Bilangan
29 ”’Dina poé kahiji bulan katujuh, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah. Maranéh teu meunang digawé beurat. Poé éta, tarompét kudu ditiup. 2 Kurbankeun hiji sapi jalu ngora, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. Éta téh kurban beuleuman nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 3 Baktikeun ogé kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes nu dicampur ku minyak. Keur sapi jalu 6,6 liter,* keur domba jalu 4,4 liter.* 4 Terus keur tujuh anak domba jalu, keur unggal dombana téh 2,2 liter.* 5 Maranéh ogé kudu ngabaktikeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa ngarah dosa maranéh dihampura. 6 Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman bulanan jeung kurban kadaharanana, kana kurban beuleuman sapopoé jeung kurban kadaharanana, sarta kana kurban inumanana, nu dibaktikeun sakumaha biasana. Éta téh kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa.
7 ”’Terus dina poé kasapuluh bulan katujuh, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah. Maranéh ogé kudu ngarendahkeun diri* jeung teu meunang baranggawé. 8 Kurbankeun hiji sapi jalu ngora, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. Éta téh kurban beuleuman nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 9 Baktikeun ogé kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes nu dicampur ku minyak. Keur sapi jalu 6,6 liter, keur domba jalu 4,4 liter. 10 Terus keur tujuh anak domba jalu, keur unggal dombana téh 2,2 liter. 11 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban pangampura dosa dina poé pangampura dosa sarta kana kurban beuleuman sapopoé jeung kurban kadaharanana. Éta kurban kudu dibaktikeun bareng jeung kurban inuman.
12 ”’Dina poé ka-15 bulan ka-7 gé maranéh kudu kumpul pikeun ibadah. Maranéh teu meunang digawé beurat sarta kudu ngayakeun perayaan salila tujuh poé keur Yéhuwa. 13 Maranéh kudu ngabaktikeun kurban beuleuman, nyaéta 13 sapi jalu ngora, 2 domba jalu, jeung 14 anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. Éta téh kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 14 Baktikeun ogé kurban kadaharan, nyaéta tipung lemes nu dicampur ku minyak. Keur 13 sapi jalu, unggal sapina 6,6 liter. Keur 2 domba jalu, unggal dombana 4,4 liter. 15 Terus keur 14 anak domba jalu, keur unggal dombana téh 2,2 liter. 16 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé, kurban kadaharanana, jeung kurban inumanana.
17 ”’Dina poé ka-2 perayaan, kurbankeun 12 sapi jalu ngora, 2 domba jalu, jeung 14 anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. 18 Ngurbankeun sapi jalu, domba jalu, jeung anak domba jalu téh kudu dibarengan ku ngabaktikeun kurban kadaharanana sarta kurban inumanana nurutkeun jumlah satona. Éta kabéh kudu dibaktikeun sakumaha biasana. 19 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé sarta kurban kadaharanana, bareng jeung kurban inumanana.
20 ”’Dina poé ka-3 perayaan, kurbankeun 11 sapi jalu, 2 domba jalu, jeung 14 anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. 21 Ngurbankeun sapi jalu, domba jalu, jeung anak domba jalu téh kudu dibarengan ku ngabaktikeun kurban kadaharanana sarta kurban inumanana nurutkeun jumlah satona. Éta kabéh kudu dibaktikeun sakumaha biasana. 22 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé, kurban kadaharanana, jeung kurban inumanana.
23 ”’Dina poé ka-4 perayaan, kurbankeun 10 sapi jalu, 2 domba jalu, jeung 14 anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. 24 Ngurbankeun sapi jalu, domba jalu, jeung anak domba jalu téh kudu dibarengan ku ngabaktikeun kurban kadaharanana sarta kurban inumanana nurutkeun jumlah satona. Éta kabéh kudu dibaktikeun sakumaha biasana. 25 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé, kurban kadaharanana, jeung kurban inumanana.
26 ”’Dina poé ka-5 perayaan, kurbankeun 9 sapi jalu, 2 domba jalu, jeung 14 anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. 27 Ngurbankeun sapi jalu, domba jalu, jeung anak domba jalu téh kudu dibarengan ku ngabaktikeun kurban kadaharanana sarta kurban inumanana nurutkeun jumlah satona. Éta kabéh kudu dibaktikeun sakumaha biasana. 28 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé, kurban kadaharanana, jeung kurban inumanana.
29 ”’Dina poé ka-6 perayaan, kurbankeun 8 sapi jalu, 2 domba jalu, jeung 14 anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. 30 Ngurbankeun sapi jalu, domba jalu, jeung anak domba jalu téh kudu dibarengan ku ngabaktikeun kurban kadaharanana sarta kurban inumanana nurutkeun jumlah satona. Éta kabéh kudu dibaktikeun sakumaha biasana. 31 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé, kurban kadaharanana, jeung kurban inumanana.
32 ”’Dina poé ka-7 perayaan, kurbankeun 7 sapi jalu, 2 domba jalu, jeung 14 anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. 33 Ngurbankeun sapi jalu, domba jalu, jeung anak domba jalu téh kudu dibarengan ku ngabaktikeun kurban kadaharanana sarta kurban inumanana nurutkeun jumlah satona. Éta kabéh kudu dibaktikeun sakumaha biasana. 34 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé, kurban kadaharanana, jeung kurban inumanana.
35 ”’Dina poé ka-8, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah, éta téh acara nu istiméwa. Maranéh teu meunang digawé beurat. 36 Baktikeun kurban beuleuman, nyaéta hiji sapi jalu, hiji domba jalu, jeung tujuh anak domba jalu nu umurna sataun. Kabéhanana kudu nu saréhat. Éta téh kurban nu dibeuleum nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 37 Ngurbankeun sapi jalu, domba jalu, jeung anak domba jalu téh kudu dibarengan ku ngabaktikeun kurban kadaharanana sarta kurban inumanana nurutkeun jumlah satona. Éta kabéh kudu dibaktikeun sakumaha biasana. 38 Maranéh ogé kudu ngurbankeun hiji embé jalu ngora sabagé kurban pangampura dosa. Éta kabéh téh panambah kana kurban beuleuman sapopoé, kurban kadaharanana, jeung kurban inumanana.
39 ”’Tah, éta kurban-kurban nu kudu dibaktikeun ka Yéhuwa unggal aya perayaan téh. Éta jadi panambah kana kurban nu diikrarkeun, kana kurban sukaréla nu dibaktikeun sabagé kurban beuleuman, sarta kana kurban kadaharan, kurban inuman, jeung kurban karukunan.’” 40 Sakabéh paréntah Yéhuwa éta ku Musa ditepikeun ka urang Israél.