Surat nu Kahiji keur Sidang Jamaah di Korintus
4 Urang téh hayang dianggap palayan* Al-Masih jeung pangurus rasiah suci Allah.+ 2 Pangurus téh kudu satia ngajalankeun tugasna. 3 Keur kuring mah dihakiman ku aranjeun atawa ku pangadilan manusa téh teu penting. Kuring gé teu ngahakiman diri sorangan. 4 Ceuk rarasaan kuring mah kuring teu nyieun salah nanaon, tapi ieu lain hartina kuring ngaku-ngaku jalma bener, da nu ngahakiman kuring mah ngan Yéhuwa.*+ 5 Nu matak, ari can waktuna mah ulah ngahakiman sasaha,+ tapi dagoan nepi ka Juragan datang. Anjeunna bakal nembrakkeun hal-hal nu buni nu aya di nu poék sarta bakal ngungkabkeun niat haté jalma. Geus kitu, masing-masing bakal meunang pujian ti Allah.+
6 Dulur-dulur, hal-hal nu tadi disebutkeun ngeunaan kuring jeung Apolos+ téh conto keur aranjeun, supaya aranjeun ngarti kana ieu aturan: ”Ulah ngaleuwihan hal-hal nu geus ditulis.” Ku kituna, aranjeun moal sombong jeung ngagulkeun nu hiji+ tapi ngarendahkeun nu séjén. 7 Naon nu ngabédakeun aranjeun ti batur? Sagala pangaboga aranjeun téh paméré Allah, pan?+ Lamun mémang éta paméré Allah, naha maké adigung kawas beunang usaha sorangan waé?
8 Aranjeun geus puas? Geus beunghar? Henteu jeung urang gé, geus ngawasa jadi raja?+ Kuring gé hayangna mah aranjeun téh geus ngawasa jadi raja, ngarah urang milu ngawasa jadi raja bareng jeung aranjeun.+ 9 Karasana mah urang, nyaéta para rasul, ku Allah dijadikeun jalma nu dihukum pati+ dina acara panungtungan, dijadikeun tongtonan keur dunya,+ malaikat, jeung manusa. 10 Urang dianggap bodo+ demi Al-Masih, ari aranjeun dianggap pinter lantaran nuturkeun Al-Masih. Urang lemah, ari aranjeun mah kuat. Aranjeun dihormat, ari urang mah dihina. 11 Nepi ka ayeuna pisan gé, urang téh nya lapar+ nya halabhab,+ maké pakéan ngan saayana,* diteunggeulan,+ teu boga imah, 12 jeung kudu digawé banting tulang.+ Waktu dihina, urang ngaberkahan.+ Waktu dikaniaya, urang sabar jeung tabah.+ 13 Waktu dipitnah, urang lemah lembut ngajawabna.*+ Nepi ka ayeuna, urang téh siga runtah nu ngabalaan dunya, dipiceun ku jalma-jalma.
14 Kuring nulis ieu kabéh téh lain supaya aranjeun éra, tapi rék mapatahan aranjeun cara ka anak nu dipikanyaah. 15 Sanajan aranjeun boga guru 10.000 nu ngajarkeun carana nuturkeun Al-Masih, ari nu jadi bapa mah teu loba. Tah, kuring téh geus jadi bapa aranjeun lantaran nepikeun warta hadé ngeunaan Isa Al-Masih ka aranjeun.+ 16 Ku sabab kitu, cik nyonto ka kuring.+ 17 Éta sababna kuring ngutus Timotius ka aranjeun, sabab manéhna téh anak nu dipikanyaah ku kuring jeung satia ngalalayanan Juragan. Manéhna bakal ngingetan aranjeun ngeunaan cara-cara kuring dina palayanan ka Isa Al-Masih,+ sakumaha nu diajarkeun ku kuring ka unggal sidang jamaah.
18 Di antara aranjeun, aya nu sombong sarta nyangka yén kuring moal datang deui ka dinya. 19 Tapi lamun dikersakeun ku Yéhuwa,* moal lila deui kuring bakal ka dinya, hayang panggih jeung jalma-jalma sombong éta. Maksudna lain hayang nyaho omonganana, tapi hayang nyaho maranéhna téh boga kawasa Allah atawa henteu. 20 Pamaréntahan Allah mah nyata lain ku omongan, tapi ku kawasa Allah. 21 Cik, rék milih nu mana? Kuring datang bari mawa paneunggeul,+ atawa mawa kanyaah nu lemah lembut?