”’Pérakna bakal dialung-alungkeun ka jalan, emasna bakal dipikaijid ku maranéhna. Boh pérak boh emas, moal bisa nyalametkeun maranéhna dina poé amarah Yéhuwa.+ Maranéhna moal sugema moal seubeuh, sabab éta kabéh* geus nungtun maranéhna kana dosa. 20 Padahal, baheula mah maranéhna téh aragul ku perhiasan nu aralus. Éta kabéh dijieun jadi patung-patung nu pikaijideun, berhala-berhala nu pikageuleuheun.+ Matakna, maranéhna ku Kuring rék disina ijid ka éta kabéh.* 21 Éta kabéh* ku Kuring rék diserahkeun ka urang asing pikeun jadi jarahan sarta ka jalma jahat pikeun jadi rampasan. Éta kabéh ku maranéhna bakal dinajiskeun.

22 ”’Kuring rék nonggongan ka maranéhna.*+ Tempat Kuring nu buni* bakal dinajiskeun. Rampog bakal asup jeung nganajisan éta tempat.+

23 ”’Siapkeun ranté,*+ sabab sakuliah nagri pinuh ku getih jalma-jalma nu dihukum ku cara nu teu adil,+ sarta kota pinuh ku katelengesan.+ 24 Kuring bakal ngadatangkeun jalma-jalma nu pangjahatna ti bangsa-bangsa.+ Imah-imah bakal direbut ku maranéhna,+ kasombongan jalma nu kuat bakal dieureunkeun, sarta tempat-tempat suci bakal dinajiskeun.+ 25 Waktu kasangsaraan datang, maranéhna bakal néangan katengtreman, tapi moal manggih.+ 26 Musibat gunta-ganti, béja goréng pasusul-susul. Jalma-jalma bakal tatanya ka nabi ngeunaan titingalian.+ Imam bakal ngajarkeun hukum,* kokolot bakal méré naséhat, tapi nu diajarkeunana téh euweuh gunana.+ 27  Raja bakal sungkawa,+ para pamingpin bakal pegat harepan. Leungeun jalma-jalma di éta nagri bakal ngageter bakating ku sieun. Kuring rék ngabales maranéhna satimpal jeung kalakuanana sarta ngahakiman maranéhna cara maranéhna ngahakiman batur. Ku kituna, maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’”+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun