Nu Ditulis ku Matius
16 Jol urang Farisi jeung Saduki nyampeurkeun Isa rék ngadoja manéhna. Maranéhna ménta tanda ti sorga ka Isa. 2 Manéhna ngajawab, ”Lamun pasosoré di langit aya layung beureum, maranéh ngomong, ’Ah ieu mah moal hujan,’ 3 atawa, isuk-isuk ningali langit beureum tapi ceudeum, maranéh ngomong, ’Ieu mah rék hujan.’ Maranéh bisa napsirkeun rupa langit, tapi teu bisa napsirkeun tanda-tanda jaman ayeuna. 4 Jalma-jalma jaman ayeuna nu jahat jeung teu satia* ieu terus ménta tanda, tapi maranéhna moal dibéré tanda salian ti tanda Yunus.” Tuluy Isa indit ninggalkeun maranéhna.
5 Waktu keur meuntas situ, murid-muridna pohoeun mawa roti. 6 Isa ngomong ka maranéhna, ”Sing ati-ati jeung waspada kana ragi urang Farisi jeung Saduki.” 7 Ceuk murid-murid ka pada baturna, ”Meureun manéhna ngomong kitu téh pédah urang teu mawa roti.” 8 Isa nyahoeun tuluy ngomong, ”Naha bet ngaributkeun teu mawa roti? Ku naon maranéh téh kurang iman? 9 Maranéh can paham kénéh waé? Maenya teu inget lima roti bisa méré dahar 5.000 lalaki? Inget teu maranéh ngumpulkeun sésana sabaraha karanjang? 10 Atawa, tujuh roti bisa méré dahar 4.000 lalaki. Maranéh ngumpulkeun sésana sabaraha tolombong?* 11 Na ku naon maranéh teu ngarti urang téh lain keur ngomongkeun roti, tapi keur ngomongkeun maranéh kudu ati-ati kana ragi urang Farisi jeung Saduki?” 12 Kakara maranéhna ngarti, kudu ati-ati téh lain kana ragina roti, tapi kana pangajaran urang Farisi jeung Saduki.
13 Basa nepi ka daérah Kaisaréa Filipi, Isa nanya ka murid-muridna, ”Ari ceuk batur, Putra manusa téh saha?” 14 Maranéhna ngajawab, ”Aya nu nyebutkeun Yahya Jurubaptis, aya nu nyebutkeun Élia, aya ogé nu nyebutkeun Yérémia atawa salah sahiji nabi.” 15 Manéhna nanya deui, ”Ari ceuk maranéh, urang téh saha?” 16 Simon Pétrus ngajawab, ”Al-Masih, Putrana Allah nu hirup.” 17 Ceuk Isa ka manéhna, ”Bagja manéh, Simon anak Yunus, sabab manéh nyaho hal éta téh lain ti manusa* tapi ti Bapa urang nu di sorga. 18 Urang gé ngabéjaan: Manéh téh Pétrus. Dina batu ieu urang bakal ngabangun sidang jamaah nu moal kaéléhkeun ku kawasana maot.* 19 Manéh ku urang bakal dibéré konci Pamaréntahan sorga. Naon waé nu dibeungkeut ku manéh di bumi, éta geus dibeungkeut di sorga, jeung naon waé nu dileupaskeun ku manéh di bumi, éta geus dileupaskeun di sorga.” 20 Saterusna, murid-muridna dilarang nyarita ka sasaha yén manéhna téh Al-Masih.
21 Ti saprak harita, Isa mulai ngajelaskeun ka murid-muridna, manéhna kudu ka Yérusalém jeung dikaniaya ku para pamingpin, imam-imam kapala, jeung ahli Torét, tuluy dipaéhan, tapi dina poé katilu bakal dihirupkeun deui. 22 Ngadéngé kitu, Isa ditarik ka sisi ku Pétrus tuluy ditegor, ”Ulah ngomong kitu. Éta moal kaalaman ku Juragan.” 23 Isa malik tuluy ngomong ka Pétrus, ”Nyingkah ka tukang, Sétan! Manéh jadi hahalang keur urang.* Pikiran manéh téh pikiran manusa lain pikiran Allah.”
24 Tuluy Isa ngomong ka murid-muridna, ”Saha waé nu hayang nuturkeun urang, teu meunang nuturkeun kahayangna sorangan, kudu manggul tihang siksaan* siga urang, jeung terus nuturkeun urang. 25 Sabab saha waé nu hayang nyalametkeun nyawana bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana demi urang bakal meunangkeun nyawana. 26 Sok, naon untungna lamun saurang jalma boga sagala hal di dunya ieu tapi kaleungitan nyawana? Naon nu rék dibikeun keur ngagantian nyawana? 27 Sabab Putra manusa bakal datang dina kamulyaan Bapana bari diiring ku para malaikat. Manéhna bakal ngabales unggal jalma satimpal jeung kalakuanana. 28 Sing percaya, sababaraha di antara maranéh nu aya di dieu moal bakal maot saacan ningali Putra manusa datang dina Pamaréntahanana.”