Daniél
2 Dina taun kadua pamaréntahanana, Nébukhadnézar meunang impian. Manéhna guligah nepi ka teu bisa saré. 2 Jadi Raja ngageroan ahli élmu gaib, tukang ramal, tukang sihir, jeung urang Khaldéa* sina nerangkeun impian Raja. Maranéhna datang ngadep ka Raja. 3 Geus kitu Raja ngomong kieu ka maranéhna, ”Kuring meunang impian, tapi kuring jadi guligah lantaran hayang nyaho impian kuring.” 4 Urang Khaldéa ngajawab Raja ku basa Aram,* ”Nun Raja, mugia Raja hirup salalanggengna! Mangga carioskeun impian Raja ka hamba-hamba Raja ieu. Ku abdi sadaya bakal diterangkeun hartosna.”
5 Raja ngajawab urang Khaldéa, ”Kuring geus mutuskeun, lamun maranéh teu bisa méré nyaho impian kuring sarta nerangkeun hartina, awak maranéh bakal dipotong-potong, imah maranéh bakal dijadikeun jamban.* 6 Tapi lamun maranéh méré nyaho impian kuring sarta nerangkeun hartina, maranéh bakal dibéré hadiah, ganjaran, jeung kahormatan. Jadi, sok béré nyaho impian kuring sarta terangkeun hartina.”
7 Sakali deui maranéhna ngajawab kieu, ”Mangga carioskeun impian Raja ka hamba-hamba Raja ieu, ku abdi sadaya bakal diterangkeun hartosna.”
8 Raja ngajawab, ”Kuring nyaho maranéh mah ngan ngulur waktu, da maranéh geus nyaho putusan kuring. 9 Lamun maranéh teu méré nyaho impian kuring, maranéh kabéh bakal narima hukuman nu sarua. Maranéh sakongkol rék ngarang-ngarang jeung nipu kuring. Maranéh miharep kuring ngarobah putusan. Ayeuna béré nyaho heula naon impian kuring, kakara kuring percaya maranéh bisa nerangkeun hartina.”
10 Urang Khaldéa ngajawab Raja, ”Di sakuliah bumi, moal aya jalmi anu tiasa nyumponan paménta Raja. Teu acan aya pangawasa sarta raja-raja nu agung nu nyuhunkeun hal saperti kitu ka para ahli élmu gaib, tukang ramal, atanapi urang Khaldéa. 11 Paménta Raja téh abot teuing. Moal aya anu tiasa ngawartosan hal éta ka Raja, iwal ti para déwa. Tapi para déwa mah linggihna sanés di antara manusa.”
12 Ngadéngé kitu, Raja kacida ambekna sarta maréntahkeun supaya sakabéh jalma bijaksana di Babilon dipaéhan. 13 Éta paréntah dikaluarkeun. Sakabéh jalma bijaksana bakal dipaéhan. Daniél jeung babaturanana gé ditéangan rék dipaéhan.
14 Tuluy kalawan sopan jeung ati-ati, Daniél ngomong ka Ariokh, kapala pangawal Raja nu rék maéhan jalma-jalma bijaksana di Babilon. 15 Daniél nanya ka Ariokh, kapala pangawal Raja, ”Ku naon Raja téh ngaluarkeun paréntah nu kejem kitu?” Seug ku Ariokh dijelaskeun. 16 Jadi, Daniél ngadep ka Raja sarta ménta dibéré waktu pikeun nerangkeun harti impian Raja.
17 Ti dinya, Daniél balik ka imahna sarta nyaritakeun éta kajadian ka babaturanana, nyaéta Hanania, Misyaél, jeung Azaria. 18 Daniél ménta maranéhna ngadoa supaya Allah nu ngawasaan sorga némbongkeun welas asih sarta nyingkabkeun rasiah impian Raja, ku kituna Daniél jeung babaturanana moal dipaéhan bareng jeung jalma-jalma bijaksana di Babilon.
