Daniél
4 ”Ti Raja Nébukhadnézar keur jalma-jalma ti sagala bangsa jeung basa, nu aya di sakuliah bumi: Salam rahayu! 2 Kuring rék méré nyaho mujijat jeung kaajaiban nu ditémbongkeun ku Allah Nu Maha Agung ka kuring. 3 Mujijat-Na téh kacida hébatna, kaajaibana-Na kacida agungna. Karajaan Anjeunna téh karajaan nu abadi. Anjeunna maréntah ti génerasi ka génerasi.
4 ”Kuring, Nébukhadnézar, hirup genah di imah kuring sarta hirup makmur di istana kuring. 5 Hiji waktu, kuring narima impian nu pikasieuneun. Waktu keur saré, kuring nempo gambaran jeung titingalian nu pikasieuneun. 6 Jadi, kuring méré paréntah supaya sakabéh jalma bijaksana nu aya di Babilon dibawa ka kuring, sina nerangkeun harti éta impian.
7 ”Harita, para ahli élmu gaib, tukang ramal, urang Khaldéa,* jeung ahli béntang daratang. Waktu kuring nyaritakeun impian kuring, maranéhna teu bisa nerangkeun hartina ka kuring. 8 Tungtungna, Daniél ngadep ka kuring. Manéhna téh dingaranan Béltésyazar, kawas ngaran déwa kuring. Manéhna boga kawasa ti déwa-déwa suci. Terus, kuring nyaritakeun impian kuring ka manéhna,
9 ”’Béltésyazar, kapala para ahli élmu gaib, kuring apal anjeun boga kawasa ti déwa-déwa suci. Euweuh rasiah nu teu bisa diterangkeun ku anjeun. Jadi, sok terangkeun harti titingalian dina impian kuring.
10 ”’Waktu keur saré, kuring meunang titingalian. Kuring nempo aya hiji tangkal di tengah-tengah bumi, jangkungna luar biasa. 11 Tangkalna ngagedéan jeung beuki kuat, jangkungna nepi ka langit. Éta tangkal katingali ti tungtung-tungtung bumi. 12 Daunna aréndah, buahna kacida leubeutna. Éta tangkal bisa méré dahareun keur sakabéh manusa jeung sakabéh sasatoan. Di handapeunana, sato-sato liar ngariuhan. Dina dahan-dahanna, manuk-manuk nyarayang. Sakabéh mahluk meunang dahareun ti dinya.
13 ”’Dina éta titingalian, kuring gé nempo aya utusan* nu suci turun ti sorga. 14 Éta utusan ngagero, ”Tuar tangkalna, teukteukan dahan-dahanna, babadan daun-daunna, sarta awur-awurkeun buahna. Sato-sato liar sina kalabur ti handapeun éta tangkal, kitu deui manuk-manuk sina haliber tina dahan-dahanna. 15 Ari tunggul jeung akarna mah keun antep dina taneuh, beungkeut ku beusi jeung tambaga. Culkeun di tegal jukut sina kabaseuhan ku ciibun ti langit. Antepkeun di dinya bareng jeung sato liar sarta pepelakan di bumi. 16 Haténa nu tadina haté manusa sina jadi haté sato. Kaayaanana bakal kitu salila tujuh mangsa. 17 Kitu putusan nu ditepikeun ku para utusan* jeung paréntah nu diumumkeun ku para malaikat suci* téh. Ku kituna, sakabéh jalma nu hirup nyaho yén Nu Maha Agung téh Pangawasa karajaan manusa. Anjeunna méré kakawasaan ka saha waé nu dipikahoyong ku Anjeunna, malah ka jalma nu pangrendahna.”
18 ”’Éta impian nu ditarima ku kuring, Raja Nébukhadnézar. Ayeuna Béltésyazar, sok terangkeun hartina, sabab sakabéh jalma bijaksana di karajaan kuring teu bisa nerangkeun hartina ka kuring. Tapi anjeun mah pasti bisa, sabab anjeun boga kawasa ti déwa-déwa suci.’
19 ”Harita Daniél, nu dingaranan Béltésyazar, ngahuleng sakeudeung, manéhna sieuneun.
”Raja ngomong, ’Béltésyazar, ulah sieun ku éta impian jeung hartina.’
”Béltésyazar ngajawab, ’Nun Raja, mugia éta impian sareng hartosna ninggang ka musuh-musuh Raja sareng ka jalma-jalma nu ngéwa ka Raja.
