1 Timotius
2 Pangpangna, kuring ngajurung supaya sagala rupa paménta, doa, jeung ucapan sukur ditepikeun ka Allah demi sagala rupa jalma, 2 raja-raja, jeung kabéh pangawasa,* supaya urang bisa hirup ayem tengtrem bari ngabdi ka Allah jeung sérius dina sagala hal. 3 Ieu téh hadé jeung dipikaresep ku Allah, Jurusalamet urang, 4 nu hayang sagala rupa jalma disalametkeun jeung boga pangaweruh nu bener ngeunaan bebeneran. 5 Ngan aya hiji Allah jeung hiji perantara antara Allah jeung manusa, hiji jalma, nyaéta Isa Al-Masih, 6 nu ngorbankeun diri jadi tebusan nu sabanding keur kabéh jalma.* Jalma-jalma bakal méré kasaksian ngeunaan hal ieu dina waktu nu geus ditangtukeun. 7 Kuring dilantik jadi pawarta jeung rasul téh pikeun méré kasaksian ngeunaan hal ieu. Ku kituna, kuring bisa ngajar bangsa-bangsa séjén ngeunaan iman jeung bebeneran. Omongan kuring téh bener, kuring teu bohong.
8 Jadi, kuring hayang supaya di unggal tempat, priya-priya nu satia terus ngadoa, nadahkeun leungeun, bébas tina amarah, jeung henteu paréa-réa omong. 9 Kitu ogé para wanita, lamun dangdan kudu maké pakéan nu pantes,* kudu saderhana, jeung kudu maké pikiran nu séhat.* Buuk ulah dimodél nu anéh-anéh, ulah maké pakéan nu mahal pisan, sarta ulah reunceum ku emas atawa mutiara, 10 tapi kudu didangdanan ku tingkah laku anu hadé sakumaha layakna wanita nu ngaku ngabdi ka Allah.
11 Waktu diajar, wanita kudu jempé* jeung bener-bener tunduk. 12 Kuring teu ngidinan wanita ngajar atawa ngawasaan priya. Tapi, manéhna kudu tetep jempé.* 13 Ieu lantaran nu diciptakeun mimiti téh Adam, kakara Hawa. 14 Salian ti éta, Adam mah teu katipu, tapi wanita éta nu bener-bener katipu jeung nyieun dosa. 15 Sanajan kitu, wanita bakal aman lamun ngalahirkeun budak, asal manéhna* tetep boga iman, kanyaah, kasucian, jeung pikiran nu séhat.*