Kisah Para Rasul
7 Terus imam agung nanya, ”Éta téh bener, kitu?” 2 Stéfanus ngajawab, ”Sadérék-sadérék sareng bapa-bapa sadaya, mangga dangukeun. Allah nu mulya némbongan ka Ibrahim, karuhun urang saréréa, waktu anjeunna matuh di Mésopotamia, saacan pindah ka Haran.+ 3 Allah nyarios, ’Jung indit ti nagri jeung baraya manéh, pindah ka nagri nu bakal dituduhkeun ku Kuring.’+ 4 Jadi, anjeunna indit ti nagri urang Khaldéa tuluy matuh di Haran. Ti dinya, sanggeus bapana maot,+ Allah miwarang anjeunna indit ka nagri nu ayeuna dicicingan ku aranjeun.+ 5 Tapi, Allah teu masihan tanah warisan saeutik-eutik acan di dinya, ngan ngajangjikeun yén éta tanah bakal jadi milik anjeunna jeung turunanana,+ sanajan harita anjeunna can boga budak. 6 Salian ti éta, Allah ngawartosan Ibrahim yén turunanana bakal jadi urang asing di nagri séjén. Aranjeunna bakal diperbudak jeung ditindes ku pendudukna salila 400 taun.+ 7 Saur Allah, ’Kuring bakal ngahukum bangsa nu nindes maranéhna.+ Geus kitu, maranéhna bakal kaluar jeung ngalaksanakeun palayanan suci ka Kuring di ieu tempat.’+
8 ”Allah gé ngadamel perjangjian sunat sareng Ibrahim.+ Tuluy, anjeunna gaduh putra nyaéta Ishak+ nu disunatan dina poé nu kadalapan.+ Geus kitu, Ishak gaduh putra nyaéta Yakub. Yakub gaduh 12 putra nu jadi karuhun urang.* 9 Karuhun-karuhun urang sirik ka Yusuf, tuluy Yusuf+ dijual ka Mesir.+ Tapi, Allah nyarengan anjeunna+ 10 sarta ngaleupaskeun anjeunna tina kasangsaraanana. Waktu Yusuf dibawa ka hareupeun Firaun raja Mesir, Allah masihan kabijaksanaan sarta ngalantarankeun anjeunna dipikaresep ku Firaun. Ku kituna, anjeunna dilantik pikeun ngawasaan Mesir sareng istana raja.+ 11 Ka dieunakeun, aya bala kalaparan nu parah pisan di sakuliah Mesir sareng Kanaan nepi ka karuhun urang teu gaduh nanaon kanggo dituang.+ 12 Tapi, Yakub ngadangu aya tuangeun* di Mesir, jadi anjeunna ngutus karuhun-karuhun urang indit ka ditu. Tah, éta mimitina aranjeunna indit ka ditu.+ 13 Waktu aranjeunna indit kadua kalina, Yusuf ngungkabkeun dirina ka dulur-dulurna. Ku kituna, Firaun+ jadi kenal ka kulawargana Yusuf. 14 Tuluy Yusuf ngirim pesen jeung ménta Yakub bapana sarta sakabéh barayana pindah ti Kanaan.+ Kabéhanana aya 75 urang.+ 15 Jadi, Yakub indit ka Mesir+ tuluy maot di dinya,+ kitu ogé jeung karuhun-karuhun urang.+ 16 Tulang-taléng aranjeunna dibawa ka Syikhém tuluy dikuburkeun di makam nu dibeuli ku Ibrahim ti anak-anak Hamor di Syikhém, dibeulina ku sajumlah duit pérak.+
