Yéhézkiél
8 Dina poé kalima, bulan kagenep, taun kagenep,* basa abdi keur diuk pahareup-hareup jeung para pamingpin Yéhuda di imah abdi, abdi ngarasakeun kawasa Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 2 Bréh katingali aya jalma nu kawas seuneu. Ti cangkéng ka handap kawas seuneu, ari ti cangkéng ka luhur kawas cahaya, mani hérang kawas emas bodas.* 3 Geus kitu, aya nu siga leungeun, nyepeng buuk abdi. Tuluy, abdi diangkat ka awang-awang ku hiji kakuatan,* dibawa ka Yérusalém dina titingalian ti Allah. Abdi dibawa ka lawang buruan jero nu nyanghareup ka kalér. Di dinya, aya patung-patung berhala nu ngalantarankeun Allah jadi bendu. 4 Bray katingali kamulyaan Allah Israél, kawas nu ditingali ku abdi basa di lebak téa.
5 Anjeunna nyarios ka abdi, ”Anak manusa, sok tempo ka kalér.” Rét abdi nempo ka kalér, bréh patung-patung nu ngalantarankeun Allah bendu téh aya di dinya, di beulah kalér gerbang deukeut mézbah. 6 Geus kitu, Anjeunna nyarios kieu, ”Anak manusa, katempo ku manéh hal-hal pikaijideun nu dilampahkeun ku urang Israél di dinya? Kacida parahna, pan? Nu matak Kuring ninggalkeun tempat suci Kuring. Tapi, manéh bakal nempo hal-hal pikaijideun nu leuwih parah tibatan éta.”
7 Geus kitu, abdi dibawa ka lawang buruan ku Anjeunna. Abdi ningali aya liang dina témbok. 8 Saur Anjeunna, ”Anak manusa, sok bobol témbokna.” Seug ku abdi dibobol, bréh aya panto. 9 Anjeunna nyarios deui, ”Jung asup, tingali kajahatan jeung hal-hal pikaijideun nu dilampahkeun ku maranéhna di dinya.” 10 Sup abdi asup. Di dinya aya rupa-rupa gambar sasatoan nu ngarayap, sasatoan nu pikageuleuheun, jeung kabéh berhala pikageuleuheun* nu dipuja ku urang Israél. Éta kabéh diukir di sakuriling témbok. 11 Hareupeunana aya 70 kokolot Israél nu keur narangtung, kaasup Yaazania anak Syafan. Masing-masing nyekel wadah dupa, haseup dupana ngebul ka luhur. 12 Tuluy Anjeunna nyarios, ”Anak manusa, katempo ku manéh kumaha kalakuan para kokolot Israél di nu poék? Masing-masing pamér, némbongkeun berhalana di rohangan jero. Ceuk maranéhna, ’Yéhuwa mah teu ningali urang, da Yéhuwa geus ninggalkeun ieu nagri.’”
13 Anjeunna gé nyarios, ”Manéh bakal nempo hal-hal pikaijideun nu leuwih parah tibatan nu dilampahkeun ku maranéhna ayeuna.” 14 Abdi dibawa ka gerbang kalér bumina Yéhuwa. Di dinya, aya awéwé-awéwé keur diuk jeung nyeungceurikan Déwa Tamuz.
15 Tuluy Anjeunna nyarios, ”Anak manusa, katempo ku manéh? Aya kénéh hal-hal pikaijideun nu bakal ditingali ku manéh nu leuwih parah tibatan ieu.” 16 Seug abdi dibawa ka buruan jero bumina Yéhuwa. Di lawang asup bait Yéhuwa, di antara tepas* jeung mézbah, aya 25 lalaki nu nonggongan bait Yéhuwa sarta nyanghareup ka wétan, sarujud nyembah ka panonpoé.
17 Geus kitu Anjeunna nyarios, ”Anak manusa, katempo ku manéh? Urang Yéhuda mah can ngarasa cukup ngalampahkeun hal-hal pikaijideun téh. Maranéhna geus minuhan nagri ku katelengesan jeung teterusan nganyenyeri haté Kuring. Ayeuna, maranéhna gé nyodorkeun hal-hal pikaijideun* hareupeun beungeut Kuring pisan. 18 Jadi, Kuring rék numplekkeun amarah ka maranéhna. Kuring moal karunya moal paduli. Rék ceurik jejeritan gé, maranéhna moal didéngé ku Kuring.