Daniél
9 Darius anak Ahaswéros turunan urang Média diangkat jadi raja karajaan urang Khaldéa. 2 Dina taun kahiji pamaréntahanana, abdi, Daniél, paham yén nurutkeun buku-buku,* Yérusalém téh bakal kalantar salila 70 taun, sakumaha ucapan Yéhuwa ka Nabi Yérémia. 3 Jadi abdi ngadep ka Yéhuwa Allah nu sajati, sasambat jeung ngadoa ka Anjeunna. Abdi gé puasa, maké kaén goni, jeung ngawuran awak ku lebu. 4 Abdi ngadoa ka Yéhuwa Allah abdi, ngakukeun dosa abdi sadaya,
”Nun Yéhuwa, Gusti téh Allah nu sajati, Allah nu hébat sareng matak tajub, anu nyepeng pageuh perjangjian. Gusti némbongkeun asih satia ka jalma-jalma nu mikanyaah Gusti sarta nu teras ngajalankeun paréntah-paréntah Gusti. 5 Nun Gusti, abdi sadaya tos dosa, salah, ngalampahkeun nu jahat, sareng barontak. Abdi sadaya tos nyimpang tina paréntah sareng hukum Gusti. 6 Abdi sadaya teu ngadangukeun hamba-hamba Gusti, nyaéta para nabi, nu nyarios demi nami Gusti. Aranjeunna nyarios ka para raja, pamingpin, karuhun, sarta ka jalmi-jalmi di nagri abdi sadaya. 7 Nun Yéhuwa, nu dipidamel ku Gusti téh salawasna leres. Tapi, abdi sadaya mah rumaos isin ku diri sorangan, saperti dinten ieu. Urang Yéhuda, penduduk Yérusalém, sareng sadaya urang Israél ku Gusti dipaburencaykeun ka nagri-nagri séjén, boh nu caket boh nu tebih, ku sabab maranéhna teu satia ka Gusti.
8 ”Nun Yéhuwa, abdi sadaya, para raja, pamingpin, sareng karuhun tos dosa ka Gusti. Abdi sadaya rumaos isin. 9 Nun Yéhuwa Allah abdi sadaya, Gusti téh Allah anu welas asih sarta hampuraan najan abdi sadaya tos barontak ka Gusti. 10 Abdi sadaya teu taat kana ucapan Yéhuwa Allah abdi sadaya, teu nurut kana hukum-hukum Gusti nu dipasihkeun ku Gusti ku jalan para nabi, hamba-hamba Gusti. 11 Sadaya urang Israél tos ngalanggar Hukum Gusti. Abdi sadaya tos nyimpang sabab teu taat kana ucapan Gusti. Abdi sadaya tos dosa ka Gusti. Ku sabab kitu, Gusti ngadatangkeun kutukan sareng sumpah nu ditulis dina Hukum Musa, hamba Allah nu sajati. 12 Gusti ngalaksanakeun ucapan Gusti ka abdi sadaya sareng ka para pamingpin anu maréntah abdi sadaya.* Gusti ngadatangkeun hukuman nu beurat ka abdi sadaya. Di kolong langit, teu pernah aya hukuman nu beuratna kawas hukuman ka Yérusalém. 13 Sakumaha nu ditulis dina Hukum Musa, sadaya hukuman éta ninggang ka abdi sadaya. Sanajan kitu, abdi sadaya henteu nyuhunkeun dipikawelas ku Yéhuwa Allah abdi sadaya. Abdi sadaya henteu tobat tina kasalahan sarta teu sadar yén nu diucapkeun ku Gusti téh pasti laksana.*
14 ”Yéhuwa, Gusti teras ngawas-ngawas sarta ngadatangkeun hukuman ka abdi sadaya. Sadaya nu dilaksanakeun ku Yéhuwa Allah abdi sadaya téh salawasna leres. Tapi, abdi sadaya teu taat kana ucapan Gusti.