17 ”Beuki deukeut kana laksanana jangji Allah ka Ibrahim, turunan Yakub beuki ngalobaan di Mesir, 18 nepi ka aya raja séjén di Mesir nu teu wawuh ka Yusuf.+ 19 Éta raja ngalicikan bangsa urang jeung nganiaya karuhun-karuhun urang. Aranjeunna dipaksa miceun orokna sina paraéh.+ 20 Dina mangsa éta, Musa lahir, kasépna téh kabina-bina.* Anjeunna diurus* salila tilu bulan di imah bapana.+ 21 Tapi waktu anjeunna kapaksa dipiceun,+ anjeunna diangkat anak ku putri Firaun tuluy digedékeun siga anakna sorangan.+ 22 Musa diajar sagala élmu urang Mesir. Anjeunna téh pinter nyarita, tindakanana gé hébat.+
23 ”Basa umurna 40 taun, timbul kahayang* pikeun ningali kaayaan* dulur-dulurna, nyaéta bangsa Israél.+ 24 Waktu Musa ningali salah saurang dulurna dijahatan ku urang Mesir, geuwat dibéla jeung dipangbaleskeun ku cara maéhan urang Mesir éta. 25 Disangkana mah dulur-dulurna bakal ngarti yén Allah ngagunakeun anjeunna pikeun ngabébaskeun bangsana, ari pék téh teu ngartieun. 26 Isukna, Musa manggihan aranjeunna sarta ningali aya dua jalma keur garelut, tuluy ku anjeunna dipisahkeun sina akur. Musa ngomong, ’Maranéh téh pan dulur, ku naon bet garelut?’ 27 Tapi, jalma nu neunggeul baturna kalah ka nyuntrungkeun Musa bari ngomong, ’Saha nu ngangkat manéh jadi pamingpin jeung hakim urang? 28 Manéh rék maéhan urang ogé siga maéhan urang Mesir kamari?’ 29 Ngadéngé kitu, Musa kabur tuluy matuh di Midian jadi urang asing. Di dinya, anjeunna gaduh dua anak lalaki.+
30 ”Sanggeus 40 taun, di tanah gurun deukeut Gunung Sinai, hiji malaikat némbongan ka Musa dina seuneu nu ngagedur dina rungkun cucuk.+ 31 Musa héraneun ningali éta. Tapi, barang dideukeutan rék dipariksa, kadéngé sora Yéhuwa,* 32 ’Kuring téh Allahna karuhun manéh, Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.’+ Musa nepi ka ngadégdég, teu wanieun mariksa deui. 33 Yéhuwa* nyarios deui, ’Laan sendal manéh, sabab tanah tempat manéh nangtung téh suci. 34 Kuring geus ningali umat Kuring sangsara di Mesir. Kuring gé geus ngadéngé maranéhna tingaraduh.+ Kuring rék turun nyalametkeun maranéhna. Ayeuna Kuring rék ngutus manéh ka Mesir.’ 35 Anjeunna téh Musa nu ditolak ku jalma-jalma nu ngomong, ’Saha nu ngangkat manéh jadi pamingpin jeung hakim?’+ Tapi ku jalan malaikat nu némbongan dina rungkun cucuk, Allah ngutus Musa+ pikeun jadi pamingpin jeung jurusalamet. 36 Musa nu nungtun karuhun urang budal ti Mesir,+ sarta nu nyieun loba mujijat jeung tanda di Mesir,+ di Laut Beureum,+ jeung di tanah gurun salila 40 taun.+
37 ”Nya Musa ogé nu ngomong ka bangsa Israél, ’Allah bakal ngangkat hiji nabi nu saperti kuring ti antara maranéh.’+ 38 Musa aya di antara bangsa Israél di tanah gurun. Anjeunna aya di dinya bareng jeung karuhun urang saréréa sarta bareng jeung malaikat+ nu ngomong ka anjeunna+ di Gunung Sinai. Anjeunna narima sabda nu suci jeung abadi, tuluy ditepikeun ka urang saréréa.+ 39 Karuhun urang teu daék nurut ka anjeunna, malah nolak anjeunna+ jeung hayang pisan baralik deui ka Mesir.