19 Peutingna, éta rasiah disingkabkeun ka Daniél dina hiji titingalian. Seug Daniél muji ka Allah nu ngawasaan sorga. 20 Ceuk Daniél,
”Mugia nami Allah dipuji salalanggengna,
Sabab mung Anjeunna nu gaduh kabijaksanaan sareng kawasa.
21 Anjeunna ngarobah mangsa sareng usum.*
Anjeunna ngarurud raja sareng ngalantik raja.
Anjeunna masihan kabijaksanaan ka nu bijaksana sareng pangarti ka nu pinter.
22 Anjeunna nyingkabkeun rasiah sareng perkara-perkara nu buni.
Anjeunna terang naon nu aya di nu poék.
Anjeunna kaliputan ku cahaya.
23 Ka Gusti, nun Allah karuhun abdi, abdi nyanggakeun puji sareng sukur,
Ku sabab Gusti masihan abdi kabijaksanaan sareng kasanggupan.
Paménta abdi sadaya ku Gusti diwartoskeun ka abdi.
Gusti nyingkabkeun impian Raja ka abdi sadaya.”
24 Geus kitu, Daniél ngadep ka Ariokh, nu ditugaskeun ku Raja pikeun maéhan jalma-jalma bijaksana di Babilon. Daniél ngomong ka manéhna, ”Jalma-jalma bijaksana di Babilon ulah diparaéhan. Bawa abdi ka payuneun Raja. Abdi badé nerangkeun harti impian Raja.”
25 Harita kénéh, Daniél ku Ariokh dibawa ngadep ka Raja. Ariokh ngomong kieu ka Raja, ”Aya hiji jalma di antara tawanan ti Yéhuda nu tiasa nerangkeun hartos impian Raja.” 26 Seug Raja ngomong kieu ka Daniél, nu dingaranan Béltésyazar, ”Bener manéh bisa méré nyaho impian kuring sarta nerangkeun hartina?” 27 Ku Daniél dijawab, ”Teu aya jalmi bijaksana, tukang ramal, ahli élmu gaib, atanapi ahli béntang nu tiasa nerangkeun rasiah nu ditaroskeun ku Raja. 28 Tapi, di sorga aya Allah nu tiasa nyingkabkeun rasiah. Anjeunna ngawartosan Raja Nébukhadnézar naon nu bakal laksana dina panungtungan éta mangsa. Ieu impian sareng titingalian nu ditampi ku Raja waktu Raja nuju kulem:
29 ”Nun Raja, waktu nuju kulem, Raja nampi impian ngeunaan naon nu bakal kajadian dina mangsa ka payun. Allah nu nyingkabkeun rasiah téh ngawartosan Raja naon nu bakal laksana. 30 Ieu rasiah disingkabkeun ka abdi, sanés ku lantaran abdi langkung bijaksana tibatan nu lian, tapi supaya abdi tiasa nerangkeun hartosna ka Raja. Ku kituna, Raja tiasa ngartos naon nu dipikirkeun ku Raja.
31 ”Nun Raja, Raja ningali aya hiji patung payuneun Raja anu kacida ageungna. Éta patung téh kacida jangkungna, gugurilapan, sareng bangunna pikasieuneun. 32 Sirah éta patung tina emas murni, dada sareng leungeunna tina pérak, beuteung sareng pingpingna tina tambaga, 33 sukuna tina beusi, sarta suku bagian handapna téh campuran tina beusi sareng taneuh liket. 34 Waktu Raja nuju ningali éta patung, aya batu nu dipotong tina hiji gunung, tapi dipotongna téh sanés ku leungeun manusa. Éta batu neumbrag sareng ngancurkeun suku bagian handap patung, nu didamel tina beusi sareng taneuh liket. 35 Ku kituna beusi, taneuh liket, tambaga, pérak, sareng emas téh ancur. Sadayana jadi kawas huut di pangirikan* dina usum panas, nu katiup ku angin dugi ka bersih, teu aya urut-urutna acan. Tapi, batu anu neumbrag éta patung ngajadi gunung anu gedé sarta minuhan sakuliah bumi.