15 ”Nun Yéhuwa Allah abdi sadaya, Gusti téh nu ngabudalkeun umat Gusti ti tanah Mesir ku panangan Gusti nu kuat. Ku karana Gusti, nami Gusti kamashur dugi ka ayeuna. Abdi sadaya tos dosa sarta ngalampahkeun nu jahat. 16 Nun Yéhuwa, ku sabab Gusti salawasna midamel nu leres, mugia Gusti teu kateterasan bendu, mugia amarah Gusti teu teras ngagedur ka Yérusalém, kota Gusti, gunung suci Gusti. Ku sabab dosa abdi sadaya sarta kasalahan karuhun abdi sadaya, Yérusalém sareng umat Gusti dihina ku jalma-jalma di sakurilingeun. 17 Nun Allah abdi sadaya, dangukeun doa sareng panyambat hamba Gusti ieu. Nun Yéhuwa, demi kamulyaan Gusti, perhatikeun tempat suci Gusti nu ayeuna tos kalantar. 18 Nun Allah abdi, dangukeun. Tingali kasangsaraan abdi sadaya sarta kota nu kalantar, nyaéta kota nu nyandang nami Gusti. Abdi sadaya nyuhunkeun dipiwelas téh sanés lantaran abdi sadaya tos ngalampahkeun nu bener, tapi ku lantaran welas asih Gusti nu kacida ageungna. 19 Nun Yéhuwa, dangukeun. Nun Yéhuwa, hapunten abdi sadaya. Nun Yéhuwa, perhatikeun sarta salametkeun abdi sadaya. Nun Allah abdi, demi kamulyaan Gusti, ulah dilamikeun, sabab kota Gusti sarta umat Gusti téh nyandang nami Gusti.”
20 Waktu abdi masih kénéh ngomong, ngadoa, ngakukeun dosa abdi sarta dosa Israél bangsa abdi, jeung ménta piwelas ti Yéhuwa Allah abdi demi gunung suci-Na, 21 nya waktu abdi masih kénéh ngadoa, Jibril, nu pernah ditempo ku abdi dina titingalian, datang dina wujud manusa. Harita geus waktuna ngabaktikeun kurban pasosoré, abdi téh capé pisan. 22 Manéhna ngajelaskeun naon nu bakal kajadian,
”Daniél, kuring datang téh rék méré kanyaho jeung pangarti. 23 Waktu manéh mimiti sasambat, kuring meunang amanat ti Allah. Kuring datang téh rék nepikeun éta amanat ka manéh, sabab manéh téh jalma nu kacida dipikanyaahna.* Jadi pék pikirkeun ieu sarta kudu paham kana ieu titingalian.
24 ”Aya 70 minggu* nu geus ditetepkeun keur bangsa manéh sarta kota suci manéh. Éta téh waktu keur nyingkirkeun palanggaran, mupus dosa, ngahampura kasalahan, ngadatangkeun bebeneran nu langgeng, ngukuhkeun titingalian jeung ramalan, sarta nyucikeun Rohangan Mahasuci.* 25 Manéh kudu nyaho jeung paham yén ti semet aya paréntah pikeun mulihkeun sarta ngawangun deui Yérusalém nepi ka datangna Mésias,* sang Pamingpin, bakal aya 7 minggu jeung 62 minggu. Yérusalém bakal dipulihkeun sarta diwangun deui, kaasup alun-alun jeung walunganana, tapi diwangunna dina mangsa kasusah.
26 ”Sanggeus 62 minggu, Mésias bakal dipaéhan, sarta anjeunna teu boga nanaon.
”Hiji pamingpin jeung pasukanna bakal datang tuluy ngancurkeun éta kota sarta tempat suci. Éta bakal musna ku banjir. Nepi ka panungtungan bakal aya perang. Allah geus mutuskeun bakal aya kaancuran.
27 ”Éta perjangjian bakal dikeunakeun ku manéhna* ka jalma-jalma salila saminggu. Waktu geus dijalankeun satengah minggu, manéhna bakal ngeureunkeun kurban jeung pangbakti.
”Si tukang ngancurkeun téh bakal datang bareng jeung* perkara-perkara nu pikageuleuheun. Naon nu geus diputuskeun ku Allah bakal ninggang ka kota nu geus kalantar nepi ka kabéhanana bener-bener musna.”