PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 28
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Aturan keur ngabaktikeun rupa-rupa kurban (1-31)

        • Kurban beuleuman sapopoé (1-8)

        • Kurban keur Sabat (9, 10)

        • Kurban bulanan (11-15)

        • Kurban keur Paskah (16-25)

        • Kurban keur Perayaan Minggu-Minggu (26-31)

Bilangan 28:2

Catetan Handap

  • *

    As. ”roti”.

Bilangan 28:4

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi sanggeus panonpoé surup tapi saacan poék.

Bilangan 28:5

Catetan Handap

  • *

    As. ”1/10 éfa”. Tingali Lamp. B14.

  • *

    As. ”minyak zaitun murni 1/4 hin”. Tingali Lamp. B14.

Bilangan 28:8

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi sanggeus panonpoé surup tapi saacan poék.

Bilangan 28:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”2/10 éfa”.

Bilangan 28:12

Catetan Handap

  • *

    As. ”3/10 éfa”.

Bilangan 28:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”Keur unggal sapi jalu 1/2 hin”.

  • *

    As. ”keur unggal domba jalu 1/3 hin”.

Bilangan 28:24

Catetan Handap

  • *

    As. ”roti”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 28:1-31

Bilangan

28 Yéhuwa ngomong ka Musa, 2 ”Paréntahkeun kieu ka urang Israél, ’Maranéh kudu ngabaktikeun kurban ka Kuring, nyaéta kadaharan* keur Kuring. Éta téh kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Kuring téh kudu dibaktikeun dina waktu nu geus ditetepkeun.’

3 ”Béjakeun kieu ka maranéhna, ’Kurban nu dibeuleum nu kudu dibaktikeun ka Yéhuwa téh nyaéta dua anak domba jalu nu saréhat nu umurna sataun. Éta téh kurban beuleuman sapopoé nu kudu dibaktikeun. 4 Domba nu hiji dibaktikeunana isuk-isuk, nu hiji deui pas pasosoré.* 5 Éta kudu dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes 2,2 liter* nu dicampur ku minyak zaitun murni kira-kira saliter.* 6 Éta téh kurban beuleuman sapopoé nu kudu dibaktikeun nu geus ditetepkeun di Gunung Sinai. Éta téh kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 7 Unggal domba kudu dibaktikeun bareng jeung kurban inuman, nyaéta inuman nu aya alkoholan kira-kira saliter. Kucurkeun éta di tempat suci. Éta téh kurban inuman keur Yéhuwa. 8 Domba nu hiji deui dibaktikeunana pas pasosoré.* Éta kudu dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan sarta kurban inuman, sakumaha kurban nu dibaktikeun isuk-isuk. Éta téh kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa.

9 ”’Tapi dina poé Sabat, nu dibaktikeun téh kudu dua anak domba jalu nu umurna sataun jeung saréhat sarta kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes 4,4 liter* nu dicampur ku minyak, bareng jeung kurban inumanana. 10 Éta kurban beuleuman keur poé Sabat téh jadi panambah kana kurban beuleuman sapopoé jeung kurban inumanana.

11 ”’Unggal bulan, dina poé nu kahiji, maranéh kudu ngabaktikeun kurban beuleuman ka Yéhuwa, nyaéta dua sapi jalu ngora, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu nu umurna sataun jeung saréhat. 12 Unggal sapi jalu kudu dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes 6,6 liter* nu dicampur ku minyak. Unggal domba jalu kudu dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes 4,4 liter nu dicampur ku minyak. 13 Unggal anak domba jalu kudu dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes 2,2 liter nu dicampur ku minyak. Éta téh kurban beuleuman nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 14 Éta kurban gé kudu dibaktikeun bareng jeung kurban inuman, nyaéta cianggur. Keur unggal sapi jalu kira-kira 2 liter,* keur unggal domba jalu kira-kira hiji saparapat liter,* keur unggal anak domba jalu kira-kira saliter. Éta téh kurban beuleuman nu kudu dibaktikeun tiap bulan sapanjang taun. 15 Salian ti éta, baktikeun ogé hiji embé jalu ngora ka Yéhuwa keur kurban pangampura dosa. Éta téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé jeung kurban inumanana.

16 ”’Dina bulan kahiji poé ka-14, bakal aya Paskah keur Yéhuwa. 17 Geus kitu, bakal aya perayaan nu dimimitian dina poé ka-15 bulan éta. Maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian salila tujuh poé. 18 Dina poé kahiji, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah, teu meunang digawé beurat. 19 Maranéh kudu ngabaktikeun kurban beuleuman ka Yéhuwa, nyaéta dua sapi jalu ngora, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. 20 Éta kudu dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes nu dicampur ku minyak. Keur unggal sapi jalu 6,6 liter tipung lemes, keur domba jalu 4,4 liter tipung lemes. 21 Terus keur tujuh anak domba jalu, keur unggal dombana téh 2,2 liter. 22 Maranéh gé kudu ngabaktikeun hiji embé jalu keur kurban pangampura dosa ngarah dosa maranéh dihampura. 23 Éta kurban-kurban téh jadi panambah kana kurban beuleuman sapopoé nu dibaktikeun saban isuk. 24 Unggal poé salila tujuh poé, éta kudu dibaktikeun jadi kadaharan.* Cara ngabaktikeunana sarua. Éta téh kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. Éta kudu dibaktikeun bareng jeung kurban beuleuman sapopoé jeung kurban inumanana. 25 Dina poé nu katujuh, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah. Maranéh teu meunang digawé beurat.

26 ”’Dina Perayaan Minggu-Minggu, waktu maranéh ngala hasil panén nu pangmimitina, nyaéta waktu nyanggakeun kurban kadaharan ka Yéhuwa, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah. Maranéh teu meunang digawé beurat. 27 Maranéh kudu nyanggakeun kurban beuleuman, nyaéta dua sapi jalu ngora, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu nu umurna sataun. Éta kurban-kurban téh seungitna nyukakeun Yéhuwa. 28 Éta kudu dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes nu dicampur ku minyak. Keur unggal sapi jalu 6,6 liter, keur domba jalu 4,4 liter. 29 Terus keur tujuh anak domba jalu, keur unggal dombana téh 2,2 liter. 30 Baktikeun ogé hiji embé jalu ngora ngarah dosa maranéh dihampura. 31 Éta kabéh kudu dibaktikeun bareng jeung kurban inumanana. Éta téh jadi panambah kana kurban beuleuman sapopoé jeung kurban kadaharanana. Kabéh satona kudu nu saréhat.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun