Surat keur Sidang Jamaah di Galatia
3 Hé urang Galatia nu teu asup akal! Aranjeun téh kapangaruhan ku saha atuh?+ Pan geus dijelaskeun sajéntréna ngeunaan Isa Al-Masih nu dipaku dina tihang.+ 2 Kuring rék nanya hiji hal: Aranjeun narima kawasa suci téh ku lantaran ngajalankeun hukum atawa ku lantaran boga iman kana naon nu didéngé ku aranjeun?+ 3 Ku naon jadi barodo kieu? Mimitina mah aranjeun téh hirup nuturkeun bingbingan kawasa suci, naha ayeuna jadi nuturkeun pikiran manusa?+ 4 Mémangna percumah aranjeun ngalaman loba kasangsaraan téh? Nya pasti henteu atuh! 5 Ku naon aya nu méré kawasa suci ka aranjeun jeung nyieun loba mujijat+ di antara aranjeun? Éta téh lantaran aranjeun ngajalankeun hukum, atawa lantaran aranjeun boga iman kana naon nu didéngé ku aranjeun? 6 Ieu téh sarua siga Ibrahim. Anjeunna ”boga iman ka Yéhuwa,* ku kituna anjeunna dianggap bener”.+
7 Aranjeun pasti terang yén anak-anak Ibrahim téh jalma-jalma nu boga iman.+ 8 Dina Kitab Suci, geus disebutkeun saacanna yén jalma-jalma ti bangsa séjén bakal dianggap jalma bener ku Allah lantaran boga iman. Éta warta hadé geus ditepikeun ti heula ka Ibrahim, eusina, ”Ku jalan manéh, sakabéh bangsa bakal meunang berkah.”+ 9 Jadi, saha waé nu boga iman bakal diberkahan, sarua siga Ibrahim nu boga iman.+
10 Kabéh jalma nu ngandelkeun hukum téh jalma nu dikutuk, sabab aya ayat nu nyebutkeun, ”Sing dikutuk jalma-jalma nu henteu terus ngajalankeun sakabéh nu ditulis dina gulungan Torét.”+ 11 Salian ti éta, geus jelas moal aya jalma nu dianggap bener ku Allah+ pédah ngajalankeun hukum, sabab ”jalma bener bakal hirup ku lantaran imanna”.+ 12 Torét mah teu ngawajibkeun jalma boga iman, sabab aya ayat nu nyebutkeun, ”Saha waé nu ngajalankeun Torét tangtu bakal hirup.”+ 13 Al-Masih geus meuli+ jeung ngabébaskeun urang+ tina kutukan Torét ku cara jadi jalma nu dikutuk ngaganti urang. Ieu téh sakumaha nu ditulis dina Kitab Suci, ”Sing dikutuk jalma nu digantung dina tihang.”+ 14 Tujuanana supaya ku jalan Isa Al-Masih,+ bangsa-bangsa narima berkah nu dijangjikeun ka Ibrahim. Jadi lantaran boga iman, urang bisa narima kawasa suci nu dijangjikeun.+
15 Dulur-dulur, kuring rék maké conto tina kahirupan sapopoé: Sanggeus hiji perjangjian disahkeun, sanajan ngan ku hiji jalma, éta moal bisa dibatalkeun atawa ditambahan eusina ku sasaha. 16 Tah, ngeunaan jangji-jangji Allah ka Ibrahim jeung turunanana,+ ayatna teu nyebutkeun ”ka turunan-turunan manéh”, siga ka lobaan. Tapi ayatna nyebutkeun ”ka turunan manéh”, maksudna ka hiji jalma, nyaéta Al-Masih.+ 17 Kuring gé rék ngomong kieu: Torét, nu kakara aya 430 taun sanggeusna,+ moal bisa ngabatalkeun perjangjian nu geus dijieun saacanna ku Allah atawa mupus éta jangji. 18 Lamun éta warisan dibikeun ku lantaran Torét, hartina warisan téh teu dibikeun ku lantaran jangji, padahal Allah geus bageur ngurniakeun éta ka Ibrahim dina hiji jangji.+
19 Jadi, jang naon atuh aya Torét? Torét dibikeun* téh pikeun nuduhkeun ayana palanggaran.+ Éta kapaké nepi ka datangna turunan+ nu narima jangji téa. Torét ditepikeun ku jalan para malaikat+ ka hiji jalma nu jadi perantara.+ 20 Perantara diperlukeun lamun dina hiji perjangjian aya leuwih ti hiji pihak. Tapi waktu Allah nyieun éta jangji, ngan aya hiji pihak, nyaéta Allah. 21 Mun kitu, Torét téh papalingpang jeung jangji-jangji Allah, kitu? Nya henteu atuh! Upama hukum nu dibikeun téh bisa méré kahirupan, nya urang kabéh bakal dianggap bener lamun ngajalankeunana. 22 Tapi, Kitab Suci némbongkeun yén sakabéh jalma dikawasaan ku dosa, jadi nu meunangkeun jangji Allah téh nu boga iman ka Isa Al-Masih.
23 Saacan ayana iman,* urang dijaga ku hukum jeung dikawasaan ku dosa, bari ngadagoan iman nu bakal disingkabkeun.+ 24 Jadi, Torét téh ngabingbing* jeung nungtun urang ka Al-Masih,+ supaya urang bisa dianggap jalma bener ku lantaran iman.+ 25 Tapi sanggeus ayana iman,+ nu ngabingbing téh geus teu dibutuhkeun deui.+
26 Aranjeun kabéh téh sabenerna anak-anak Allah+ lantaran boga iman ka Isa Al-Masih.+ 27 Aranjeun kabéh nu dibaptis pikeun ngahiji jeung Al-Masih geus jadi saperti Al-Masih.+ 28 Ku kituna, geus euweuh bédana deui antara urang Yahudi jeung urang Yunani,+ antara palayan jeung jalma merdéka,+ antara lalaki jeung awéwé,+ sabab salaku murid-murid Isa Al-Masih, aranjeun kabéh téh geus ngahiji.+ 29 Salian ti éta, lamun aranjeun milik Al-Masih, aranjeun téh bener-bener turunan Ibrahim+ sarta bakal narima warisan+ nu dijangjikeun.+