PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 5
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Jalma nu najis kudu dikarantina (1-4)

      • Ngaku dosa sarta mayar ganti rugi (5-10)

      • Cai keur jalma nu dianggap jinah (11-31)

Bilangan 5:15

Catetan Handap

  • *

    As. ”tipung barli 1/10 éfa”. Tingali Lamp. B14.

Bilangan 5:21

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ieu téh ngamaksudkeun organ-organ réproduksi.

  • *

    Bisa jadi ngamaksudkeun teu bisa boga budak.

Bilangan 5:22

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ieu téh ngamaksudkeun organ-organ réproduksi.

  • *

    Bisa jadi ngamaksudkeun teu bisa boga budak.

Bilangan 5:27

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ieu téh ngamaksudkeun organ-organ réproduksi.

  • *

    Bisa jadi ngamaksudkeun teu bisa boga budak.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 5:1-31

Bilangan

5 Terus Yéhuwa ngomong deui ka Musa, 2 ”Paréntahkeun urang Israél supaya jalma nu keuna kusta, nu ngaluarkeun cairan kawas nanah, jeung nu najis lantaran mayit téh dikaluarkeun ti pakémahan. 3 Boh awéwé boh lalaki kudu dikaluarkeun. Maranéhna kudu kaluar supaya henteu nganajisan pakémahan tempat Kuring matuh di antara maranéh.” 4 Urang Israél narurut, jalma-jalma éta dikalaluarkeun ti pakémahan. Éta dilampahkeun sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa.

5 Yéhuwa neruskeun omongana-Na ka Musa, 6 ”Béjakeun ka urang Israél, ’Lamun aya lalaki atawa awéwé ngalampahkeun dosa jeung teu satia ka Yéhuwa, manéhna téh salah. 7 Manéhna kudu ngaku kana dosana jeung mayar ganti rugi pikeun kasalahanana ditambah saperlimana. Éta kudu dibikeun ka nu jadi korban. 8 Tapi, lamun nu jadi korban téh maot jeung teu boga baraya deukeut nu bisa narima ganti rugina, éta kudu dibikeun ka Yéhuwa jeung bakal jadi milik imam. Salian ti éta, manéhna gé kudu méré domba jalu nu bakal dipaké ku imam pikeun mangméntakeun pangampura keur éta jalma.

9 ”’Unggal sumbangan suci nu dibikeun ku urang Israél ka imam téh bakal jadi milik imam. 10 Pangbakti suci nu ditarima ku imam ti unggal jalma bakal jadi milik imam. Naon waé anu dibikeun ka imam bakal jadi milik imam.’”

11 Yéhuwa neruskeun omongana-Na ka Musa, 12 ”Béjakeun ka urang Israél, ’Bisa jadi aya pamajikan nu salingkuh, teu satia ka salakina, 13 sarta ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki séjén, tapi salakina teu nyahoeun, jeung kalakuanana tetep teu kanyahoan. Éta awéwé téh geus nganajisan diri sanajan teu kaperego jeung euweuh saksina. Jadi, ieu nu kudu dilampahkeun: 14 Lamun salakina timburu jeung curiga yén pamajikanana teu satia, teu sual pamajikanana téh bener geus nganajisan diri atawa henteu, 15 manéhna kudu mawa pamajikanana ka imam. Manéhna gé kudu mawa kurban keur pamajikanana, nyaéta tipung barli kira-kira 2 liter.* Tipungna teu meunang dikucuran ku minyak atawa dibéré menyan, lantaran éta téh kurban kadaharan ti jalma nu timburu. Éta téh kurban kadaharan nu ngingetkeun kana kasalahan.

16 ”’Imam bakal nitah éta awéwé maju jeung nangtung di hareupeun Yéhuwa. 17 Imam bakal nyokot cai suci tina pariuk, tuluy ngasupkeun kekebul saeutik tina dasar tabernakel kana éta cai. 18 Éta awéwé ku imam bakal dititah nangtung di hareupeun Yéhuwa, buukna disina ngarumbay. Tuluy, dampal leungeun éta awéwé ku imam bakal diteundeunan kurban kadaharan nu ngingetkeun kana kasalahan. Éta téh kurban kadaharan ti jalma nu timburu. Imam gé bakal mawa cai pait nu ngandung kutukan.

19 ”’Imam kudu nitah éta awéwé sumpah. Manéhna kudu ngomong kieu ka éta awéwé, ”Mun bener manéh teu ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki séjén salila manéh téh masih kénéh milik salaki manéh, mun bener manéh teu salingkuh jeung teu nganajisan diri, cai pait nu ngandung kutukan ieu moal teurak ka manéh. 20 Tapi, mun bener manéh salingkuh jeung geus nganajisan diri salila manéh masih kénéh milik salaki manéh, mun bener manéh ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki nu lain salaki manéh, . . .” 21 Tuluy, imam bakal nitah éta awéwé ngucapkeun sumpah yén manéhna bakal dikutuk lamun bener ngalampahkeun éta. Imam kudu ngomong ka éta awéwé, ”Ngaran manéh ku Yéhuwa sing disebut-sebut dina kutukan jeung sumpah di antara bangsa manéh. Ku Yéhuwa pingping* manéh bakal disina ngariut,* beuteung manéh disina bareuh. 22 Cai nu ngandung kutukan ieu bakal asup kana peujit tuluy nyababkeun beuteung manéh bareuh, jeung pingping* manéh ngariut.”* Tuluy éta awéwé kudu ngomong, ”Amin! Amin!”

23 ”’Geus kitu, imam kudu nuliskeun éta kutukan dina buku, tuluy tulisanana dihapus ku cai pait éta. 24 Imam bakal nitah éta awéwé nginum cai pait nu ngandung kutukan téa. Caina bakal asup ka jero awakna jeung nimbulkeun kanyeri. 25 Imam bakal nyokot kurban kadaharan tina leungeun éta awéwé, nyaéta kurban kadaharan ti jalma nu timburu. Tuluy, éta kurban bakal diayun-ayunkeun di hareupeun Yéhuwa sarta dibawa ka deukeut mézbah. 26 Imam bakal nyokot kurban kadaharan éta sakeupeul, tuluy dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Éta téh pikeun ngawakilan sakabéh kurban kadaharan. Geus kitu, imam bakal nitah éta awéwé nginum caina. 27 Mun enya éta awéwé téh geus nganajisan diri jeung teu satia ka salakina, barang diinum, caina bakal asup kana awakna jeung nimbulkeun kanyeri. Beuteungna bakal bareuh, pingpingna* gé bakal ngariut.* Ngaran éta awéwé bakal disebut-sebut dina kutukan di antara bangsana. 28 Tapi lamun éta awéwé bersih jeung teu nganajisan diri, manéhna bakal bébas tina hukuman. Manéhna bisa ngandung jeung bisa boga budak.

29 ”’Éta téh hukum ngeunaan salaki nu timburu nu nyangka pamajikanana geus salingkuh jeung nganajisan diri salila manéhna masih kénéh milik salakina, 30 atawa waktu aya salaki nu timburu jeung curiga pamajikanana téh teu satia. Manéhna kudu mawa pamajikanana ngadep ka Yéhuwa, tuluy imam kudu ngajalankeun kabéh hukum tadi. 31 Salakina bakal bébas tina kasalahan. Tapi pamajikanana, lamun enya salah, kudu nanggung balukarna.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun