PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 25
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Dosa urang Israél jeung awéwé Moab (1-5)

      • Pinéhas teu cicing waé waktu aya nu dosa (6-18)

Bilangan 25:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”wanci tengah poé”.

Bilangan 25:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”alat kelamin”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 25:1-18

Bilangan

25 Waktu urang Israél matuh di Syitim, maranéhna ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé-awéwé Moab. 2 Éta awéwé-awéwé téh ngajak urang Israél ngurban ka déwa-déwa maranéhna. Tuluy, urang Israél milu ngadahar kurban jeung sujud ka éta déwa-déwa. 3 Urang Israél milu nyembah ka Baal Péor, ku kituna amarah Yéhuwa ngagedur ka maranéhna. 4 Yéhuwa méré paréntah ka Musa, ”Téwak éta gegedug-gegedugna. Paéhan maranéhna, tuluy gantung mayit-mayitna di hareupeun Yéhuwa, di hareupeun jalma réa,* supaya amarah Yéhuwa nu ngagedur ka Israél téh sirna.” 5 Ti dinya, Musa ngomong kieu ka para hakim Israél, ”Maranéh kabéh kudu maéhan saha waé nu milu nyembah ka Baal Péor.”

6 Waktu urang Israél keur careurik di lawang asup kémah tepangan, ujug-ujug aya hiji lalaki Israél mawa awéwé Midian ka pakémahan. Éta dilampahkeun hareupeun Musa jeung sakumna jamaah Israél. 7 Ningali kitu, Pinéhas anak Éléazar incuna Imam Harun langsung indit ti tengah-tengah jamaah tuluy nyokot tumbak. 8 Sup manéhna asup ka kémah éta lalaki, bles éta lalaki jeung awéwé ditubles, nembus kana beuteung* éta awéwé. Geus kitu mah rep wéh wabah panyakit nu narajang Israél téh eureun. 9 Harita, nu maot ku wabah panyakit téh aya 24.000 urang.

10 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa, 11 ”Pinéhas anak Éléazar incu Imam Harun geus nyirnakeun amarah Kuring ka urang Israél lantaran manéhna teu cicing waé waktu aya nu teu satia ka Kuring. Éta sababna Kuring teu ngamusnakeun urang Israél, sanajan maranéh kuduna ngan nyembah ka Kuring hungkul. 12 Ku kituna, béjaan Pinéhas yén Kuring rék nyieun perjangjian jeung manéhna, lantaran manéhna nyukakeun Kuring. 13 Ku ayana éta perjangjian, manéhna jeung turunanana bakal jadi imam salalanggengna. Éta téh lantaran manéhna teu cicing waé waktu aya nu teu satia ka Allahna sarta geus mangméntakeun pangampura keur urang Israél.”

14 Lalaki Israél nu dipaéhan bareng jeung awéwé Midian éta téh ngaranna Zimri anak Salu. Zimri téh pamingpin kulawarga pihak bapa ti kaom Siméon. 15 Ari éta awéwé Midian mah ngaranna téh Kozbi anak Zur. Zur téh pamingpin kulawarga pihak bapa di Midian.

16 Teu lila ti dinya, Yéhuwa maréntahkeun Musa, 17 ”Serang urang Midian, paéhan maranéhna. 18 Maranéhna geus ngadatangkeun bahla jeung ngalicikan maranéh supaya maranéh ngalampahkeun dosa dina kajadian Péor. Kozbi, anak awéwé pamingpin Midian, nu dipaéhan waktu aya wabah panyakit dina kajadian Péor, ku maranéhna gé disina ngagoda supaya maranéh ngalampahkeun dosa.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun