Surat nu Kadua keur Sidang Jamaah di Korintus
2 Kuring geus boga niat, mun engké datang deui ka aranjeun, kuring moal nyusahkeun haté aranjeun. 2 Lamun kuring nyusahkeun haté aranjeun, saha deui atuh nu bisa nengtremkeun haté kuring, salian ti aranjeun kénéh, nu geus disusahkeun haténa ku kuring? 3 Harita, kuring nulis surat téh supaya engké waktu kuring datang, ulah nepi ka kuring susah haté ku lantaran jalma-jalma nu sakuduna mah ngabungahkeun haté kuring, da kuring yakin naon nu ngabungahkeun haté kuring bakal ngabungahkeun aranjeun ogé. 4 Kuring nulis éta surat téh bari ceurik, bakating ku nalangsa jeung susah haté. Maksudna lain supaya aranjeun sedih,+ tapi supaya aranjeun terang yén kuring téh kacida nyaahna ka aranjeun.
5 Lamun aya jalma nu nyusahkeun haté aranjeun,+ nu jadi susah haté téh lain kuring, nya aranjeun kabéh. Tapi, kuring embung loba teuing ngabahas éta pasualan. 6 Ku cara ditegor ku kalolobaan ti aranjeun gé geus cukup beurat karasana ku éta jalma. 7 Geus, ayeuna mah hampura wéh. Sing bageur ka manéhna sarta gedékeun haténa,+ supaya manéhna ulah nalangsa katutuluyan,+ bisi pegat harepan. 8 Jadi, paménta kuring mah témbongkeun yén aranjeun téh nyaah ka manéhna.+ 9 Harita kuring nulis téh maksudna hayang nyaho ogé aranjeun taat dina sagala hal atawa henteu. 10 Lamun hiji jalma dihampura ku aranjeun, ku kuring gé tangtu dihampura. Sabenerna waktu kuring ngahampura, éta téh demi aranjeun, nya Al-Masih nu jadi saksina. 11 Ku kituna, urang moal nepi ka dimangpaatkeun* ku Sétan,+ da urang nyaho tipu muslihatna.*+
12 Basa kuring nepi ka Troas+ pikeun nguarkeun warta hadé ngeunaan Al-Masih, sarta aya kasempetan pikeun ngalalayanan Juragan, 13 haté téh asa teu tenang, da teu panggih jeung Titus+ dulur kuring. Jadi, kuring pamitan ka dulur-dulur di ditu tuluy indit ka Makédonia.+
14 Puji sukur ka Allah, nu terus mingpin urang dina arak-arakan kaunggulan bareng jeung Al-Masih, sarta nu ngagunakeun urang pikeun nyebarkeun pangarti ngeunaan diri-Na lir seuseungitan nu nyambuang ka mana-mana! 15 Keur Allah, urang nu nguarkeun ngeunaan Al-Masih téh siga seuseungitan nu nyambuang kaambeu ku jalma-jalma, boh nu bakal disalametkeun boh nu bakal dibinasakeun. 16 Keur nu bakal dibinasakeun, bauna matak paéh,+ ari keur nu bakal disalametkeun, seungitna matak hirup. Saha nu layak ngajalankeun ieu tugas? 17 Nu layak mah abdi sadaya, sabab abdi sadaya teu siga jalma-jalma séjén nu nyiar kauntungan tina* firman Allah.+ Sabalikna, abdi sadaya ngawawar ku haté nu iklas hareupeun Allah salaku murid-murid Al-Masih, nu diutus ku Allah.