Nu Ditulis ku Lukas
5 Hiji poé, basa Isa aya di basisir Situ Génésarét,* jalma réa pasesedek hayang ngadéngékeun anjeunna ngajar firman Allah.+ 2 Tuluy anjeunna ningali dua parahu kosong di sisi situ, ari nalayan-nalayanna keur ngumbah jaring.+ 3 Anjeunna naék kana hiji parahu, éta téh milik Simon, terus nitah Simon mawa parahuna rada ka tengah. Gék anjeunna diuk jeung ngajar jalma réa tina parahu. 4 Sanggeus bérés ngajar jalma réa, anjeunna ngomong ka Simon, ”Sok bawa parahuna ka nu jero, tuluy turunkeun jaringna.” 5 Simon ngajawab, ”Guru, geus sapeuting jeput urang kabéh ngala lauk, tapi teu beubeunangan.+ Tapi ku lantaran dititah ku Guru, nya sok ku urang rék diturunkeun jaringna.” 6 Prak jaring téh diturunkeun, ari pék téh lauk nu kaala loba pisan nepi ka jaringna soéh.+ 7 Jadi, maranéhna ngagupayan babaturanana nu aya di parahu séjén sina mantuan, seug daratang. Parahu téh duanana téréh tilelep bakating pinuh ku lauk. 8 Ningali kitu, bruk Simon Pétrus sideku hareupeun Isa tuluy ngomong, ”Juragan, abdi teu layak aya di deukeut Juragan, rumasa abdi mah jalma dosa.” 9 Ngomong kitu téh sabab manéhna jeung nu séjénna mani barengong ningali lauk beubeunanganana sakitu lobana, 10 kitu ogé jeung batur gawéna Simon, nyaéta Yakobus jeung Yahya, anak-anakna Zébédéus.+ Tapi Isa ngomong ka Simon, ”Ulah sieun. Ti semet ayeuna, manéh bakal ngala jalma.”+ 11 Jadi parahuna dikadaratkeun, tuluy maranéhna ninggalkeun sagalana, seug nuturkeun Isa.+
12 Sakali waktu, basa Isa keur di hiji kota, aya hiji lalaki nu katerap kusta saawak-awak! Barang ningali Isa, bruk manéhna sujud jeung méménta kieu, ”Juragan, upami kersa mah Juragan tiasa nyageurkeun abdi.”+ 13 Isa nyodorkeun leungeunna tuluy nyabak manéhna bari ngomong, ”Abdi daék! Ku abdi bakal dicageurkeun.” Panyakit kustana langsung leungit.+ 14 Isa nitah manéhna ulah bébéja ka sasaha. Ceuk anjeunna, ”Jung indit ka imam, ménta dipariksa. Tuluy, baktikeun kurban sakumaha nu diatur ku Hukum Musa,+ ngarah maranéhna nyaho anjeun téh geus cageur.”+ 15 Tapi, angger béja ngeunaan Isa terus nyebar. Loba jalma murubul hayang ngadéngékeun jeung hayang cageur tina panyakitna.+ 16 Sanajan kitu, Isa sering indit ka tempat nu sepi pikeun ngadoa.
17 Hiji poé, waktu Isa keur ngajar, urang Farisi jeung guru-guru Torét dariuk di dinya. Maranéhna daratang ti unggal kampung di Galiléa jeung Yudéa sarta ti Yérusalém. Yéhuwa* méré kawasa ka Isa pikeun nyageurkeun nu gering.+ 18 Harita, aya jalma-jalma nu ngagotong hiji lalaki lumpuh dina tandu, tadina mah rék dibawa ka hareupeun Isa.+ 19 Tapi ku sabab kahalangan ku jalma réa, maranéhna teu bisa mawa éta jalma ka Isa. Jadi maranéhna naék kana hateup,* ngaliangan hateupna, tuluy nurunkeun jalma nu lumpuh éta maké tanduna percis hareupeun Isa. 20 Ningali kitu, Isa nyaho yén maranéhna boga iman. Jadi anjeunna ngomong, ”Dulur, dosa-dosa manéh geus dihampura.”+ 21 Para ahli Torét jeung urang Farisi badami tuluy ngaromong kieu, ”Saha manéhna téh, bet wawanianan ngahina ka Allah? Nya nu bisa ngahampura dosa mah ngan Allah atuh!”+ 22 Ku lantaran nyaho nu dipikirkeun ku maranéhna, Isa némbalan, ”Ku naon aranjeun mikir siga kitu? 23 Cik, mana nu leuwih gampang, ngomong, ’Dosa manéh geus dihampura,’ atawa, ’Geura nangtung, sok leumpang’? 24 Tapi, supaya aranjeun nyaho yén Anak manusa boga kawasa ngahampura dosa di dunya . . .” Tuluy Isa ngomong ka nu lumpuh éta, ”Sok nangtung, candak tanduna, jung geura balik.”+ 25 Harita kénéh éta jalma nangtung hareupeun jalma réa, mawa tandu urut manéhna digolérkeun, tuluy balik ka imah bari muji sukur ka Allah. 26 Kabéh jalma tarajubeun jeung pada muji sukur ka Allah. Ceuk maranéhna, ”Poé ieu, urang geus nyaksian hal nu luar biasa!”
27 Ti dinya, Isa indit jeung nempo tukang narik pajeg nu ngaranna Léwi keur diuk di kantor pajeg. Isa ngomong ka manéhna, ”Hayu jadi murid urang.”+ 28 Manéhna cengkat, ninggalkeun sagalana, terus nuturkeun Isa. 29 Tuluy Léwi ngayakeun pésta gedé keur Isa di imahna. Loba tukang narik pajeg jeung jalma séjén gé ngariung milu dahar.+ 30 Ningali kitu, urang Farisi jeung ahli Torét kukulutus ka murid-murid Isa, kieu cenah, ”Ku naon maranéh téh bet dahar nginum bareng jeung tukang narik pajeg sarta jalma-jalma nu sok ngalampahkeun dosa?”+ 31 Isa ngajawab, ”Nu butuh dokter mah lain jalma séhat, tapi jalma gering.+ 32 Urang datang téh lain rék néangan jalma bener, tapi jalma nu ngalampahkeun dosa sangkan tarobat.”+
33 Maranéhna ngomong ka Isa, ”Murid-muridna Yahya, kitu ogé jeung murid-muridna urang Farisi, sering puasa jeung husu ngadoa, ari murid-murid manéh mah ngadon dahar jeung nginum.”+ 34 Ceuk Isa, ”Lamun pangantén lalaki masih kénéh babarengan jeung sobat-sobatna, piraku aranjeun nitah sobat-sobatna éta paruasa? 35 Tapi engké, waktu pangantén lalakina+ dibawa, kakara sobat-sobatna paruasa.”+
36 Anjeunna méré ieu ibarat ka maranéhna, ”Moal aya jalma nu neukteuk baju anyar keur nambal baju butut. Mun kitu mah baju nu ditambalna bakal soéh, sarta tambalanana teu cocog jeung baju nu butut.+ 37 Kitu ogé, moal aya nu nyicikeun cianggur anyar kana kantong kulit nu heubeul. Mun kitu, kantong kulitna bakal bucat, cianggurna kapiceun, kantongna gé ruksak. 38 Sabalikna, cianggur anyar mah kudu dicicikeun kana kantong kulit nu anyar. 39 Jalma nu nginum cianggur nu geus lila moal hayang nginum cianggur anyar, sabab ceuk manéhna, ’Nu geus lila mah ngeunah.’”