2 Korintus
4 Urang-urang dibéré tugas palayanan ieu téh lantaran welas asih Allah, jadi urang-urang moal nyerah. 2 Urang-urang nolak hal-hal nu ngérakeun anu disumput-sumputkeun jeung teu maké akal licik atawa nyimpangkeun* firman Allah. Tapi, bebeneran jadi nyata ku urang-urang sabab dina pandangan Allah, urang-urang jadi tuladan keur unggal jalma.* 3 Lamun misalna warta hadé nu diuarkeun ku urang-urang téh katutupan, éta katutup keur jalma-jalma nu rék dibinasakeun. 4 Maranéhna téh jalma-jalma nu teu boga iman, anu pikiranana geus dilolongkeun ku pangawasa* dunya* ieu nepi ka maranéhna teu bisa ningali cahaya kamulyaan warta hadé ngeunaan Al-Masih, nyaéta gambaranana Allah. 5 Urang-urang teu ngawawar ngeunaan diri sorangan, tapi ngawawarkeun yén Isa Al-Masih téh Juragan, sarta urang-urang téh palayan aranjeun demi Isa. 6 Allah pernah nyebutkeun kieu, ”Ti nu poék sing bijil caang”, jeung Allah geus nyaangan haté urang ku pangaweruh nu mulya ngeunaan Anjeunna, anu nyorot tina raray Al-Masih.
7 Sanajan urang-urang téh siga wadah tina taneuh,* harta ieu disimpen dina diri urang, supaya katingali jelas yén kasanggupan nu hébat téh asalna ti Allah, lain ti diri sorangan. 8 Urang-urang digencét ti sagala arah, tapi teu kasedek nepi ka teu bisa usik. Urang-urang bingung teu nyaho kudu kumaha, tapi aya waé jalan kaluarna.* 9 Urang-urang dikaniaya, tapi teu diculkeun. Urang-urang diteunggeul nepi ka ngagolépak, tapi teu paéh. 10 Indit ka mana waé gé, nyawa urang-urang kaancam siga Isa. Éta téh supaya hirup urang-urang sarua jeung hirupna Isa. 11 Nyawa urang-urang kaancam waé demi Isa. Éta téh supaya hirup urang-urang sarua jeung hirupna Isa. 12 Jadi, nyawa urang-urang kaancam waé téh supaya aranjeun hirup.
13 Aya ayat nu nyebutkeun, ”Kuring némbongkeun iman, éta sababna kuring ngomong.” Urang-urang gé némbongkeun iman nu sarua siga kitu, éta sababna urang-urang ngomong. 14 Urang-urang apal, Allah nu ngahirupkeun deui Isa bakal ngahirupkeun deui urang-urang pikeun babarengan jeung Isa, sarta urang kabéh bakal dibawa ka hareupeun Isa. 15 Hal-hal ieu kajadian téh demi kapentingan aranjeun, supaya beuki loba jalma narima welas asih Allah nu taya bandingna,* jadi beuki loba jalma bakal ngucap sukur ka Allah. Ku kituna, Anjeunna dimulyakeun.
16 Éta sababna urang henteu nyerah. Sanajan raga beuki lemah, ari batin mah unggal poé dibéré kakuatan nu anyar. 17 Kasangsaraan* nu disanghareupan téh teu pira jeung keur saheulaanan, tapi hasilna urang bakal narima kamulyaan nu beuki lila beuki gedé tur langgeng. 18 Anu terus dipikirkeun ku urang mah naon nu teu katémbong, lain nu katémbong, sabab anu katémbong mah ngan saheulaanan, ari nu teu katémbong mah langgeng.