PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 2 Korintus 7
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 2 Korintus

      • Bersihkeun naon nu ngotoran awak jeung pikiran (1)

      • Paulus bungah ku lantaran urang Korintus (2-4)

      • Titus mawa laporan nu alus (5-7)

      • Kasedih nu sajalan jeung kahoyong Allah sarta tobat (8-16)

2 Korintus 7:1

Catetan Handap

  • *

    As. ”roh”. Tingali Daptar Istilah.

  • *

    As. ”sieun”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Kor 6:16
  • +Rm 12:1; 1Tim 1:5; 3:9; 1Yah 3:3

2 Korintus 7:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Rm 12:10; 2Kor 6:12, 13
  • +Kis 20:33, 34; 2Kor 12:17

2 Korintus 7:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Flp 2:17; Flm 7

2 Korintus 7:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kis 20:1

2 Korintus 7:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Kor 1:3, 4

2 Korintus 7:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Kor 2:4

2 Korintus 7:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 32:5; 1Yah 1:9

2 Korintus 7:11

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

  • *

    Atawa ”aranjeun téh murni; aranjeun téh teu boga salah”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mat 3:8

2 Korintus 7:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Kor 5:5

2 Korintus 7:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Kor 2:9; Ibr 13:17

2 Korintus 7:16

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”bisa dikuatkeun ku lantaran aranjeun”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

2 Kor. 7:12Kor 6:16
2 Kor. 7:1Rm 12:1; 1Tim 1:5; 3:9; 1Yah 3:3
2 Kor. 7:2Rm 12:10; 2Kor 6:12, 13
2 Kor. 7:2Kis 20:33, 34; 2Kor 12:17
2 Kor. 7:4Flp 2:17; Flm 7
2 Kor. 7:5Kis 20:1
2 Kor. 7:62Kor 1:3, 4
2 Kor. 7:82Kor 2:4
2 Kor. 7:10Jab 32:5; 1Yah 1:9
2 Kor. 7:11Mat 3:8
2 Kor. 7:121Kor 5:5
2 Kor. 7:152Kor 2:9; Ibr 13:17
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Baca di Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
2 Korintus 7:1-16

Surat nu Kadua keur Sidang Jamaah di Korintus

7 Ku kituna dulur-dulur nu dipikanyaah, lantaran urang geus narima éta jangji-jangji,+ hayu urang bersihkeun naon waé nu ngotoran awak jeung pikiran,*+ supaya urang bisa bener-bener suci lantaran hormat* ka Allah.

2 Buka haté aranjeun pikeun narima abdi sadaya,+ da abdi sadaya teu boga salah ka sasaha, teu nyasabkeun sasaha, jeung teu ngamangpaatkeun sasaha.+ 3 Kuring ngomong kieu téh lain rék nyalahkeun aranjeun. Pan kuring geus pernah ngomong, aranjeun téh aya dina haté abdi sadaya, teu sual urang hirup atawa maot. 4 Kuring mah teu asa-asa ngomong ka aranjeun téh. Kuring gé agul pisan ku aranjeun. Haté téh bener-bener ditegerkeun jeung bungah pisan sanajan abdi sadaya ngalaman loba kasusah.+

5 Malah basa nepi ka Makédonia,+ abdi sadaya asa teu tenang, da loba nu matak susah téh. Di luar aya nu ngahalang-halang, di jero aya kahariwang. 6 Tapi Allah, nu salawasna nguatkeun nu keur susah haté,+ nguatkeun abdi sadaya ku datangna Titus. 7 Lain ku datangna wungkul, abdi sadaya gé dikuatkeun lantaran manéhna geus dikuatkeun ku aranjeun. Manéhna nyarita yén aranjeun téh sono ka kuring, ngarasa sedih pisan, jeung bener-bener mikiran kuring. Atuh kuring téh beuki atoh.

8 Sanajan aranjeun sedih ku lantaran surat kuring,+ kuring mah teu kaduhung. Mémang mimitina mah asa kaduhung, da nyaho yén sanajan ngan sakeudeung, aranjeun sedih ku lantaran surat kuring. 9 Tapi ayeuna mah kuring bungah, lain ku sabab aranjeun sedih, tapi ku sabab éta kasedih ngageuing aranjeun pikeun tobat. Kasedih aranjeun téh sajalan jeung kahoyong Allah, jadi abdi sadaya teu ngarugikeun aranjeun. 10 Kasedih nu sajalan jeung kahoyong Allah téh nungtun jalma-jalma pikeun tobat, nungtun kana kasalametan, sarta éta moal matak kaduhung.+ Ari kasedih nu sipatna dunya mah nungtun kana paéh. 11 Pék tingali hasil tina kasedih aranjeun nu sajalan jeung kahoyong Allah. Aranjeun jadi satékah polah migawé nu bener, mersihan ngaran aranjeun, keuheul ningali nu salah, hormat* ka Allah, sarta hayang pisan jeung sumanget menerkeun nu salah!+ Dina sual-sual éta, katémbong yén aranjeun téh migawé nu bener.* 12 Harita, kuring nulis surat téh lain keur jalma nu boga salah+ atawa nu dirugikeun ku lantaran éta kasalahan, tapi supaya aranjeun bisa némbongkeun di payuneun Allah yén aranjeun téh bener-bener ngadéngékeun abdi sadaya. 13 Éta sababna abdi sadaya dikuatkeun.

Tapi teu ngan saukur dikuatkeun, abdi sadaya gé beuki bungah ku kabungahna Titus, lantaran aranjeun geus ngagedékeun haténa. 14 Kuring teu éra pernah ngagulkeun aranjeun ka Titus sabab éta kabéh téh bener, sakumaha sagala omongan abdi sadaya ka aranjeun téh bener. 15 Titus gé beuki nyaah ka aranjeun lantaran inget yén aranjeun téh bener-bener hormat waktu ngabagéakeun manéhna sarta taat ka manéhna.+ 16 Kuring bungah lantaran bisa percaya ka aranjeun* dina sagala hal.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun