Bilangan
24 Waktu Biléam nyaho yén Yéhuwa hayangna ngaberkahan Israél, manéhna teu néangan deui tanda-tanda keur ngajampé-jampé Israél. Tuluy, manéhna ningali ka arah tanah gurun. 2 Bréh katingalieun ku Biléam urang Israél téh masang kémah nurutkeun kaom-kaomna. Seug manéhna narima kawasa suci Allah. 3 Geus kitu, manéhna ngucapkeun ieu puisi,
”Kekecapan Biléam anak Béor,
Kekecapan lalaki nu socana geus dibuka,
4 Kekecapan jalma nu ngadangu ucapan Allah,
Nu ningal titingalian ti Nu Mahakawasa,
Nu sujud bari socana muka:
5 Kacida éndahna kémah-kémah anjeun, hé Yakub,
Panglinggihan anjeun, hé Israél!
6 Éta kawas lebak* nu panjang jeung lega,
Kawas taman di sisi walungan,
Kawas gaharu* nu dipelak ku Yéhuwa,
Kawas tangkal aras di sisi cai.
7 Cai bakal terus nyakclakan tina dua timbana,
Binihna* ditebar di deukeut tempat nu loba caina.
Rajana bakal leuwih mulya tibatan Agag,
Karajaanana bakal diagungkeun.
8 Allah ngabudalkeun Israél ti Mesir.
Kakuatan Anjeunna nu kawas tanduk sapi jalu leuweung ngajaga maranéhna.
Maranéhna bakal ngancurkeun bangsa-bangsa nu nindes maranéhna.
Maranéhna bakal ngagarogotan tulang-tulang musuh sarta ngancurkeun musuh-musuh ku panah-panahna.
9 Maranéhna ngagolér kawas singa nu keur saré.
Saha nu wani ngahudangkeun?
Nu ngaberkahan maranéh bakal diberkahan,
Nu ngutuk maranéh bakal dikutuk.”
10 Balak jadi ambek pisan ka Biléam. Balak keprok bari nyindir, ”Anjeun dibawa ka dieu téh pikeun ngutuk musuh kuring, tapi ku anjeun kalah ka diberkahan, nepi ka tilu kali deuih. 11 Geus, geura balik. Tadina mah anjeun téh rék dibéré kahormatan nu luhur, tapi ku Yéhuwa dihalang-halang.”
12 Biléam ngajawab, ”Pan abdi tos nyarios kieu ka para utusan Juragan, 13 ’Sanajan Raja Balak masihan bumina nu pinuh ku emas sareng pérak, abdi teu tiasa nuturkeun kahayang sorangan sarta ngalanggar paréntah Yéhuwa, boh nu hadé boh nu goréng. Abdi mung tiasa ngucapkeun naon nu didugikeun ku Yéhuwa. 14 Ayeuna abdi badé wangsul ka bangsa sorangan. Tapi saméméhna, abdi badé ngabéjaan naon nu bakal dilampahkeun ku ieu bangsa ka bangsa Juragan dina mangsa ka payun.”* 15 Geus kitu, manéhna ngucapkeun ieu puisi,
”Kekecapan Biléam anak Béor,
Kekecapan lalaki nu socana geus dibuka,
16 Kekecapan jalma nu ngadangu ucapan Allah,
Nu boga pangarti ngeunaan Nu Maha Agung,
Nu ningal titingalian ti Nu Mahakawasa,
Nu sujud bari socana muka:
17 Abdi bakal nempo anjeunna, tapi teu ayeuna.
Abdi bakal ningal anjeunna, tapi engké.
Hiji béntang bakal mucunghul ti Yakub,
Tongkat karajaan bakal bijil ti Israél.
Anjeunna bakal ngaremukkeun sirahna Moab
Sarta babatokna jalma-jalma kejem.
18 Waktu Israél némbongkeun kawani,
Édom bakal dikawasaan ku manéhna,
Séir bakal dikawasaan ku musuh-musuhna.
19 Ti Yakub bakal muncul hiji jalma nu nalukkeun,
Tuluy anjeunna bakal ngamusnakeun jalma-jalma nu salamet ti éta kota.”
20 Waktu ningali Amalék, Biléam neruskeun puisina,
”Ti antara bangsa-bangsa, Amalék téh nu pangmimitina,*
Tapi tungtungna mah bakal dimusnakeun.”
21 Waktu ningali urang Kéni, Biléam neruskeun puisina,
”Pamatuhan maranéh téh aman, maranéh matuh di gawir cadas.
22 Tapi bakal aya hiji jalma nu ngaduruk urang Kéni* nepi ka béak.
Moal lila deui, maranéh bakal ditawan ku Asiria.”
23 Biléam neruskeun puisina,
”Cilaka! Saha nu bisa salamet waktu ieu dilaksanakeun ku Allah?
24 Kapal-kapal bakal datang ti pasisir Kitim.
Maranéhna bakal nyerang Asiria,
Maranéhna bakal nyerang Ébér,
Tapi maranéhna gé bakal binasa.”
25 Geus kitu Biléam balik ka tempatna, Balak gé tuluy balik.