Daniél
3 Raja Nébukhadnézar nyieun patung emas nu jangkungna kira-kira 27 méter sarta lébarna ampir 3 méter.* Éta patung ku manéhna diadegkeun di Padataran Dura di Propinsi Babilon. 2 Ti dinya, Raja Nébukhadnézar méré paréntah pikeun ngumpulkeun para pangawasa wilayah jeung wakilna, gubernur, jurunaséhat, bendahara, hakim, pajabat kota, jeung sakabéh pajabat propinsi sina daratang ka pangresmian patung nu diadegkeun ku Raja Nébukhadnézar.
3 Jadi, pangawasa wilayah jeung wakilna, gubernur, jurunaséhat, bendahara, hakim, pajabat kota, jeung sakabéh pajabat propinsi téh karumpul dina pangresmian patung nu diadegkeun ku Raja Nébukhadnézar. Maranéhna nangtung hareupeun éta patung. 4 Juruwarta ngagero nepikeun pangumuman ieu, ”Hé jalma-jalma ti sagala bangsa jeung basa, dangukeun ieu paréntah. 5 Waktu aranjeun ngadangu sora tarompét tanduk, rupa-rupa suling, siter, harpa leutik, alat musik séjénna nu maké senar, jeung sagala rupa alat musik séjénna, aranjeun kudu sembah sujud ka patung emas nu diadegkeun ku Raja Nébukhadnézar. 6 Saha waé nu teu daék sembah sujud bakal langsung digebruskeun kana pameuleuman nu ngagedur.” 7 Jadi, barang sakabéh jalma ngadéngé sora tarompét tanduk, rupa-rupa suling, siter, harpa leutik, alat musik séjénna nu maké senar, jeung sakabéh alat musik séjénna, kabéh jalma ti sagala bangsa jeung basa téh sembah sujud ka patung emas nu diadegkeun ku Raja Nébukhadnézar.
8 Harita, sababaraha urang Khaldéa ngadep ka Raja tuluy ngadukeun* urang Yahudi. 9 Maranéhna ngomong kieu ka Raja Nébukhadnézar, ”Nun Raja, mugia Raja hirup salalanggengna! 10 Raja tos masihan paréntah sangkan unggal jalma nu ngadangu sora musik* kedah sembah sujud ka patung emas, 11 sarta saha waé nu teu sembah sujud kedah digebruskeun kana pameuleuman nu ngagedur. 12 Tapi, aya sababaraha urang Yahudi anu teu hormat ka Raja. Maranéhna téh Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo anu dilantik ku Raja pikeun jadi pajabat Propinsi Babilon. Maranéhna teu nyembah ka allah-allahna Raja sarta teu daék sujud ka patung emas nu diadegkeun ku Raja.”
13 Ngadéngé kitu, amarah Nébukhadnézar ngagedur. Manéhna nitah Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo dibawa ngadep ka manéhna, seug tiluanana dibawa ngadep ka Raja. 14 Nébukhadnézar nanya ka maranéhna, ”Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo, bener maranéh téh teu daék nyembah ka allah-allah kuring sarta teu daék sujud ka patung emas nu diadegkeun ku kuring? 15 Ayeuna, lamun maranéh daék sembah sujud ka patung jieunan kuring waktu ngadéngé sora musik,* maranéh moal dikukumaha. Tapi lamun maranéh teu daék sujud, maranéh bakal langsung digebruskeun kana pameuleuman nu ngagedur. Mémangna aya déwa nu bisa nyalametkeun maranéh ti kuring?”
16 Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo ngajawab Raja, ”Raja Nébukhadnézar, putusan abdi sadaya mah tos mantep. 17 Upami abdi sadaya kedah digebruskeun kana pameuleuman nu ngagedur, Allah nu dilalayanan ku abdi sadaya sanggup nyalametkeun. Anjeunna bakal nyalametkeun abdi sadaya ti Raja. 18 Tapi upami henteu gé, mugia Raja terang yén abdi sadaya moal nyembah ka allah-allahna Raja atanapi sujud ka patung emas nu diadegkeun ku Raja.”
19 Nébukhadnézar kacida ambekna ka Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo nepi ka katémbong dina beungeutna.* Manéhna nitah supaya pameuleuman téh dipanaskeun tujuh kalieun ti nu biasa. 20 Sababaraha jalma nu perkasa ti pasukanna dititah nalian Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo tuluy ngagebruskeun maranéhna kana pameuleuman nu ngagedur.
21 Jadi tiluanana ditalian, brus digebruskeun kana pameuleuman nu ngagedur. Maranéhna masih kénéh maké jubah, baju, topi, jeung papakéan séjénna. 22 Lantaran paréntah Raja sakitu kerasna sarta pameuleuman téh kacida panasna, jalma-jalma nu ngagebruskeun Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo paraéh lantaran kaléntab. 23 Tapi tilu jalma éta, nyaéta Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo, ragrag kana éta pameuleuman.
24 Raja Nébukhadnézar jadi sieuneun, tuluy geuwat manéhna nangtung seug ngomong ka para pajabat luhurna, ”Nu ditalian jeung digebruskeun kana seuneu téh aya tiluan, lain?” Dijawab ku maranéhna, ”Sumuhun, Raja.” 25 Tuluy Raja ngomong deui, ”Naha atuh nu katingali ku kuring mah aya opatan? Maranéhna leuleumpangan di tengah-tengah seuneu, teu ditalian, jeung teu kaduruk. Ari nu kaopat dedeganana téh kawas déwa.”
26 Nébukhadnézar ngadeukeutan lawang panto pameuleuman nu ngagedur. Manéhna ngomong, ”Syadrakh, Mésyakh, Abédnégo, maranéh téh hamba Allah Nu Maha Agung. Sok ka darieu, kalaluar!” Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo kaluar ti tengah-tengah seuneu. 27 Para pangawasa wilayah jeung wakilna, gubernur, jeung pajabat luhur Raja nu karumpul nyaksian yén tilu jalma éta téh awakna henteu kaduruk. Buukna teu tutung, jubahna teu kaduruk, malah henteu bau haseup-haseup acan.
28 Tuluy Nébukhadnézar ngumumkeun, ”Puji Allahna Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo, nu ngutus malaikat-Na jeung nyalametkeun hamba-hamba-Na. Maranéhna percaya ka Anjeunna jeung teu tunduk kana paréntah Raja. Maranéhna leuwih milih paéh tibatan sembah sujud ka allah séjén, lian ti ka Allahna sorangan. 29 Ku sabab kitu, kuring ngaluarkeun paréntah yén saha waé ti bangsa atawa basa mana waé anu ngahina ka Allahna Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo, awakna kudu dipotong-potong, imahna gé kudu dijadikeun jamban,* sabab euweuh allah séjén nu bisa nyalametkeun cara Allah maranéhna.”
30 Geus kitu, Syadrakh, Mésyakh, jeung Abédnégo ku Raja dibéré pangkat nu leuwih luhur di Propinsi Babilon.