Imamat
11 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa jeung Harun, 2 ”Béjakeun ka urang Israél, ’Ieu rupa-rupa sato darat nu meunang didahar ku maranéh: 3 Unggal sato nu ngagayem jeung kukuna beulah kabagi dua meunang didahar.
4 ”’Tapi sato nu ngagayem hungkul atawa nu kukuna beulah hungkul teu meunang didahar. Misalna onta, enya gé ngagayem tapi kukuna henteu beulah. Éta sato téh haram. 5 Terus hiraks,* enya gé ngagayem tapi kukuna henteu beulah. Éta sato téh haram. 6 Nya kitu ogé kelenci,* enya gé ngagayem tapi kukuna henteu beulah. Éta sato téh haram. 7 Geus kitu babi, enya gé kukuna beulah kabagi dua tapi henteu ngagayem. Éta sato téh haram. 8 Maranéh teu meunang ngadahar dagingna atawa nyabak bangkéna. Éta kabéh téh sato haram.
9 ”’Sato nu hirupna di cai, boh di laut boh di walungan, nu boga sisit jeung cécépét meunang didahar. 10 Tapi naon waé nu hirup di laut atawa walungan, kaasup sato laleutik* jeung sato séjénna nu hirup di cai, nu teu boga sisit jeung cécépét kudu dianggap pikageuleuheun. 11 Lantaran éta téh pikageuleuheun, maranéh teu meunang ngadahar dagingna jeung nyabak bangkéna. 12 Naon waé nu aya di cai nu teu boga sisit jeung cécépét kudu dianggap pikageuleuheun.
13 ”’Tina sasatoan nu haliber, ieu nu kudu dianggap pikageuleuheun jeung teu meunang didahar: heulang, rajawali, manuk bangké hideung, 14 heulang beureum, tiap jinis heulang hideung, 15 tiap jinis gagak, 16 manuk onta, bueuk, camar, tiap jinis manuk falkon, 17 bueuk leutik, manuk pecuk padi, bueuk nu ceulina panjang, 18 soang, manuk pélikan, manuk bangké, 19 bango, tiap jinis manuk kuntul, manuk hupo, jeung kalong. 20 Salian ti éta, rupa-rupa serangga nu aya jangjangan jeung bisa ngarayap kudu dianggap pikageuleuheun.
21 ”’Ti antara serangga nu aya jangjangan jeung bisa ngarayap, nu meunang didahar téh ngan serangga nu boga suku-suku keur luncat jeung suku-suku keur ngarayap, 22 nyaéta rupa-rupa simeut nu sok migrasi, simeut séjénna nu bisa didahar, jeung jangkrik. 23 Kabéh serangga séjénna nu aya jangjangan jeung bisa ngarayap kudu dianggap pikageuleuheun. 24 Serangga-serangga éta bisa nyababkeun maranéh najis. Saha waé nu nyabak bangkéna bakal najis nepi ka panonpoé surup. 25 Saha waé nu mawa bangkéna kudu nyeuseuh bajuna, manéhna bakal najis nepi ka panonpoé surup.
26 ”’Sato darat naon waé nu kukuna beulah tapi teu nepi ka kabagi dua jeung teu ngagayem kudu dianggap haram. Saha waé nu nyabak bangkéna bakal jadi najis. 27 Ti antara sato nu boga opat suku, sato nu leumpangna maké dampal suku téh haram. Saha waé nu nyabak bangkéna bakal najis nepi ka panonpoé surup. 28 Saha waé nu mawa bangkéna kudu nyeuseuh bajuna, manéhna bakal najis nepi ka panonpoé surup. Kabéh sato éta téh haram.
29 ”’Ieu sato darat nu laleutik nu kudu dianggap haram: beurit taneuh, beurit, tiap jinis kadal, 30 toké, kadal gedé, salamander, kadal keusik, jeung londok. 31 Éta kabéh téh haram. Saha waé nu nyabak bangkéna bakal najis nepi ka panonpoé surup.
32 ”’Naon waé nu karagragan ku bangkéna bakal jadi najis, rék éta parabot tina kai, kaén, kulit, atawa kaén goni. Naon waé barangna kudu dilelepkeun kana cai, jeung bakal najis nepi ka panonpoé surup. Geus kitu kakara éta teu najis deui. 33 Lamun ragragna kana pariuk, pariukna kudu dipeupeuskeun. Naon waé nu aya di jerona bakal jadi najis. 34 Dahareun naon waé nu keuna cai tina éta wadah bakal jadi haram. Cai inum dina éta wadah gé bakal jadi haram. 35 Naon waé nu karagragan ku bangkéna bakal jadi najis. Panggangan roti atawa anglo gé kudu dipeupeuskeun. Éta kabéh najis jeung teu meunang dipaké deui. 36 Lamun bangkéna ragrag kana cinyusu atawa sumur paranti nampung cai, éta cai moal jadi najis. Tapi, saha waé nu nyabak bangkéna bakal jadi najis. 37 Lamun ragragna kana binih nu can dipelak, éta binih moal bakal jadi najis. 38 Tapi lamun babagian bangkéna ragrag kana binih nu geus dibaseuhan, binihna jadi najis.
39 ”’Lamun aya sato darat nu paéh, nyaéta sato nu meunang didahar, saha waé nu nyabak bangkéna bakal najis nepi ka panonpoé surup. 40 Saha waé nu ngadahar bangkéna kudu nyeuseuh bajuna, manéhna bakal jadi najis nepi ka panonpoé surup. Saha waé nu mawa bangkéna kudu nyeuseuh bajuna, manéhna bakal najis nepi ka panonpoé surup. 41 Sato darat nu laleutik jeung haram kudu dianggap pikageuleuheun. Éta teu meunang didahar. 42 Maranéh teu meunang ngadahar sato leutik, boh nu ngagulusur ku beuteungna boh nu leumpangna ku suku opat atawa ku sukuna nu loba, sabab éta kabéh téh pikageuleuheun. 43 Maranéh ulah nepi ka jadi pikageuleuheun gara-gara sato leutik éta. Maranéh ulah nepi ka jadi najis gara-gara éta kabéh. 44 Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh. Maranéh kudu bersih jeung suci, sabab Kuring téh suci. Jadi, ulah nganajisan diri ku sato-sato éta. 45 Kuring téh Yéhuwa, nu ngabudalkeun maranéh ti Mesir pikeun némbongkeun yén Kuring téh Allah maranéh. Maranéh kudu suci, sabab Kuring téh suci.
46 ”’Éta téh hukum ngeunaan sato darat, sato nu haliber, sato cai, jeung sato darat nu laleutik, 47 supaya maranéh bisa ngabédakeun mana nu najis mana nu henteu, mana nu meunang didahar mana nu henteu.’”