Bilangan
30 Geus kitu, Musa ngomong ka para pamingpin kaom Israél, kieu cenah, ”Ieu nu diparéntahkeun ku Yéhuwa: 2 Upama hiji lalaki ikrar ka Yéhuwa, atawa upama manéhna sumpah rék pantrang kana hiji hal, éta teu meunang dilanggar. Sagala nu diikrarkeun téh kudu dilaksanakeun.
3 ”Upama hiji mojang nu cicing kénéh di imah bapana ikrar ka Yéhuwa, atawa upama manéhna sumpah rék pantrang kana hiji hal, 4 seug bapana nyahoeun kana ikrar atawa sumpahna éta, tapi teu ngalarang, éta kabéh kudu dilaksanakeun. 5 Tapi lamun sanggeus nyahoeun kana ikrar atawa sumpahna seug bapana teu satuju, éta kabéh batal. Ku sabab bapana teu satuju, Yéhuwa bakal ngahampura éta mojang.
6 ”Tapi lamun manéhna geus ikrar atawa nyieun jangji nu teu ditimbang-timbang heula, tuluy hiji waktu manéhna kawin, 7 seug salakina nyahoeun jeung teu ngalarang, ikrar atawa sumpahna kudu dilaksanakeun. 8 Tapi mun salakina nyahoeun seug ngalarang, ikrar atawa jangjina nu teu ditimbang-timbang heula téh bisa dibatalkeun ku salakina. Yéhuwa gé bakal ngahampura éta awéwé.
9 ”Béda deui lamun nu ikrarna téh randa atawa awéwé nu dipegatkeun ku salakina. Sagala nu diikrarkeun ku manéhna téh kudu dilaksanakeun.
10 ”Lamun awéwé nu geus boga salaki ikrar atawa sumpah rék pantrang kana hiji hal, 11 seug salakina nyahoeun tapi teu disualkeun atawa dilarang, sagala ikrar atawa sumpahna kudu dilaksanakeun. 12 Tapi, lamun salakina nyahoeun seug ngabatalkeun ikrar atawa sumpahna, éta kabéh batal. Yéhuwa bakal ngahampura éta awéwé sabab sumpahna geus dibatalkeun ku salakina. 13 Ikrar atawa sumpah pamajikan pikeun pantrang kana hiji hal atawa pikeun ngarendahkeun diri kudu disatujuan atawa dibatalkeun ku salakina. 14 Tapi upama sanggeus sababaraha waktu, éta teu disualkeun sama sakali ku salakina, éta hartina salakina satuju kana sagala ikrar atawa sumpah pamajikanana. Salakina dianggap satuju téh lantaran teu ngalarang waktu manéhna nyaho kana sumpah pamajikanana. 15 Upama salakina nyaho kana ikrar atawa sumpah pamajikanana tapi kakara ngabatalkeun sanggeus sababaraha waktu, nya manéhna nu kudu nanggung kasalahan pamajikanana.
16 ”Kitu aturan ti Yéhuwa nu ditepikeun ku Musa ngeunaan salaki pamajikan, sarta ngeunaan bapa jeung anak awéwéna nu cicing kénéh di imah bapana.”