+ 40 Karuhun urang ngomong ka Harun, ’Teuing ku naon Musa, nu mawa urang budal ti Mesir,+ teu turun-turun. Sok ayeuna pangnyieunkeun allah keur mingpin urang.’ 41 Jadi karuhun urang nyieun patung anak sapi, mawa sasajén ka éta patung, tuluy senang-senang méstakeun barang jieunanana sorangan.+ 42 Jadi, Allah ninggalkeun jeung ngantep urang Israél nyembah ka béntang-béntang di langit,+ sakumaha nu ditulis dina Kitab Para Nabi, ’Éh urang Israél, maranéh méré pangbakti jeung kurban salila 40 taun di tanah gurun téh lain ka Kuring, pan? 43 Maranéh osok mamawa kémah Molokh+ jeung bébéntangan Déwa Réfan, patung-patung nu dijieun jeung disembah ku maranéh. Jadi, maranéh ku Kuring rék dipiceun ka tempat nu leuwih jauh ti Babilon.’+
44 ”Karuhun urang boga tabernakel* di tanah gurun. Éta téh dijieun sakumaha paréntah Allah ka Musa, luyu jeung conto nu ditingali ku anjeunna.+ 45 Éta jadi milik karuhun urang. Basa karuhun urang jeung Yosua asup ka nagri milik bangsa-bangsa séjén,+ nu geus dialusiran ku Allah hareupeun karuhun urang,+ éta kémah gé dibawa jeung tetep aya nepi ka jaman Daud. 46 Daud dipikaresep ku Allah. Daud ngomong hayang ngawangun bumi keur Allahna Yakub.+ 47 Tapi, nu ngawangun bumi keur Allah mah Sulaéman.+ 48 Sanajan kitu, Nu Maha Agung teu cicing di tempat nu dijieun ku manusa,+ saperti nu disebutkeun ku hiji nabi, 49 ’Sorga téh tahta Kuring,+ ari bumi tatapakan sampéan Kuring.+ Imah nu siga kumaha nu rék diwangun ku maranéh keur Kuring téh? ucap Yéhuwa.* Atawa, tempat mana nu bakal dijadikeun tempat reureuh keur Kuring téh? 50 Kabéhanana téh dijieun ku Kuring, pan?’+
51 ”Aranjeun téh baredegong, haté jeung ceuli aranjeun katutup. Aranjeun terus ngalawan kawasa suci kawas karuhun-karuhun aranjeun.+ 52 Nabi mana nu teu dikaniaya ku karuhun aranjeun?+ Maranéhna maéhan saha waé nu ngumumkeun datangna jalma bener éta,+ nu geus dihianatan jeung dipaéhan ku aranjeun.+ 53 Aranjeun geus narima Torét nu ditepikeun ku para malaikat,+ tapi teu dijalankeun.”
54 Barang ngadéngé kitu, maranéhna kacida ambekna nepi ka huntuna tingkereket bari melong ka Stéfanus. 55 Tapi, Stéfanus nu pinuh ku kawasa suci tanggah ka langit, bréh katempo kamulyaan Allah sarta Isa nu nangtung katuhueun Allah.+ 56 Tuluy ceuk manéhna, ”Tuh tempo, abdi ningali langit muka sarta Anak manusa+ nangtung katuhueun Allah.”+ 57 Ngadéngé kitu, maranéhna ngagorowok satarik-tarikna bari nutupan ceuli. Breg maranéhna kabéh ngoroyok Stéfanus. 58 Manéhna diséréd ka luar kota tuluy dibalédogan ku batu.+ Para saksi+ palsu neundeun baju luarna di deukeut suku budak ngora nu ngaranna Saul.+ 59 Waktu dibalédogan ku maranéhna, Stéfanus sasambat, ”Juragan Isa, mangga tampi nyawa* abdi.” 60 Tuluy manéhna sideku jeung ngagero ku sora nu tarik, ”Yéhuwa,* maranéhna ulah dihukum lantaran milampah ieu dosa.”+ Geus kitu, les baé manéhna maot.