Surat keur Sidang Jamaah di Roma
5 Ayeuna mah urang kabéh geus dianggap jalma bener lantaran boga iman.+ Jadi, hayu urang jaga hubungan urang jeung Allah tetep rukun* ku jalan Isa Al-Masih Juragan urang.+ 2 Ku lantaran boga iman ka Isa, urang kabéh dibéré jalan pikeun narima welas asih nu taya bandingna,* nu geus katampa ku urang ayeuna.+ Sing gumbira,* sabab urang boga harepan pikeun dimulyakeun ku Allah. 3 Lain éta wungkul, urang gé kudu gumbira* waktu ngalaman kasangsaraan,+ sabab urang nyaho kasangsaraan téh ngalantarankeun urang jadi tabah.+ 4 Lamun tabah, urang dipikaresep ku Allah.+ Lamun dipikaresep ku Allah, urang boga harepan,+ 5 sarta éta harepan moal nguciwakeun,+ sabab Allah ngagunakeun kawasa suci-Na nu dibikeun ka urang pikeun némbongkeun yén Anjeunna téh nyaah ka urang.+
6 Malah, waktu urang kabéh masih kénéh boga dosa,*+ dina waktu nu geus ditetepkeun ku Allah, Al-Masih maot keur jalma-jalma nu boga dosa. 7 Keur jalma bener mah ampir euweuh nu daék maot, ari keur jalma bageur mah bisa waé aya nu réla maot. 8 Tapi, Allah mah némbongkeun kanyaah-Na ka urang téh waktu urang masih kénéh boga dosa, nyaéta ku maotna Al-Masih demi urang.+ 9 Jadi ayeuna, lantaran urang geus dianggap bener ku karana getih Al-Masih,+ urang jadi leuwih yakin bakal diluputkeun tina amarah Allah.+ 10 Waktu masih kénéh jadi musuh Allah, urang dirukunkeun jeung Anjeunna ku jalan maotna Putra-Na.+ Komo deui ayeuna sanggeus urang dirukunkeun, urang bakal disalametkeun ku kahirupan Putra-Na. 11 Lain éta wungkul, urang gé bungah lantaran boga hubungan nu alus jeung Allah ku jalan Isa Al-Masih Juragan urang. Ku lantaran anjeunna, urang ayeuna bisa rukun deui jeung Allah.+
12 Dosa asup ka dunya ku lantaran jelema saurang. Éta dosa mawa maot,+ ku kituna maot nyebar ka sakabéh manusa sabab kabéhanana geus nyieun dosa.+ 13 Dosa geus aya di dunya saacan hukum Torét aya, tapi euweuh nu dituduh nyieun dosa waktu can aya hukum.+ 14 Najan kitu, maot ngawasa siga raja ti jaman Adam nepi ka Musa, malahan ngawasa ka jalma-jalma nu henteu ngalampahkeun dosa cara Adam. Adam téh kawas jalma nu bakal datang téa.+
15 Kurnia Allah téh béda jeung dosa Adam. Ku lantaran dosa jelema saurang, loba nu maot. Tapi ku lantaran welas asih nu taya bandingna ti hiji jalma,+ nyaéta Isa Al-Masih, loba jalma+ narima welas asih Allah nu taya bandingna sarta kurnia-Na. 16 Nu dihasilkeun ku kurnia Allah gé béda jeung nu dihasilkeun ku dosa jelema nu saurang téa.+ Ku lantaran hiji dosa, kabéh jalma dianggap salah.+ Tapi ku lantaran éta kurnia, nu dibikeun sanggeus aya loba dosa, loba jalma bisa dianggap bener.+ 17 Ku lantaran dosa jelema saurang, maot ngawasa siga raja.+ Tapi, urang kabéh yakin yén ku jalan hiji jalma ogé, nyaéta Isa Al-Masih,+ jalma-jalma bakal hirup sarta ngawasa jadi raja.+ Kitu téh ku lantaran maranéhna narima welas asih Allah nu taya bandingna sarta kurnia-Na nu ngalantarankeun maranéhna dianggap bener.+
18 Jadi, sakumaha hiji dosa ngalantarankeun sagala rupa jalma dianggap boga salah,+ nya kitu ogé hiji tindakan nu bener ngalantarankeun sagala rupa jalma+ bisa dianggap bener sarta narima kahirupan.+ 19 Sakumaha teu taatna hiji jalma ngalantarankeun loba jalma jadi boga dosa,+ nya kitu ogé taatna hiji jalma ngalantarankeun loba jalma dianggap bener.+ 20 Torét dibikeun sangkan kaciri jalma-jalma téh boga loba dosa.+ Tapi beuki loba dosa jalma-jalma, beuki gedé Allah némbongkeun welas asih nu taya bandingna. 21 Tujuanana naon? Sakumaha dosa jeung maot ngawasa siga raja,+ welas asih Allah nu taya bandingna ogé ngawasa siga raja. Ku kituna, jalma-jalma bisa dianggap jalma bener sarta meunangkeun kahirupan langgeng ku jalan Isa Al-Masih Juragan urang.+