Surat nu Kadua keur Sidang Jamaah di Korintus
3 Ari abdi sadaya téh perlu ngenalkeun diri deui ka aranjeun, kitu? Atawa siga nu séjén-séjén, nu butuh surat-surat pujian ti aranjeun atawa keur aranjeun? 2 Suratna téh nya aranjeun,+ nu ditulis dina haté abdi sadaya, nu ditingali sarta dibaca ku kabéh jalma. 3 Jelas pisan yén aranjeun téh surat Al-Masih, nu ditulis ku abdi sadaya salaku palayan Allah.+ Ditulisna téh lain ku tinta tapi ku kawasa suci ti Allah nu hirup, lain dina papan batu+ tapi dina haté.+
4 Abdi sadaya bisa yakin siga kieu payuneun Allah téh ku lantaran Al-Masih. 5 Abdi sadaya sanggup ngalaksanakeun ieu tugas téh lain ku upaya sorangan, tapi ku bantuan ti Allah.+ 6 Nya, Anjeunna nu ngalantarankeun abdi sadaya sanggup jadi palayan tina perjangjian anyar.+ Tapi abdi sadaya dibingbing ku kawasa suci, lain ku hukum nu ditulis,+ sabab hukum nu ditulis téh mawa hukuman pati,+ ari kawasa suci mah mawa kahirupan.+
7 Hukum nu mawa hukuman pati, nu ditulis dina éta papan batu,+ dibikeun ka urang Israél dibarengan ku kamulyaan nu luar biasa, nepi ka maranéhna teu bisa ningali raray Musa nu cahayaan ku éta kamulyaan,+ padahal éta kamulyaan bakal leungit. 8 Tah, komo deui kawasa suci,+ dibikeunna tangtu dibarengan ku kamulyaan nu leuwih hébat.+ 9 Lamun hukum nu mawa hukuman pati+ waé mulya,+ nya komo deui palayanan nu ngalantarankeun jalma-jalma disebut bener, tangtu jauh leuwih mulya!+ 10 Malah, hukum nu barétona mulya téh jadi euweuh nanaonna lamun dibandingkeun jeung kamulyaan perjangjian anyar.+ 11 Upama hukum nu bakal leungit waé dibikeun bari dibarengan ku kamulyaan,+ komo deui perjangjian nu aya ayeuna, kamulyaanana tangtu leuwih hébat!+
12 Lantaran boga éta harepan,+ urang moal asa-asa nyarita, 13 jeung moal siga Musa, nu nutupan rarayna ku kaén+ supaya urang Israél teu bisa ningali kamulyaan* ti éta hukum nu bakal leungit. 14 Ti baheula nepi ka ayeuna, maranéhna teu ngarti-ngarti+ waktu perjangjian lawas dibacakeun,+ sabab pikiran maranéhna masih kénéh katutup ku kaén. Éta kaén ngan bisa disingkirkeun ku bantuan Al-Masih.+ 15 Malah nepi ka ayeuna, unggal tulisan Musa dibacakeun,+ haté maranéhna katutup ku kaén.+ 16 Tapi waktu hiji jalma balik ka Yéhuwa,* kaénna disingkirkeun.+ 17 Yéhuwa* téh Roh,+ sarta di mana aya kawasa suci Yéhuwa,* di dinya aya kamerdékaan.+ 18 Urang kabéh, nu beungeutna teu ditutupan, ibarat eunteung nu némbongkeun kamulyaan Yéhuwa.* Urang dirobah pikeun jadi saperti Allah jeung pikeun némbongkeun kamulyaan nu beuki lila beuki mulya, percis sakumaha nu dipikahayang ku Yéhuwa,* Roh téa.*+