Nu Ditulis ku Lukas
4 Isa nu pinuh ku kawasa suci indit ti Walungan Yordan. Anjeunna dibingbing ku kawasa suci ka tanah gurun+ 2 tuluy cicing di dinya salila 40 poé. Salila éta, anjeunna teu dahar nanaon. Jadi sanggeus éta, anjeunna lapar. Geus kitu, anjeunna digoda ku Iblis.+ 3 Ceuk Iblis, ”Lamun bener anjeun putra Allah, coba ieu batu jadikeun roti.” 4 Tapi ku Isa dijawab, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Manusa hirup téh lain ku dahareun* wungkul.’”+
5 Jadi, Iblis mawa anjeunna ka tempat nu luhur, tuluy sakolébat némbongkeun sakabéh karajaan di dunya.+ 6 Ceuk Iblis, ”Kakawasaan kana ieu kabéh jeung kamulyaanana bakal dibikeun ka anjeun, sabab éta kabéh geus dipasrahkeun ka kuring+ sarta bisa dibikeun ka saha waé sakahayang kuring. 7 Jadi, lamun anjeun daék nyembah sakali waé ka kuring, éta kabéh bakal dibikeun ka anjeun.” 8 Dijawab ku Isa, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Manéh kudu nyembah ka Yéhuwa* Allah manéh. Ngan ka Anjeunna manéh kudu ngabdi.’”+
9 Ti dinya Isa dibawa ka Yérusalém, ka puncak bait, tuluy Iblis ngomong, ”Lamun bener anjeun putra Allah, sok ngajleng ti dieu.+ 10 Pan aya ayat nu nyebutkeun, ’Anjeunna bakal maréntahkeun malaikat-malaikat-Na pikeun ngajaga anjeun,’ 11 sarta, ’Para malaikat-Na bakal ngangkat anjeun ku leungeun maranéhna, supaya suku anjeun teu tigasruk kana batu.’”+ 12 Isa ngajawab, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Ulah nguji Yéhuwa* Allah manéh.’”+ 13 Sanggeus bérés ngagoda Isa, léos Iblis indit ninggalkeun anjeunna bari ngadagoan kasempetan séjén nu cocog.+
14 Isa, nu pinuh ku kawasa suci, ayeuna balik ka Galiléa.+ Hal-hal hadé ngeunaan anjeunna nyebar ka sakuliah daérah éta. 15 Anjeunna gé mimiti ngajar di tempat-tempat ibadah, sarta kabéh jalma pada muji ka anjeunna.
16 Anjeunna tuluy indit ka Nazarét,+ tempat anjeunna digedékeun. Sakumaha kabiasaanana dina poé Sabat, anjeunna asup ka tempat ibadah+ tuluy nangtung pikeun maca Kitab Suci. 17 Anjeunna diasongan gulungan Nabi Yésaya. Gulunganana dibuka, tuluy anjeunna manggihan ieu ayat, 18 ”Yéhuwa* méré kawasa suci-Na ka abdi, sabab abdi dilantik ku Anjeunna pikeun nguarkeun warta hadé ka nu miskin. Anjeunna ngutus abdi pikeun ngumumkeun ka para tawanan yén maranéhna bakal dibébaskeun sarta nu lalolong bakal dibareuntakeun, pikeun ngabébaskeun nu ditindes,+ 19 jeung pikeun ngawartakeun mangsana Yéhuwa* ngaberkahan jalma-jalma.”+ 20 Gulunganana ku anjeunna digulung deui tuluy dibikeun ka nu tugas di tempat ibadah. Gék anjeunna diuk bari dipelong ku sakabéh nu hadir. 21 Pokna, ”Poé ieu, ayat nu bieu didangu ku aranjeun téh tos laksana.”+
