PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 6
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Ikrar pikeun jadi Nazir (1-21)

      • Imam ngaberkahan bangsa Israél (22-27)

Bilangan 6:2

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Jalma nu Dihususkeun; Jalma nu Dibaktikeun; Jalma nu Dipisahkeun”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hak 13:5

Bilangan 6:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 10:9; Am 2:11, 12; Luk 1:15

Bilangan 6:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hak 13:5; 16:17; 1Sam 1:11

Bilangan 6:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 21:1, 11

Bilangan 6:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 19:14
  • +Bil 6:13, 18

Bilangan 6:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 5:8, 10

Bilangan 6:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 30:2; Pan 5:4

Bilangan 6:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 1:10
  • +Ima 4:32
  • +Ima 3:1

Bilangan 6:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 2:1; 6:14
  • +Bil 15:8, 10

Bilangan 6:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 2:9

Bilangan 6:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 6:5

Bilangan 6:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 8:31

Bilangan 6:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 29:23, 24
  • +Ima 7:34

Bilangan 6:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hak 13:5

Bilangan 6:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 9:22; Pam 10:8

Bilangan 6:24

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Rut 2:4; Jab 134:3

Bilangan 6:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 31:16; 67:1

Bilangan 6:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 29:11; Luk 2:14

Bilangan 6:27

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 28:10; Yés 43:7, 10
  • +Jab 5:12; 67:7

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bil. 6:2Hak 13:5
Bil. 6:3Ima 10:9; Am 2:11, 12; Luk 1:15
Bil. 6:5Hak 13:5; 16:17; 1Sam 1:11
Bil. 6:7Ima 21:1, 11
Bil. 6:9Bil 19:14
Bil. 6:9Bil 6:13, 18
Bil. 6:11Ima 5:8, 10
Bil. 6:13Bil 30:2; Pan 5:4
Bil. 6:14Ima 1:10
Bil. 6:14Ima 4:32
Bil. 6:14Ima 3:1
Bil. 6:15Ima 2:1; 6:14
Bil. 6:15Bil 15:8, 10
Bil. 6:17Ima 2:9
Bil. 6:18Bil 6:5
Bil. 6:19Ima 8:31
Bil. 6:20Bud 29:23, 24
Bil. 6:20Ima 7:34
Bil. 6:21Hak 13:5
Bil. 6:23Ima 9:22; Pam 10:8
Bil. 6:24Rut 2:4; Jab 134:3
Bil. 6:25Jab 31:16; 67:1
Bil. 6:26Jab 29:11; Luk 2:14
Bil. 6:27Pam 28:10; Yés 43:7, 10
Bil. 6:27Jab 5:12; 67:7
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 6:1-27

Bilangan

6 Terus Yéhuwa nyarios deui ka Musa, 2 ”Béjakeun ka urang Israél, ’Lamun aya lalaki atawa awéwé nyieun ikrar husus rék ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jadi jalma Nazir,*+ 3 manéhna teu meunang nginum cianggur atawa naon waé nu aya alkoholan, teu meunang nginum cuka anggur atawa cuka naon waé nu aya alkoholan.+ Manéhna gé teu meunang nginum inuman naon waé nu asalna tina buah anggur, atawa ngadahar buahna, boh nu seger boh nu geus garing. 4 Salila manéhna jadi Nazir, manéhna teu meunang ngadahar naon waé nu asalna tina tangkal anggur, kaasup buahna nu can asak atawa kulitna.

5 ”’Salila manéhna katalian ku ikrar jadi jalma Nazir, buukna teu meunang dicukur.+ Manéhna kudu tetep suci. Jadi, buukna kudu diantep sina manjangan nepi ka waktuna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa réngsé. 6 Manéhna teu meunang deukeut-deukeut jeung mayit salila manéhna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa, 7 sanajan éta téh mayit bapana, indungna, dulur lalakina, atawa dulur awéwéna. Manéhna teu meunang nganajiskeun diri,+ lantaran buuk dina sirahna téh tanda manéhna ngabaktikeun diri ka Allahna sabagé jalma Nazir.

8 ”’Salila jadi Nazir, manéhna téh suci keur Yéhuwa. 9 Tapi, lamun aya nu ujug-ujug maot di deukeut manéhna+ nepi ka nganajisan buuk nu jadi tanda pangbaktina ka Allah, manéhna kudu nyukur buukna+ dina poé katujuh, nyaéta dina poé manéhna dinyatakeun teu najis deui. 10 Dina poé kadalapan, manéhna kudu mawa dua tikukur atawa dua japati ngora ka imam di lawang asup kémah tepangan. 11 Manuk nu hiji ku imam bakal dijadikeun kurban pangampura dosa, ari nu hiji deui dijadikeun kurban beuleuman. Imam bakal mangméntakeun pangampura keur dosa éta jalma+ lantaran manéhna geus antel kana mayit. Éta jalma kudu nyucikeun sirahna dina poé éta. 12 Mun geus kitu, manéhna kudu ngabaktikeun diri deui ka Yéhuwa sabagé jalma Nazir. Manéhna kudu mawa hiji domba jalu nu umurna sataun atawa kurang pikeun jadi kurban kasalahan. Ari mangsa nu geus kaliwat, nyaéta basa manéhna jadi Nazir, moal diitung. Éta téh lantaran manéhna geus kanajisan.

13 ”’Ieu hukum ngeunaan jalma Nazir: Lamun waktuna sabagé Nazir geus réngsé,+ manéhna kudu dibawa ka lawang asup kémah tepangan. 14 Di dinya, manéhna kudu ngabaktikeun kurban ka Yéhuwa, nyaéta hiji domba jalu pikeun jadi kurban beuleuman+ sarta hiji domba bikang pikeun jadi kurban pangampura dosa.+ Duanana kudu nu séhat jeung umurna sataun atawa kurang. Salian ti éta, manéhna gé kudu mawa hiji domba jalu nu séhat pikeun jadi kurban karukunan.+ 15 Manéhna gé kudu mawa sakaranjang roti nu teu diragian nu bentukna siga geulang tina tipung lemes nu dicampur ku minyak, sarta roti ipis nu teu diragian nu diulasan ku minyak. Salian ti éta, manéhna kudu mawa kurban kadaharan+ jeung kurban inuman.+ 16 Imam bakal mawa éta kabéh ka hareupeun Yéhuwa sarta ngabaktikeun kurban pangampura dosa jeung kurban beuleuman éta jalma. 17 Imam bakal ngabaktikeun ka Yéhuwa domba jalu nu jadi kurban karukunan bareng jeung sakaranjang roti nu teu diragian téa. Imam gé bakal ngabaktikeun kurban kadaharan+ jeung kurban inuman.

18 ”’Di lawang asup kémah tepangan, jalma Nazir éta kudu nyukur buukna+ nu diantep sina manjangan salila manéhna jadi Nazir. Geus kitu manéhna kudu nyokot buukna, tuluy buukna kudu diasupkeun kana seuneu nu aya di handapeun kurban karukunan. 19 Terus, imam kudu nyokot pingping hareup domba jalu nu geus dikulub,+ hiji roti nu teu diragian nu bentukna siga geulang, jeung hiji roti ipis nu teu diragian tina karanjang. Seug éta kabéh sina ditampanan ku jalma Nazir nu geus nyukur tanda Nazirna. 20 Éta kabéh ku imam kudu diayun-ayun pikeun jadi kurban nu diayun-ayunkeun hareupeun Yéhuwa.+ Éta téh pangbakti nu suci milik imam. Kitu ogé jeung suku kurban, nyaéta bagian nu suci, sarta dada kurban nu diayun-ayunkeun.+ Mun geus kitu, kakara jalma Nazir éta meunang nginum cianggur.

21 ”’Ieu hukum ngeunaan jalma Nazir+ nu nyieun ikrar: Lamun manéhna nyieun ikrar rék ngabaktikeun kurban ka Yéhuwa leuwih ti nu dipénta, manéhna kudu nedunan ikrarna sajalan jeung hukum ngeunaan jalma Nazir.’”

22 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, 23 ”Béjakeun ka Harun jeung ka anak-anak lalakina, ’Kieu carana maranéh ngaberkahan+ bangsa Israél,

24 ”Mugia Yéhuwa ngaberkahan+ jeung nangtayungan aranjeun.

25 Mugia Yéhuwa bungah ningali aranjeun+ sarta resep ka aranjeun.

26 Mugia Yéhuwa bageur jeung méré katengtreman ka aranjeun.”’+

27 Maranéhna kudu nyebutkeun ngaran Kuring waktu ngaberkahan bangsa Israél,+ supaya éta bangsa diberkahan ku Kuring.”+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun