Daniél
7 Dina taun kahiji pamaréntahan Bélsyazar raja Babilon, Daniél meunang impian jeung titingalian waktu keur saré. Tuluy impianana ditulis, dicatet sajéntré-jéntréna. 2 Daniél nyebutkeun,
”Ti peuting, abdi nempo titingalian, laut téh motah ku lantaran angin ngagelebug ti opat juru.* 3 Ti laut, pucunghul opat sato raksasa, rupana béda-béda.
4 ”Nu kahiji kawas singa, tapi boga jangjang heulang. Abdi nempo jangjangna caroplok, tuluy éta sato kaangkat tina taneuh sarta disina nangtung kawas manusa, maké dua suku. Éta sato gé dibéré haté manusa.
5 ”Tuluy aya sato nu kadua, nu kawas biruang. Sukuna diangkat hiji, sarta éta sato keur ngégél tilu tulang iga. Éta sato dititah kieu, ’Hudang, hakanan daging sing loba.’
6 ”Terus abdi ningali aya sato séjén nu kawas macan tutul, tapi dina tonggongna aya opat jangjang nu kawas jangjang manuk. Huluna aya opat, sarta éta sato dibéré kawasa pikeun maréntah.
7 ”Dina titingalian peuting éta, abdi gé ningali sato nu kaopat. Éta sato kacida bedasna, pikasieuneun, jeung matak gimir. Huntuna galedé tina beusi. Éta sato ngancurkeun jeung ngaremukkeun sagala rupa. Naon nu nyésa ditincakan ku sukuna. Éta sato béda ti sato-sato saacanna. Tandukna aya sapuluh. 8 Waktu abdi keur merhatikeun tanduk-tandukna, pucunghul hiji tanduk leutik bijil di antara éta tanduk-tanduk, plok tilu tanduk séjénna caroplok. Dina tanduk leutik téh aya panon kawas panon manusa, sarta aya sungut nu omonganana sombong.*
9 ”Abdi terus merhatikeun, bréh aya tahta-tahta ditempatkeun. Tuluy Pribadi Nu Sepuh diuk. Pakéanana bodas kawas salju, buukna kawas wol nu bersih, tahtana tina seuneu, sarta roda-rodana tina seuneu nu ngagedur. 10 Di hareupeunana aya walungan seuneu nu ngocor. Aya sarébu kali sarébu nu ngalalayanan Anjeunna, jeung aya sapuluh rébu kali sapuluh rébu nu ngadeg hareupeunana. Geus kitu Pangadilan dimimitian, tuluy buku-buku dibuka.
11 ”Abdi terus merhatikeun, lantaran éta tanduk terus ngucapkeun kekecapan nu sombong.* Ku abdi diperhatikeun nepi ka éta sato dipaéhan, tuluy awakna digebruskeun kana seuneu sarta diancurkeun. 12 Ari sato-sato séjénna mah dicokot kakawasaanana tuluy diantep hirup keur sababaraha waktu.
13 ”Dina titingalian peuting éta, abdi ningali aya jalma nu kawas anak manusa datang dina méga-méga* di langit. Manéhna diidinan manggihan Pribadi Nu Sepuh, tuluy manéhna dibawa ngadep ka hareupeuna-Na. 14 Manéhna dibéré kakawasaan, kahormatan, jeung karajaan, supaya jalma-jalma ti sagala bangsa jeung basa ngalalayanan manéhna. Kakawasaanana téh kakawasaan nu langgeng, nu moal aya anggeusna. Karajaanana gé moal musna.
15 ”Abdi jadi guligah. Ningali éta titingalian, abdi jadi sieun. 16 Abdi ngadeukeutan salah sahiji malaikat nu nangtung di dinya pikeun nanyakeun naon hartina éta kabéh. Jadi, manéhna ngajawab tuluy nerangkeun hartina ka abdi.
17 ”Saurna, ’Opat sato raksasa éta téh ngamaksudkeun raja-raja nu bakal ngawasa di bumi. 18 Tapi jalma-jalma suci milik Nu Maha Agung bakal narima éta karajaan. Maranéhna bakal terus ngamilik éta karajaan nepi ka salalanggengna.’
19 ”Saterusna abdi hayang leuwih nyaho ngeunaan sato nu kaopat, nu béda ti sato-sato séjénna, nu pikasieuneun pisan, nu huntuna tina beusi jeung cakarna tina tambaga, nu ngancurkeun jeung ngaremukkeun, sarta nincakan naon waé nu nyésa ku sukuna. 20 Abdi gé hayang leuwih nyaho ngeunaan sapuluh tanduk dina huluna sarta hiji tanduk séjén nu muncul, nu katingali leuwih gedé tibatan tanduk-tanduk séjénna. Barang éta tanduk muncul, tilu tanduk caroplok. Éta tanduk aya mataan, sarta sungutna ngucapkeun omongan nu sombong.*
21 ”Abdi ningali éta tanduk merangan jalma-jalma suci. Éta tanduk ngéléhkeun maranéhna. 22 Geus kitu, Pribadi Nu Sepuh téa datang tuluy mutuskeun yén anu bener téh jalma-jalma suci milik Nu Maha Agung. Geus cunduk waktuna jalma-jalma suci narima éta karajaan.
23 ”Éta malaikat nyebutkeun, ’Sato nu kaopat téh nyaéta karajaan kaopat nu bakal aya di bumi. Éta béda ti karajaan-karajaan séjénna. Éta bakal nalukkeun, nincakan, jeung ngancurkeun sakuliah bumi. 24 Sapuluh tanduk téh ngamaksudkeun sapuluh raja nu bakal muncul ti éta karajaan. Sanggeus maranéhna, bakal muncul hiji raja, nu béda ti nu séjénna. Manéhna bakal nalukkeun tilu raja. 25 Manéhna bakal nangtang Nu Maha Agung sarta bakal terus nganiaya jalma-jalma suci milik Nu Maha Agung. Manéhna hayang ngarobah waktu jeung hukum. Jalma-jalma suci bakal diserahkeun ka manéhna salila hiji mangsa, dua mangsa, jeung satengah mangsa.* 26 Tapi Pangadilan dimimitian, tuluy kakawasaan manéhna dicokot, supaya manéhna dimusnakeun jeung diancurkeun sama sakali.
27 ”’Tuluy éta karajaan, kakawasaan, jeung kamulyaan karajaan-karajaan di kolong langit bakal dibikeun ka jalma-jalma suci milik Nu Maha Agung. Karajaan maranéhna téh karajaan nu abadi. Sakabéh pamaréntahan bakal ngalalayanan jeung taat ka maranéhna.’
28 ”Éta nu ditempo ku abdi, Daniél, dina impian. Abdi jadi sieun pisan nepi ka beungeut abdi sepa. Tapi éta kabéh ku abdi disimpen di jero haté.”