Surat nu Kahiji keur Sidang Jamaah di Korintus
6 Waktu di antara aranjeun aya nu cékcok jeung dulurna,+ ku naon bet indit ka pangadilan, ka hareupeun jalma-jalma nu teu nuturkeun hukum Allah, lain ka jalma-jalma suci?* 2 Aranjeun teu terang kitu yén jalma-jalma suci bakal ngahakiman dunya?+ Lamun aranjeun bakal ngahakiman dunya, piraku aranjeun teu sanggup nguruskeun masalah sapélé? 3 Aranjeun teu terang kitu yén urang kabéh téh bakal ngahakiman para malaikat?+ Jadi, naha atuh nguruskeun masalah dina kahirupan ayeuna gé mani teu bisa? 4 Lamun aya masalah dina kahirupan ayeuna nu kudu diurus,+ mémangna aranjeun daék dihakiman ku jalma nu teu dipercaya ku sidang jamaah, kitu? 5 Kuring ngomong kieu téh supaya aranjeun éra. Di antara aranjeun, piraku euweuh saurang-urang acan jalma bijaksana nu sanggup méréskeun masalah di antara dulurna? 6 Aranjeun téh ngadon ngalawan dulur sorangan di pangadilan, hareupeun jalma-jalma nu teu saiman!
7 Sabenerna, aranjeun téh geus éléh lamun silih lawan di pangadilan. Lain leuwih hadé lamun aranjeun ngéléhan waktu dirugikeun?+ Ku naon teu ngéléhan waktu dilicikan? 8 Aranjeun mah kalah ka ngarugikeun jeung ngalicikan dulur sorangan!
9 Aranjeun teu terang kitu jalma nu teu bener téh moal meunang warisan dina Pamaréntahan Allah?+ Ulah katipu. Jalma nu ngalampahkeun hal cabul,*+ nu nyembah ka berhala,+ nu jinah,+ lalaki nu ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki deui,*+ 10 maling, jalma nu sarakah,+ tukang mabok,+ tukang ngahina,* jeung tukang meres téh moal ngawaris Pamaréntahan Allah.+ 11 Tah, sababaraha ti aranjeun téh baheula siga kitu. Tapi, ayeuna mah aranjeun téh geus bersih,+ disucikeun,+ jeung dianggap jalma bener+ ku nami Juragan Isa Al-Masih jeung ku kawasa suci Allah.
12 Keur kuring mah kabéh gé meunang dilampahkeun, tapi teu kabéh aya mangpaatna.+ Kabéh meunang dipigawé, tapi kuring embung diperbudak ku nanaon. 13 Dahareun keur beuteung, beuteung keur dahareun. Tapi, duanana bakal dieuweuhkeun ku Allah.+ Awak téh lain keur ngalampahkeun hal cabul,* tapi keur ngalalayanan Juragan,+ sarta Juragan nu ngurus awak urang. 14 Allah geus ngahirupkeun deui Juragan,+ nya Anjeunna gé bakal ngahirupkeun deui urang+ ku kawasa-Na.+
15 Teu tarerang kitu yén awak aranjeun téh anggotana awak Al-Masih?+ Na kuring kudu nyokot anggota awak Al-Masih sina ngahiji jeung palacur? Nya henteu atuh! 16 Aranjeun teu terang kitu yén saha waé nu ngahiji jeung palacur jadi sabadan jeung manéhna? Saur Allah, ”Duanana jadi satunggal.”*+ 17 Sabalikna, saha waé nu ngahiji jeung Juragan bakal sapikiran jeung anjeunna.+ 18 Geura nyingkah tina lampah cabul!*+ Euweuh dosa séjén nu siga lampah cabul. Jalma nu ngalampahkeun hal cabul mah nyieun dosa ka awakna sorangan.+ 19 Teu tarerang kitu yén awak aranjeun téh panglinggihan+ kawasa suci nu aya dina diri aranjeun, nu dibikeun ku Allah?+ Salian ti éta, awak aranjeun téh lain milik aranjeun sorangan,+ 20 sabab aranjeun geus dibeuli ku harga nu mahal.+ Matakna, awak aranjeun+ téh paké pikeun ngamulyakeun Allah.+