2 Korintus
11 Mugia aranjeun sabar ka kuring, sanajan kuring siga jalma nu rada teu asup akal. Tapi mémang, aranjeun téh sabar ka kuring! 2 Kuring téh perhatian pisan ka aranjeun sakumaha Allah ogé perhatian ka aranjeun,* sabab aranjeun téh geus dijadikeun tunanganana Al-Masih ku kuring, jeung kuring hayang masrahkeun aranjeun sabagé parawan nu suci.* 3 Kuring sieun pikiran aranjeun diruksak, siga Hawa nu digoda ku oray nu licik, nepi ka aranjeun teu satia jeung teu suci* deui sakumaha kuduna di hareupeun Al-Masih. 4 Kuring ngomong kieu téh lantaran aranjeun gampang pisan narima jalma nu datang ngawawarkeun Isa nu béda jeung nu diwawarkeun ku urang-urang, atawa narima bingbingan tina kawasa nu béda jeung kawasa nu geus ngabingbing aranjeun, atawa narima warta hadé nu béda jeung nu geus ditarima ku aranjeun. 5 Da ceuk kuring mah, kuring teu éléh saeutik-eutik acan ti rasul-rasul aranjeun anu harébat éta. 6 Meureun kuring téh teu pinter ngomong, tapi sual kanyaho mah kuring teu kurang-kurang. Éta geus dibuktikeun ku urang-urang ka aranjeun dina sagala hal.
7 Kuring ngarendahkeun diri supaya aranjeun dipunjulkeun. Kuring gé iklas ngawawarkeun warta hadé ngeunaan Allah ka aranjeun bari jeung teu dibayar. Éta téh dosa, kitu? 8 Kuring narima bantuan ti sidang-sidang jamaah séjén, saolah-olah ngarampog maranéhna, supaya kuring bisa ngalalayanan aranjeun. 9 Malah, basa kuring aya di aranjeun jeung boga pangabutuh, kuring embung nyusahkeun sasaha, sabab sadérék-sadérék nu datang ti Makédonia nyumponan sakabéh pangabutuh kuring. Rék kumaha ogé kuring embung ngabeungbeurat aranjeun jeung rék kitu saterusna. 10 Salila kuring jadi muridna Al-Masih, kuring moal eureun ngagulkeun hal ieu di daérah Akhaya. 11 Ku naon kuring téh siga kieu? Pédah kuring teu nyaah ka aranjeun? Allah apal kuring nyaah ka aranjeun.
12 Kuring rék angger siga kieu, supaya jalma-jalma nu hayang disaruakeun jeung urang-urang teu boga alesan pikeun ngagulkeun hal-hal nu dilakukeun ku maranéhna.* 13 Jalma nu kararitu téh rasul palsu, tukang tipu, jeung sok nyamar jadi rasulna Al-Masih. 14 Tapi teu anéh, da Sétan gé osok nyamar jadi malaikat caang. 15 Nya wajar wéh lamun palayanna gé osok nyamar jadi palayan nu ngalakukeun nu bener. Tapi ahirna, maranéhna bakal narima balukar nu satimpal jeung tindakanana.
16 Kuring rék ngomong deui: Ulah aya nu nganggap kuring teu asup akal. Tapi lamun aranjeun nganggap kuring teu asup akal, tarimakeun baé, ngarah kuring bisa kénéh agul saeutik mah. 17 Ayeuna, nu rék diomongkeun ku kuring téh teu nuturkeun conto Juragan, tapi siga omongan jalma nu teu asup akal nu sok agul jeung percaya diri teuing. 18 Ku sabab loba nu sok ngagulkeun naon nu dipuja-puja ku manusa, kuring gé rék ngagulkeun hal éta. 19 Aranjeun téh cenah ”asup akal”, maenya dadaékanan narima jalma nu teu asup akal? 20 Buktina, aranjeun dadaékanan dikua-kieu, sakitu ku maranéhna diperbudak, dimangpaatkeun, milik aranjeun dirampas, aranjeun direndahkeun, jeung ditampiling.
21 Sabenerna, kuring ngomong siga kieu téh ngérakeun, sabab urang-urang bisa disangka lemah.
Tapi lamun batur wani ngagulkeun diri, kuring gé wani ngagulkeun diri, sanajan kuring dianggap teu asup akal. 22 Maranéhna téh urang Ibrani? Kuring ogé. Maranéhna téh urang Israél? Kuring ogé. Maranéhna téh turunan* Ibrahim? Kuring ogé. 23 Maranéhna téh palayan Al-Masih? Ku kuring dijawab siga jelema gélo, kuring leuwih-leuwih ti maranéhna: Kuring digawé leuwih beurat, leuwih mindeng dipanjarakeun, mindeng digebugan nepi ka teu kaitung lobana, jeung mindeng téréh paéh. 24 Lima kali kuring narima 39 teunggeulan ti urang Yahudi. 25 Tilu kali kuring dijebrodan ku tongkat, sakali kuring dibalédogan ku batu, tilu kali ngalaman kapal tilelep, jeung sapoé sapeuting angkleung-angkleungan di tengah laut. 26 Kuring sering iinditan jeung sering nyanghareupan bahaya di walungan, bahaya rampog, bahaya ti bangsa sorangan, bahaya ti bangsa-bangsa séjén, bahaya di kota, bahaya di gurun keusik, bahaya di laut, jeung bahaya di antara dulur-dulur palsu. 27 Kuring digawé toh-tohan jeung banting tulang, sering teu saré, kalaparan jeung kahausan, sering teu manggih dahar, sarta katirisan jeung teu boga cukup pakéan.*
28 Salian ti hal-hal éta, aya nu nyusahkeun dina diri kuring. Unggal poé, kuring ngahariwangkeun sakabéh sidang jamaah. 29 Waktu aya nu lemah, nya kuring gé milu lemah. Waktu aya nu titajong, nya kuring ambek.
30 Lamun kudu agul, kuring rék ngagulkeun hal-hal nu némbongkeun kuring lemah. 31 Allah, nyaéta Bapana Juragan Isa, nu layak dipuji salilana, apal kuring teu bohong. 32 Di Damaskus, gubernur bawahan Raja Arétas nitah gerbang kota dijaga pikeun néwak kuring, 33 tapi kuring diulur dina karanjang liwat jandéla di témbok kota, jadi kuring bisa lolos ti manéhna.