36 ”Kitu impian Raja téh. Ayeuna ku abdi sadaya badé diterangkeun hartosna. 37 Nun Raja, Raja téh raja sagala raja. Allah nu ngawasaan sorga tos masihan karajaan, kakawasaan, kakuatan, sareng kamulyaan ka Raja. 38 Manusa di mana waé matuhna, kitu ogé sakabéh sato di tegalan sareng manuk di langit, tos dipasrahkeun ku Allah ka Raja. Sadayana dikawasakeun ka Raja. Sirah tina emas téh nya maksudna Raja.
39 ”Saatos Raja, bakal aya karajaan lian, tapi hébatna teu kawas karajaan Raja. Teras aya karajaan nu katilu, nu tina tambaga, nu bakal ngawasaan sakuliah bumi.
40 ”Karajaan nu kaopat bakal kuat kawas beusi. Sakumaha beusi ngaremukkeun sareng ngancurkeun sagala rupa, éta karajaan gé bakal ngaremukkeun sareng ngancurkeun sadaya karajaan saacanna.
41 ”Sakumaha nu ditingali ku Raja, suku bagian handap sareng ramo-ramona téh campuran tina taneuh liket* sareng beusi. Ku kituna éta karajaan bakal kabagi, tapi masih kénéh gaduh kakiatan saperti beusi, sabab sakumaha nu ditingali ku Raja, beusi téh pacampur sareng taneuh liket baseuh. 42 Sakumaha ramo-ramona campuran tina beusi sareng taneuh liket, éta karajaan gé sabagian kuat, sabagian deui lemah. 43 Sakumaha nu ditingali ku Raja, beusi téh pacampur sareng taneuh liket baseuh, jadi éta karajaan bakal pacampur sareng jalmi-jalmi.* Tapi duanana moal tiasa ngahiji, sakumaha beusi moal tiasa ngahiji sareng taneuh liket.
44 ”Dina jaman raja-raja éta, Allah nu ngawasaan sorga bakal ngadegkeun hiji karajaan nu moal bakal diancurkeun. Éta karajaan moal dikawasaan ku bangsa sanés. Éta karajaan bakal ngancurkeun sarta numpurkeun sadaya karajaan lianna. Mung éta karajaan nu bakal ngadeg salalanggengna. 45 Sakumaha nu ditingali ku Raja, aya batu nu dipotong tina gunung, tapi sanés ku leungeun manusa. Éta batu bakal ngancurkeun beusi, tambaga, taneuh liket, pérak, sareng emas. Allah nu Agung tos ngawartosan ka Raja naon nu bakal kajadian dina mangsa ka payun. Impian Raja téh leres sareng pasti laksana.”
46 Bruk Raja Nébukhadnézar sujud hareupeun Daniél. Raja nitah jalma meuleum dupa jeung méré hadiah ka Daniél pikeun ngahormat manéhna. 47 Raja ngomong kieu ka Daniél, ”Allah manéh téh mémang Allahna sagala allah, Pangawasa sagala raja, sarta Allah nu nyingkabkeun rasiah, sabab manéh bisa nyingkabkeun ieu rasiah.” 48 Tuluy, Daniél dibéré jabatan nu luhur ku Raja sarta dibéré loba hadiah. Manéhna dijadikeun pangawasa sakabéh Propinsi Babilon sarta kapala para pajabat nu ngawaskeun sakabéh jalma bijaksana di Babilon. 49 Sakumaha paménta Daniél, Raja gé ngalantik Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo pikeun jadi pajabat pamaréntahan di Propinsi Babilon. Ari Daniél mah tugasna di istana.