Daniél
5 Waktu Bélsyazar jadi raja, manéhna ngayakeun pésta gedé keur 1.000 bangsawan. Manéhna nginum cianggur hareupeun maranéhna. 2 Waktu keur mabok, Bélsyazar nitah supaya parabot tina emas jeung pérak nu dicokot ku Nébukhadnézar bapana* ti bait di Yérusalém téh dibawa. Maksudna rék dipaké nginum ku Raja, para bangsawan, selir-selir Raja, jeung pamajikan-pamajikan Raja. 3 Geus kitu, parabot emas nu dicokot ti tempat suci di bumina Allah di Yérusalém téh dibawa. Ku kituna Raja, para bangsawan, selir-selir Raja, jeung pamajikan-pamajikan Raja téh ngarinum maké éta parabot. 4 Maranéhna ngarinum cianggur, terus muji berhala-berhala nu dijieun tina emas, pérak, tambaga, beusi, kai, jeung batu.
5 Harita kénéh, muncul leungeun jalma. Éta leungeun nulis dina témbok istana, deukeut wadah lampu. Leungeun téh katingali ku Raja. 6 Beungeut Raja langsung sepa. Manéhna sieuneun, sukuna leuleus, tuurna nyorocod.
7 Tuluy Raja ngagorowok, ngageroan tukang-tukang ramal, urang Khaldéa,* jeung ahli-ahli béntang. Raja ngomong kieu ka jalma bijaksana di Babilon, ”Saha waé nu bisa maca éta tulisan jeung nerangkeun hartina ka kuring bakal dibéré jubah ungu, sarta beuheungna bakal dikalungan ku kongkorong emas. Manéhna gé bakal dijadikeun pangawasa katilu di ieu karajaan.”
8 Geus kitu, sakabéh jalma bijaksana datang ka Raja, tapi euweuh nu bisa maca éta tulisan atawa nerangkeun hartina ka Raja. 9 Jadi, Raja Bélsyazar sieuneun pisan nepi ka beungeutna sepa, ari para bangsawan baringungeun.
10 Ngadéngé omongan Raja jeung para bangsawan, Ratu asup ka tempat pésta. Ratu ngomong kieu, ”Nun Raja, mugia Raja hirup salamina! Ku naon raray Raja mani sepa kitu? Ulah sieun. 11 Dina karajaan Raja téh aya hiji lalaki anu gaduh kawasa ti déwa-déwa suci. Dina jaman bapana* Raja, anjeunna téh gaduh kanyaho, pangarti, sareng kabijaksanaan kawas déwa-déwa. Raja Nébukhadnézar, bapana Raja, ngalantik anjeunna jadi kapala para ahli élmu gaib, tukang ramal, urang Khaldéa,* sareng ahli béntang. 12 Anjeunna téh Daniél, nu dingaranan Béltésyazar ku Raja. Anjeunna gaduh kabijaksanaan nu luar biasa, pangarti, sareng kanyaho. Ku kituna, anjeunna tiasa nerangkeun impian, ngajelaskeun tatarucingan, sarta ngaréngsékeun masalah nu abot. Sok, ayeuna mah piwarang ka dieu Daniél téh, sina nerangkeun hartos éta tulisan ka Raja.”
13 Jadi Daniél dibawa ngadep ka Raja, tuluy Raja nanya ka manéhna, ”Anjeun téh Daniél, tawanan ti Yéhuda nu dibawa ka dieu ku bapa kuring? 14 Kuring ngadéngé yén anjeun téh boga kawasa ti déwa-déwa. Anjeun gé boga kanyaho, pangarti, jeung kabijaksanaan nu luar biasa. 15 Kuring geus ngadatangkeun jalma-jalma bijaksana jeung tukang-tukang ramal sina maca éta tulisan jeung nerangkeun hartina. Tapi, maranéhna teu bisa nerangkeun éta tulisan. 16 Cenah mah anjeun téh bisa nerangkeun sagala rupa jeung bisa ngaréngsékeun masalah nu hésé. Lamun anjeun bisa maca éta tulisan jeung nerangkeun hartina, anjeun bakal dibéré jubah ungu, sarta beuheung anjeun bakal dikalungan ku kongkorong emas. Anjeun gé bakal dijadikeun pangawasa katilu di ieu karajaan.”
17 Daniél ngajawab Raja, ”Wios hadiahna mah simpen, atanapi pasihkeun wéh ka nu sanés. Tapi, éta tulisan ku abdi badé dipangmacakeun sareng diterangkeun ka Raja. 18 Nun Raja, Allah Nu Maha Agung tos masihan karajaan, kaagungan, kahormatan, sareng kamulyaan ka Nébukhadnézar, bapana Raja. 19 Ku sabab kaagungan nu dipasihkeun ku Allah ka anjeunna, jalma-jalma ti sagala bangsa sareng basa sarieuneun ka anjeunna. Saha waé nu dikersakeun maot ku anjeunna, nya bakal dipaéhan. Saha waé nu dikersakeun hirup, nya bakal diantep hirup. Anjeunna ngajungjung atanapi ngarendahkeun saha waé nu dikersakeun. 20 Tapi waktu anjeunna jadi adigung sarta teuas haté, anjeunna jadi lancang. Ku kituna, anjeunna diturunkeun tina tahtana, martabatna gé dileungitkeun. 21 Anjeunna diusir ti antara manusa, haténa jadi kawas haté sato liar. Cicingna bareng jeung kaldé liar, anjeunna ngadahar jukut kawas sapi. Awakna kabaseuhan ku ciibun ti langit, dugi ka ahirna anjeunna terang yén Allah Nu Maha Agung téh Pangawasa karajaan manusa. Allah masihan kakawasaan ka saha waé nu dipikahoyong ku Anjeunna.
22 ”Tapi Raja Bélsyazar, nu jadi putrana,* teu ngarendahkeun haté sanajan terang kana sadayana. 23 Raja kalah ka ngagulkeun diri payuneun Pangawasa sorga. Raja nyandakan parabot ti bumina Allah. Tos kitu, Raja, para bangsawan, selir-selir Raja, sarta istri-istri Raja ngaleueut cianggur tina éta parabot, teras muji berhala-berhala tina pérak, emas, tambaga, beusi, kai, sareng batu, nu teu tiasa ningali sareng ngadangu sarta teu terang nanaon. Raja henteu ngamulyakeun Allah nu kawasa kana hirup pati Raja sarta kana sagala nu dipilampah ku Raja. 24 Éta sababna Allah ngadatangkeun éta panangan sina nyerat. 25 Seratanana téh kieu: MÉNÉ, MÉNÉ, TÉKÉL, sareng PARSIN.
26 ”Ieu hartos seratanana: MÉNÉ, Allah tos ngétang umur karajaan Raja. Éta bakal dianggeuskeun.
27 ”TÉKÉL, Raja tos ditimbang dina timbangan, tapi hasilna téh kirang.
28 ”PÉRÉS, karajaan Raja tos dibagi-bagi sarta bakal dipasihkeun ka urang Média sareng Pérsia.”
29 Geus kitu, Bélsyazar maréntahkeun sangkan Daniél dibéré jubah ungu sarta dikalungan ku kongkorong emas. Tuluy, diumumkeun yén Daniél bakal jadi pangawasa katilu di éta karajaan.
30 Peuting éta kénéh, Bélsyazar raja urang Khaldéa dipaéhan. 31 Ti dinya, karajaanana diserahkeun ka Darius urang Média. Harita, Darius téh umurna kira-kira 62 taun.