Nu Ditulis ku Lukas
3 Dina taun ka-15 pamaréntahan Kaisar Tibérius, waktu Pontius Pilatus jadi gubernur Yudéa, waktu Hérodés*+ jadi pangawasa daérah Galiléa, waktu Filipus lanceukna jadi pangawasa daérah Ituréa jeung Trakhonitis, waktu Lisanias jadi pangawasa daérah Abiléné, 2 sarta waktu Hanas jeung Kayafas+ jadi imam kapala, Yahya+ anak Zakharia narima firman ti Allah di tanah gurun.+
3 Bral manéhna ngideran daérah Walungan Yordan tuluy ngabéjaan jalma-jalma sangkan dibaptis sabagé tanda yén maranéhna geus tobat. Ku kituna, dosa-dosa maranéhna dihampura.+ 4 Éta téh sajalan jeung nu ditulis dina kitab Nabi Yésaya, ”Aya nu ngagero di tanah gurun, ’Siapkeun jalan keur Yéhuwa,* jieun jalan nu lempeng!+ 5 Kabéh lebak kudu diurug, kabéh gunung jeung pasir* diratakeun, jalan nu pungkal-péngkol kudu dilempengkeun, sarta jalan nu batuan dimuluskeun. 6 Geus kitu, kabéh jalma bakal ningali kasalametan ti Allah.’”+
7 Jadi, manéhna ngomong ka jalma réa nu daratang pikeun dibaptis ku manéhna, ”Éh, turunan oray! Ceuk saha maranéh bisa lolos tina amarah Allah?+ 8 Jadi, sok buktikeun maranéh geus tarobat. Ulah mikir kieu di jero haté, ’Da urang mah turunan Ibrahim.’ Yeuh déngékeun, Allah mah bisa nyieun ieu batu-batu jadi turunan Ibrahim. 9 Di deukeut akar tangkal, geus aya kampak. Unggal tangkal nu teu ngahasilkeun buah nu alus bakal dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.”+
10 Jalma réa nanya kieu ka manéhna, ”Mun kitu, urang kudu kumaha atuh?” 11 Manéhna ngajawab, ”Nu boga baju dua,* bikeun hiji ka nu teu boga, kitu ogé jeung nu boga dahareun.”+ 12 Tukang narik pajeg gé daratang hayang dibaptis ku manéhna.+ Ceuk maranéhna, ”Guru, urang kudu kumaha?” 13 Yahya ngajawab, ”Ulah nagih pajeg leuwih tina jumlah nu diwajibkeun.”+ 14 Para prajurit ogé naranya kieu, ”Urang kudu kumaha?” Dijawabna téh, ”Ulah sok ngaganggu* atawa nuduh nu henteu-henteu ka batur.+ Sing puas ku tunjangan* sorangan.”
15 Harita jalma-jalma nu ngarepkeun datangna Al-Masih malikir kieu ngeunaan Yahya, ”Ieu kitu Al-Masih téh?”+ 16 Yahya ngomong kieu ka kabéhanana, ”Urang ngabaptis maranéh téh ku cai, tapi jalma nu bakal datang mah ngabaptis maranéh téh ku kawasa suci jeung seuneu.+ Anjeunna leuwih hébat tibatan urang. Ngaleupaskeun tali sendalna gé urang mah teu pantes.+ 17 Di pangirikan,* anjeunna nyekel sekop keur misahkeun gandum jeung cangkangna. Terus anjeunna bakal ngabersihan éta tempat. Gandumna dikumpulkeun ka lumbung, ari huut badagna diduruk ku seuneu nu teu bisa dipareuman.”
18 Yahya ogé méré loba naséhat séjén sarta terus nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma. 19 Ari ka Hérodés, pangawasa daérah Galiléa mah, manéhna negor ngeunaan sagala kajahatanana jeung ngeunaan Hérodias, pamajikan lanceukna. 20 Éta sababna Hérodés nyieun kajahatan deui, nyaéta ngajebloskeun Yahya ka panjara.+
21 Waktu sakabéh jalma éta dibaptis, Isa ogé dibaptis.+ Basa Isa ngadoa, langit muka,+ 22 tuluy kawasa suci dina wujud manuk japati eunteup ka Isa. Geus kitu aya sora ti langit, ”Hidep téh Putra Bapa.* Bapa* nyaah jeung resep ka hidep.”+
23 Isa+ ngamimitian palayananana basa kira-kira umur 30 taun.+ Ceuk jalma réa, manéhna téh
anak Yusuf,+
anak Héli,
24 anak Mattat,
anak Léwi,
anak Mélkhi,
anak Yannai,
anak Yusuf,
25 anak Matatias,
anak Amos,
anak Nahum,
anak Ésli,
anak Nagai,
26 anak Maat,
anak Matatias,
anak Séméin,
anak Yosékh,
anak Yoda,
27 anak Yoanan,
anak Résa,
anak Zérubabél,+
anak Syéaltiél,+
anak Néri,
28 anak Mélkhi,
anak Adi,
anak Kosam,
anak Élmadam,
anak Ér,
29 anak Yésus,
anak Éliézér,
anak Yorim,
anak Mattat,
anak Léwi,
30 anak Siméon,
anak Yudas,
anak Yusuf,
anak Yonam,
anak Éliakim,
31 anak Méléa,
anak Ména,
anak Matata,
anak Natan,+
anak Daud,+
anak Obéd,+
anak Boaz,+
anak Salmon,+
anak Nahsyon,+
33 anak Aminadab,
anak Arni,
anak Hézron,
anak Péréz,+
anak Yéhuda,+
anak Ishak,+
anak Ibrahim,+
anak Térah,+
anak Nahor,+
anak Réu,+
anak Pélég,+
anak Ébér,+
anak Syéla,+
36 anak Kainan,
anak Arpakhsyad,+
anak Sém,+
anak Nuh,+
anak Lamékh,+
anak Hénokh,
anak Yaréd,+
anak Mahalaléél,+
anak Kainan,+
anak Sét,+
anak Adam,+
anak Allah.