2 Korintus
5 Urang apal, imah urang nu aya di bumi, nyaéta awak urang nu ibarat kémah, bakal dirugrugkeun,* terus Allah bakal méré urang imah nu langgeng di sorga, nu teu dijieun ku leungeun manusa. 2 Di imah* nu ayeuna mah urang ngajerit di jero haté, lantaran hayang pisan maké naon nu geus disiapkeun keur urang* di sorga, 3 supaya waktu éta dipaké ku urang, urang moal bakal taranjang. 4 Sabenerna mah urang nu maké kémah ieu téh ngajerit di jero haté ku beban nu beurat. Éta lain hartina urang hayang ngaleupaskeun nu ieu, tapi urang hayang maké nu hijina deui, supaya awak nu bisa maot diganti ku kahirupan langgeng. 5 Allah nu nyiapkeun kahirupan ieu keur urang. Anjeunna téh nu méré kawasa suci sabagé jaminan* keur naon nu bakal datang.
6 Jadi, urang yakin pisan jeung nyaho yén salila urang cicing dina awak ieu, urang téh jauh ti Juragan, 7 lantaran nu jadi dasar hirup urang téh iman, lain hal-hal nu katémbong. 8 Urang yakin pisan sarta leuwih resep cicing bareng jeung Juragan tibatan cicing dina awak ieu. 9 Ku kituna, teu sual di mana urang cicing, boh bareng jeung manéhna boh jauh ti manéhna, urang satékah polah nyenangkeun manéhna, 10 sabab urang kabéh bakal nangtung di hareupeun korsi pangadilan Al-Masih. Ku kituna, masing-masing bakal narima balesan nu satimpal jeung kalakuanana nu goréng* atawa hadé salila hirup dina awak manusa.
11 Lantaran ngarti naon hartina sieun ka Juragan, urang-urang terus ngayakinkeun batur ngarah percaya kana omongan urang-urang, tapi Allah mah kenal pisan ka urang-urang. Muga-muga aranjeun* gé kenal pisan ka urang-urang. 12 Urang-urang lain rék ngagul-ngagulkeun diri deui ka aranjeun, tapi rék ngageuing aranjeun supaya agul ku lantaran urang-urang. Ieu téh ngarah aranjeun bisa ngajawab jalma-jalma nu sok ngagulkeun hal-hal nu katingali ti luar, lain nu aya di jero haté. 13 Lamun urang-urang siga nu teu waras, éta téh keur Allah. Tapi lamun urang-urang maké pikiran nu waras, éta téh keur aranjeun. 14 Urang-urang kageuing ku kanyaah Al-Masih lantaran urang-urang paham kana hal ieu: Saurang jalma maot keur kabéh jalma lantaran kabéh jalma geus maot. 15 Manéhna maot keur kabéh jalma, supaya nu hirup teu hirup keur dirina sorangan deui, tapi keur Al-Masih, nu geus maot keur maranéhna jeung geus dihirupkeun deui.
16 Jadi ti saprak ayeuna, urang-urang moal ngukur jalma tina pandangan manusa. Sanajan baheula urang-urang pernah ngukur Al-Masih tina pandangan manusa, ayeuna mah urang-urang teu ngukur siga kitu deui. 17 Ku kituna, saha waé nu ngahiji jeung Al-Masih téh ciptaan anyar. Hal-hal nu heubeul geus liwat, nu aya ayeuna mah hal-hal nu anyar. 18 Éta kabéh téh asalna ti Allah, nu ngarukunkeun urang jeung Anjeunna ku jalan Al-Masih. Anjeunna gé nu méré tugas ka urang pikeun ngarukunkeun, 19 nyaéta ngawartakeun yén Allah ngagunakeun Al-Masih pikeun ngarukunkeun dunya jeung diri-Na, bari teu ngabalitungkeun kasalahan-kasalahan maranéhna. Anjeunna mercayakeun warta pikeun ngarukunkeun ieu téh ka urang-urang.
20 Jadi, urang-urang téh duta-duta nu ngawakilan Al-Masih. Ieu saolah-olah Allah méménta ka jalma-jalma liwat urang-urang. Salaku wakil Al-Masih, urang-urang bener-bener ménta, ”Sing rukun jeung Allah.” 21 Al-Masih teu pernah boga dosa, jeung ku Allah dijadikeun korban keur dosa-dosa urang.* Jadi ku jalan manéhna, urang bisa dianggap bener ku Allah.