Daniél
10 Dina taun katilu pamaréntahan Korés raja Pérsia, Daniél, nu dibéré ngaran Béltésyazar, narima pesen ti Allah. Éta pesen bisa dipercaya, eusina téh ngeunaan perang gedé. Manéhna ngarti kana éta pesen. Manéhna dibéré pamahaman supaya bisa ngarti naon anu ditempo.
2 Harita abdi, Daniél, geus tilu minggu sungkawa. 3 Salila tilu minggu éta, abdi teu ngadahar dahareun nu ngeunah, teu ngadahar daging atawa nginum cianggur, sarta teu ngaminyakan awak. 4 Dina poé ka-24 bulan ka-1, waktu abdi keur aya di sisi walungan gedé, nyaéta Walungan Tigris,* 5 abdi nempo aya hiji lalaki maké baju linén sarta maké beubeur tina emas ti Ufas. 6 Awakna kawas batu krisolit, beungeutna gumebyar kawas cahaya kilat, panonna kawas obor hurung, leungeun jeung sukuna gugurilapan kawas tambaga meunang ngagosok, sarta sorana ngaguruh kawas sora loba jalma. 7 Ngan abdi, Daniél, nu nempo éta titingalian. Jalma-jalma nu bareng jeung abdi mah henteu. Tapi, maranéhna jadi kacida sieuneunana nepi ka lalumpatan tuluy nyarumput.
8 Abdi ditinggalkeun sorangan. Waktu ningali titingalian nu luar biasa éta, tanaga abdi béak, beungeut sepa, awak gé leuleus. 9 Tuluy éta lalaki ngomong ka abdi. Tapi waktu ngadéngé manéhna ngomong, abdi kapiuhan* bari nangkuban. 10 Ceg aya nu nyekel abdi. Abdi digeuingkeun tuluy dibantuan hudang nepi ka bisa nahan ku tuur jeung dampal leungeun. 11 Manéhna ngomong kieu ka abdi,
”Daniél, jalma nu kacida dipikanyaahna,* perhatikeun naon nu rék diucapkeun ku kuring. Ayeuna sok nangtung. Kuring diutus ka manéh.”
Sanggeus diomongan kitu, abdi nangtung bari ngadégdég.
12 Tuluy manéhna ngomong ka abdi, ”Ulah sieun, Daniél. Ti poé mimiti, ti barang anjeun boga tékad pikeun ngarti kana hal-hal ieu sarta ngarendahkeun diri di payuneun Allah anjeun, doa anjeun tos didangu. Abdi datang téh ku lantaran doa anjeun. 13 Tapi, pamingpin wilayah karajaan Pérsia ngalawan abdi salila 21 poé. Tuluy Mikail,* salah sahiji pamingpin pangluhurna, datang nulungan abdi. Abdi tetep aya di dinya, di antara raja-raja Pérsia. 14 Abdi datang téh rék ngajelaskeun naon nu bakal kajadian ka bangsa anjeun dina panungtungan éta mangsa, sabab éta titingalian téh ngeunaan mangsa ka hareup.”
15 Waktu manéhna ngomong kitu ka abdi, abdi ngeluk teu ngomong saeutik-eutik acan. 16 Geus kitu manéhna nu kawas manusa téh nyabak biwir abdi. Tuluy abdi ngomong ka manéhna, nu nangtung di hareupeun abdi, ”Juragan, abdi ngadégdég jeung leuleus ningali éta titingalian. 17 Abdi tos teu gaduh kakuatan sareng areungap. Jadi, kumaha hamba Juragan ieu badé nyarios ka Juragan?”
18 Ceg nu kawas manusa téh nyekel deui abdi jeung nguatkeun abdi. 19 Ceuk manéhna, ”Jalma nu kacida dipikanyaahna,* ulah sieun. Ulah hariwang. Sing kuat, anjeun kudu kuat.” Waktu manéhna ngomong kitu, abdi jadi kuat. Tuluy abdi ngomong kieu, ”Mangga nyarios, Juragan, sabab Juragan tos nguatkeun abdi.”
20 Tuluy ceuk manéhna, ”Apal teu ku naon abdi ngadatangan anjeun? Ayeuna abdi rék ngalawan deui pamingpin Pérsia. Waktu abdi indit, pamingpin Yunani bakal datang. 21 Tapi abdi rék ngabéjaan naon nu ditulis dina buku bebeneran. Dina hal ieu, ngan Mikail, pamingpin anjeun, nu ngadukung pisan ka abdi.