Surat keur Sidang Jamaah di Galatia
2 Opat belas taun ti harita, kuring indit deui ka Yérusalém bareng jeung Barnabas,+ Titus gé diajak.+ 2 Kuring ka ditu téh ku lantaran naon nu disingkabkeun ka kuring. Tuluy, kuring nyarita ngeunaan warta hadé nu diwawarkeun ku kuring ka bangsa-bangsa séjén. Tapi, nyaritana téh ngan hareupeun sadérék-sadérék nu kacida dihormatna. Ieu pikeun mastikeun yén palayanan kuring nu baheula jeung nu ayeuna téh henteu percumah. 3 Ari Titus+ nu milu jeung kuring téh urang Yunani. Sanajan kitu, euweuh nu maksa manéhna disunat.+ 4 Tapi, éta dijadikeun masalah ku dulur-dulur palsu nu nyulusup siga mata-mata.+ Maranéhna hayang ngarampas kabébasan+ urang salaku murid-murid Isa Al-Masih,* niatna ngarah urang diperbudak deui ku Hukum.+ 5 Tapi, abdi sadaya embung ngéléhan atawa nurut ka maranéhna,+ saeutik gé henteu. Kitu téh supaya aranjeun bisa tetep nyekel bebeneran tina warta hadé.
6 Keur kuring mah, siga kumaha baheulana kahirupan sadérék-sadérék nu dianggap penting+ téh euweuh pangaruhna, da Allah henteu ningali jalma tina lahirna. Kuring gé teu diajar hal-hal nu anyar ti sadérék-sadérék nu kacida dihormatna éta. 7 Malah, maranéhna ngarti yén kuring téh dipercaya pikeun nguarkeun warta hadé ka nu lain urang Yahudi,*+ sakumaha Pétrus dipercaya pikeun nguarkeun warta hadé ka urang Yahudi.* 8 Allah méré kasanggupan ka Pétrus pikeun jadi rasul keur urang Yahudi.* Anjeunna gé méré kasanggupan ka kuring pikeun jadi rasul keur bangsa-bangsa séjén.+ 9 Lantaran ngarti yén Allah geus némbongkeun welas asih nu taya bandingna* ka kuring,+ sadérék-sadérék nu jadi pamingpin,* nyaéta Yakobus,+ Kéfas,* jeung Yahya, nyalaman kuring sarta Barnabas,+ tanda satuju yén abdi duaan bakal ngawawar ka bangsa-bangsa séjén, ari maranéhna ka urang Yahudi.* 10 Maranéhna ngan ménta supaya abdi sadaya merhatikeun sadérék-sadérék nu miskin. Éta geus satékah polah diupayakeun ku kuring.+
11 Tapi basa Kéfas*+ datang ka Antiokhia,+ anjeunna ku kuring dipapatahan terus terang, da geus puguh anjeunna téh salah. 12 Biasana mah anjeunna osok dahar bareng jeung jalma-jalma ti bangsa séjén.+ Tapi, basa sadérék-sadérék nu diutus ku Yakobus+ datang, anjeunna jadi teu daékeun tuluy misah, da sieuneun ku jalma-jalma nu ngadukung sunat.+ 13 Urang Yahudi séjénna gé pipilueun munapék, malah Barnabas nepi ka kabawakeun. 14 Waktu ningali kalakuan maranéhna papalingpang jeung bebeneran tina warta hadé,+ kuring ngomong kieu ka Kéfas* hareupeun maranéhna kabéh, ”Ongkoh anjeun téh urang Yahudi, tapi kalakuan siga bangsa séjén, teu siga urang Yahudi. Ari kitu mah kumaha rék ngadesek jalma-jalma ti bangsa séjén pikeun nuturkeun kabiasaan Yahudi?”+
15 Urang kabéh, nu asli urang Yahudi sarta lain jalma dosa ti bangsa séjén, 16 nyaho yén jalma ngan bisa dianggap bener téh lantaran boga iman+ ka Isa Al-Masih,+ lain lantaran ngajalankeun hukum. Jadi, urang kabéh boga iman ka Isa Al-Masih téh supaya dianggap jalma bener lantaran boga iman ka Al-Masih, lain lantaran ngajalankeun hukum. Euweuh saurang-urang acan nu dianggap jalma bener ku lantaran ngajalankeun hukum.+ 17 Lamun urang kabéh masih kénéh dianggap jalma dosa padahal geus ngupayakeun pikeun dianggap jalma bener ku jalan Al-Masih, naha éta hartina Al-Masih ngajurung urang nyieun dosa? Nya henteu atuh! 18 Lamun kuring ngawangun deui naon nu geus diruntuhkeun ku kuring, éta némbongkeun yén kuring téh ngalanggar hukum. 19 Ku lantaran hukum, kuring bébas tina hukum+ supaya bisa hirup keur Allah. 20 Kuring téh dipaku dina tihang bareng jeung Al-Masih.+ Jadi, kuring hirup téh lain keur diri sorangan deui,+ tapi demi Al-Masih nu ngahiji jeung kuring. Hirup kuring nu ayeuna téh sajalan jeung iman ka Putra Allah,+ nu nyaah ka kuring jeung ngorbankeun hirupna keur kuring.+ 21 Kuring henteu nolak welas asih Allah nu taya bandingna.+ Lamun hiji jalma disebut bener ku lantaran ngajalankeun hukum, percumah atuh Al-Masih maot téh?+