Surat nu Kahiji keur Sidang Jamaah di Korintus
5 Kuring ngadéngé laporan yén di antara aranjeun aya nu ngalampahkeun hal cabul,*+ nyaéta aya lalaki nu nyokot pamajikan bapana.+ Bangsa-bangsa séjén ogé teu kitu-kitu teuing. 2 Ka nu siga kitu téh aranjeun agul? Kuduna mah aranjeun téh sedih+ jeung ngaluarkeun jalma nu nyieun dosa éta ti antara aranjeun.+ 3 Sanajan raga kuring teu di dinya, pikiran kuring aya di aranjeun, sarta kuring geus ngahakiman éta jalma saolah kuring aya di dinya. 4 Waktu aranjeun kumpul, pikiran kuring jeung kawasa Juragan Isa téh aya di dinya nyarengan aranjeun. Jadi ku nami Isa Juragan urang, 5 serahkeun éta jalma ka Sétan,+ ngarah pangaruh goréngna disingkirkeun, jeung karohanian sidang jamaah tetep aman dina poéna Juragan.+
6 Salah mun aranjeun agul mah. Aranjeun teu terang kitu yén ku ragi saeutik, saadonan beukah kabéh?+ 7 Piceun ragi anu heubeul supaya aranjeun jadi adonan nu anyar, sabab aranjeun téh geus bébas tina ragi ti saprak Al-Masih jadi anak domba+ Paskah nu dikurbankeun.+ 8 Ku kituna, hayu urang ngarayakeun perayaan,+ lain ku ragi nu heubeul atawa ragi nu ngalambangkeun kagoréngan jeung kajahatan, tapi ku roti nu teu diragian, nu ngalambangkeun kahadéan jeung bebeneran.
9 Kuring geus nulis surat sangkan aranjeun ulah babarengan deui jeung jalma nu lampahna cabul.* 10 Maksudna téh lain bener-bener misah ti sakabéh jalma di dunya+ nu lampahna cabul,* atawa nu sarakah, nu sok meres, nu nyembah ka berhala, sabab mun kitu mah aranjeun moal bisa matuh di ieu dunya.+ 11 Kuring nulis ieu surat téh supaya aranjeun ulah babarengan deui+ jeung jalma-jalma nu ongkoh dulur tapi lampahna cabul,* sarakah,+ nyembah ka berhala, tukang ngahina,* tukang mabok,+ atawa tukang meres.+ Malah, dahar bareng gé ulah. 12 Ngahakiman jalma-jalma nu di luar mah lain urusan kuring, pan? Aranjeun gé kudu ngahakiman jalma-jalma nu di jero, 13 da nu ngahakiman jalma-jalma nu di luar mah Allah.+ ”Kaluarkeun éta jalma jahat ti aranjeun.”+