20 ”’Tangkal nu ditingali ku Raja, nu ngagedéan sareng beuki kuat, nu jangkungna dugi ka langit, nu katingali ti tungtung-tungtung bumi, 21 nu daunna aréndah, nu buahna kacida leubeutna, nu masihan tuangeun ka sadaya manusa sareng sato, nu jadi pangiuhan sato-sato liar, sareng nu dahan-dahanna dianggo nyayang ku manuk-manuk, 22 éta téh ngamaksudkeun Raja, ku sabab kakawasaan Raja beuki gedé sarta Raja beuki kuat. Raja gé beuki mulya, kamulyaan Raja jujul ka langit. Pamaréntahan Raja dugi ka tungtung-tungtung bumi.
23 ”’Teras Raja ningali utusan* nu suci turun ti sorga. Éta utusan nyarios kieu, ”Tuar tangkalna, ancurkeun. Ari tunggul jeung akarna mah antepkeun dina taneuh, beungkeut ku beusi jeung tambaga. Keun antep jeung jukut di tegal, sina kabaseuhan ku ciibun ti langit. Antepkeun aya di dinya bareng jeung sato liar nepi ka tujuh mangsa réngsé.” 24 Ieu hartosna, nun Raja. Ieu téh putusan Nu Maha Agung nu bakal kajadian ka Raja. 25 Raja bakal diusir ti antara manusa. Raja bakal matuh bareng jeung sasatoan liar di tegalan sarta tuang jukut kawas sapi. Raja bakal kabaseuhan ku ciibun ti langit. Éta bakal kajadian salami tujuh mangsa, dugi ka Raja terang yén Nu Maha Agung téh Pangawasa karajaan manusa. Anjeunna masihan kakawasaan ka saha waé nu dipikahoyong ku Anjeunna.
26 ”’Tapi ku sabab tunggul sareng akarna kudu diantepkeun, karajaan Raja bakal jadi milik Raja deui saatos Raja terang yén Allah di sorga téh pangawasa. 27 Ku kituna, nun Raja, mugia Raja kersa ngadangu naséhat ti abdi. Énggal tobat, lampahkeun nu saé. Ulah ngalampahkeun deui nu jahat. Sing karunya ka nu miskin. Ku kituna, mugia Raja teras hirup makmur.’”
28 Éta kabéh kajadian ka Raja Nébukhadnézar.
29 Dua belas bulan ti saprak Raja narima éta impian, manéhna leuleumpangan di loténg istana Babilon. 30 Raja ngomong kieu, ”Kacida hébatna Babilon téh. Ku kakuatan jeung kawasa kuring, ieu diwangun jadi istana kuring ngarah katémbong sakumaha mulya jeung hébatna kuring téh.”
31 Can gé Raja anggeus ngomong, kadéngé sora ti sorga, ”Raja Nébukhadnézar, déngékeun, ’Karajaan manéh rék dicokot ti manéh. 32 Manéh bakal diusir ti antara manusa. Manéh bakal matuh bareng jeung sasatoan liar di tegalan sarta ngadahar jukut kawas sapi. Éta bakal kajadian salila tujuh mangsa, nepi ka manéh nyaho yén Nu Maha Agung téh Pangawasa karajaan manusa. Anjeunna méré kakawasaan ka saha waé nu dipikahoyong ku Anjeunna.’”
33 Harita kénéh, nu diucapkeun téh kajadian ka Nébukhadnézar. Manéhna diusir ti antara manusa sarta ngadahar jukut kawas sapi. Awakna kabaseuhan ku ciibun ti langit, nepi ka buukna jabrig kawas bulu heulang sarta kukuna manjangan kawas kuku manuk.
34 ”Sanggeus bérés tujuh mangsa, kuring, Nébukhadnézar, tanggah ka langit. Kuring jadi éling deui, tuluy kuring muji Nu Maha Agung. Kuring muji jeung ngamulyakeun Allah nu hirup salalanggengna, sabab kakawasaan Anjeunna téh kakawasaan nu langgeng sarta karajaana-Na téh aya ti génerasi ka génerasi. 35 Sakabéh penduduk bumi euweuh nanaonna dibanding Anjeunna. Anjeunna ngalampahkeun naon waé nu dipikahoyong ku Anjeunna ka pasukan sorga jeung penduduk bumi. Moal aya nu bisa ngahalang-halang atawa nu nanyakeun Anjeunna midamel naon.
36 ”Harita, kuring jadi éling deui. Karajaan kuring jeung sagala kamulyaanana balik deui ka kuring. Kuring gé narima deui kahormatan jeung kamulyaan. Para pajabat luhur jeung para bangsawan hayang pisan panggih jeung kuring. Kuring balik deui ka karajaan, malah kaagungan kuring leuwih ti nu ti heula.
37 ”Ayeuna kuring, Nébukhadnézar, muji, ngamulyakeun, jeung ngagungkeun Raja di sorga lantaran sadaya padamelana-Na bener, jalan-jalan-Na adil, sarta Anjeunna sanggup ngarendahkeun jalma nu adigung.”