22 Maranéhna kabéh muji-muji Isa, tarajubeun kana kekecapan anjeunna nu sakitu alusna,+ tuluy pada ngaromong kieu, ”Manéhna téh anakna Yusuf téa, lain?”+ 23 Geus kitu Isa ngomong, ”Pasti aranjeun rék nerapkeun ieu paribasa ka abdi, ’Tabib, cageurkeun heula diri sorangan,’ sarta aranjeun bakal ngomong, ’Hal-hal nu cenah mah dipigawé di Kapernaum téh pigawé ogé atuh di dieu, di lembur sorangan.’”+ 24 Anjeunna ngomong deui, ”Sabenerna, euweuh nabi nu dihargaan di lemburna sorangan.+ 25 Misalna dina jaman Élia, aya loba randa di Israél waktu hujan teu turun-turun nepi ka tilu satengah taun, sarta aya kalaparan nu parah di sakuliah nagri.+ 26 Tapi Élia teu diutus ka éta randa-randa, diutusna téh ngan ka hiji randa di Zaréfat di nagri Sidon.+ 27 Salian ti éta, dina jaman Nabi Élisa,* aya loba jalma nu boga panyakit kusta, tapi euweuh nu dicageurkeun, ngan Naaman urang Siria.”+ 28 Ngadéngé kitu, kabéh nu aya di tempat ibadah kacida ambekna.+ 29 Maranéhna cengkat, gancang mawa Isa ka luareun kota. Kota maranéhna téh aya di luhureun gunung, jadi Isa dibawa ka sisi jurang rék disuntrungkeun. 30 Tapi anjeunna norobos jalma réa, tuluy indit ti dinya.+
31 Geus kitu, anjeunna turun ka kota Kapernaum, di Galiléa. Anjeunna ngajar jalma-jalma dina poé Sabat.+ 32 Jalma-jalma tarajub kana cara anjeunna ngajar,+ lantaran anjeunna ngajar téh cara jalma nu boga wewenang ti Allah. 33 Harita, di tempat ibadah téh aya lalaki nu kasurupan ku roh jahat. Manéhna ngagorowok,+ 34 ”Éh, Isa urang Nazarét!+ Rék naon ka dieu? Rék ngabinasakeun kuring? Kuring nyaho pisan anjeun téh Nu Suci utusan Allah!”+ 35 Tapi ku Isa dibentak, ”Jempé! Kaluar ti manéhna!” Seug éta lalaki téh ku roh jahat dibeubeutkeun di tengah jalma-jalma. Tuluy roh jahatna kaluar, tapi éta lalaki teu dikukumaha. 36 Ningali kitu, kabéh jalma olohok jeung pada ngomong kieu, ”Euleuh, omonganana téh mani hébat. Kawasana gé gedé pisan. Roh jahat dititah indit téh indit!” 37 Ti dinya, béja ngeunaan anjeunna nyebar ka mamana nepi ka sakuliah daérah éta.
38 Ti tempat ibadah, Isa indit ka imahna Simon. Mitohana Simon nu awéwé keur muriang panas, jadi Isa dipénta nulungan manéhna.+ 39 Isa nangtung gigireun manéhna tuluy nyageurkeun manéhna tina muriangna. Harita kénéh manéhna hudang tuluy ngaladénan saréréa.
40 Sanggeus surup panonpoé, kabéh jalma mawa jalma-jalma gering di imahna ka Isa, panyakitna téh rupa-rupa. Maranéhna dicageurkeun hiji-hiji ku cara ditumpangan leungeun ku Isa.+ 41 Anjeunna ogé ngusir roh-roh jahat ti loba jalma. Roh-roh éta ngagorowok, ”Anjeun téh Putra Allah.”+ Tapi ku Isa dibentak sina jempé,+ lantaran maranéhna nyahoeun anjeunna téh Al-Masih.+
42 Isukna waktu meleték panonpoé, Isa indit ka tempat nu sepi.+ Tapi, jalma réa néangan anjeunna. Waktu kapanggih, Isa ditahan-tahan ngarah teu indit. 43 Tapi ceuk anjeunna, ”Urang gé kudu nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka kota-kota séjén, da éta tujuan urang diutus téh.”+ 44 Jadi, anjeunna indit ngawawar ka tempat-tempat ibadah di Yudéa.