Yosua
11 Hal éta kadéngé ku Yabin raja Hazor, jadi manéhna langsung ngirim pesen ka Yobab raja Madon, raja Syimron, jeung raja Akhsyaf, 2 nyaéta raja-raja nu aya di daérah pagunungan beulah kalér, ogé ka raja-raja di dataran* beulah kidul Khinérét, raja-raja di Syéféla jeung di lamping-lamping* Dor beulah kulon. 3 Manéhna gé ngirim pesen ka urang Kanaan nu aya di beulah wétan jeung kulon, urang Amori, urang Hét, urang Périz, urang Yébus di daérah pagunungan, jeung urang Héwi di suku Gunung Hérmon di tanah Mizpa. 4 Jadi, maranéhna daratang bari marawa prajurit nu kacida lobana siga keusik di basisir. Maranéhna gé marawa loba pisan kuda jeung karéta perang. 5 Sakabéh raja ieu sapakat pikeun ngumpul jeung masang kémah di Sumber Cai Mérom. Maranéhna rék merangan Israél.
6 Yéhuwa ngomong ka Yosua, ”Tong sieun ka maranéhna, sabab isukan kira-kira wayah kieu, Kuring rék nyerahkeun kabéhanana ka Israél pikeun dipaéhan. Teukteuk urat suku kuda-kudana jeung duruk karéta-karéta perangna.” 7 Tuluy Yosua bareng jeung sakabéh prajuritna ngayakeun serangan ngadadak di Sumber Cai Mérom. 8 Yéhuwa nyerahkeun maranéhna ka Israél. Urang Israél ngéléhkeun jeung ngaberik maranéhna nepi ka Sidon Gedé, Misréfot-maim, jeung Lebak Mizpé di beulah wétan. Kabéhanana dipaéhan nepi ka euweuh hiji-hiji acan nu salamet. 9 Geus kitu, Yosua neukteukan urat suku kuda-kuda jeung ngaduruk karéta-karéta perang maranéhna, sakumaha paréntah Yéhuwa.
10 Ti dinya, Yosua indit ka Hazor jeung ngarebut kota éta sarta maéhan rajana ku pedang, lantaran Hazor téh kota nu pangkuatna di antara sakabéh karajaan éta. 11 Unggal jalma di kota éta dipaéhan ku pedang. Euweuh saurang-urang acan nu tetep hirup. Terus, Hazor diduruk ku Yosua. 12 Manéhna maéhan raja-raja éta ku pedang jeung ngarebut kota-kotana. Maranéhna kabéh dimusnakeun, sakumaha paréntah Musa hamba Yéhuwa. 13 Tapi, kota-kota nu aya di luhureun pasir* mah teu diduruk ku urang Israél kajaba Hazor. Ngan kota éta nu diduruk ku Yosua. 14 Kabéh harta banda jeung ingon-ingon di kota-kota éta dijarah ku urang Israél. Tapi jalma-jalmana, kabéhanana dipaéhan ku pedang euweuh nu nyésa. Euweuh saurang-urang acan nu tetep hirup. 15 Sakabéh paréntah Yéhuwa ka Musa hamba-Na, nu ditepikeun ogé ku Musa ka Yosua, dijalankeun ku Yosua. Euweuh hiji-hiji acan paréntah Yéhuwa ka Musa nu teu dijalankeun ku Yosua.
16 Yosua nalukkeun sakabéh nagri ieu, nyaéta daérah pagunungan, sakabéh daérah Négéb, sakabéh tanah Gosyén, Syéféla, Araba, jeung daérah pagunungan Israél sarta pasir-pasirna,* 17 ti Gunung Halak di deukeut Séir nepi ka Baal-gad di Lebak Lébanon di suku Gunung Hérmon. Yosua néwakan raja-rajana jeung maéhan maranéhna. 18 Rada lila Yosua merangan raja-raja éta. 19 Euweuh kota nu jadi balad Israél kajaba urang Héwi nu cicing di Gibéon. Kota-kota séjénna mah diperangan jeung ditalukkeun. 20 Waktu maranéhna* keukeuh hayang merangan Israél, ku Yéhuwa diantep ngarah maranéhna dimusnakeun taya ampun. Kabéhanana dibinasakeun, sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa.
21 Harita, Yosua ngamusnakeun urang Anakim ti daérah pagunungan, nyaéta ti Hébron, Débir, Anab, sakabéh daérah pagunungan Yéhuda, jeung sakabéh daérah pagunungan Israél. Yosua ngamusnakeun maranéhna jeung kota-kotana. 22 Urang Anakim euweuh nu nyésa di tanah urang Israél. Maranéhna ngan aya di Gaza, Gat, jeung Asdod. 23 Sakabéh tanah éta dikawasaan ku Yosua, sakumaha jangji Yéhuwa ka Musa. Yosua ngabagi-bagikeun tanah ka urang Israél sabagé warisan, unggal kaom narima bagianana masing-masing. Geus kitu, di nagri éta euweuh perang deui.