Yosua
2 Geus kitu, waktu maranéhna aya di Syitim,+ Yosua anak Nun ngutus dua mata-mata. Ceuk Yosua, ”Jung indit jeung pariksa éta tanah, pangpangna mah kota Yérikho.” Jadi maranéhna indit. Sadatangna ka Yérikho, maranéhna mondok di imah palacur nu ngaranna Rahab.+ 2 Raja Yérikho meunang laporan, ”Aya mata-mata urang Israél datang peuting ieu rék mariksa kaayaan nagri urang.” 3 Jadi, raja Yérikho ngirim utusan pikeun nitah kieu ka Rahab, ”Serahkeun jalma-jalma nu datang jeung mondok di imah manéh. Maranéhna téh mata-mata nu rék mariksa kaayaan ieu nagri.”
4 Ari éta dua mata-mata geus disumputkeun ku Rahab. Tuluy, manéhna ngajawab utusan raja, ”Enya mémang tadi aya jalma-jalma nu datang ka dieu, tapi teu terang ti mana asalna mah. 5 Waktu geus poék, saméméh gerbang kota ditutup, maranéhna geus kaluar. Duka tah indit ka manana mah, tapi lamun gancang diudag, sigana bakal katéwak da ku aranjeun.” 6 (Sabenerna mah éta mata-mata téh disumputkeun ku Rahab di hateup,* ditutupan ku tumpukan gagang rami.) 7 Jadi, para utusan raja téh ngudag maranéhna ka pameuntasan Walungan Yordan.+ Sanggeus para utusan kaluar, gerbang kota ditutup.
8 Saacan éta dua mata-mata saré, Rahab nyampeurkeun maranéhna di hateup. 9 Rahab ngomong ka maranéhna, ”Abdi yakin Yéhuwa bakal nyerahkeun ieu nagri ka aranjeun.+ Urang kabéh sieun ka aranjeun.+ Kabéh penduduk ieu nagri gé ngadégdég waktu nyaho aranjeun datang ka dieu,+ 10 sabab urang dieu geus ngadaréngé kumaha Yéhuwa nungtun aranjeun meuntasan Laut Beureum, nu geus disaatan ku Anjeunna basa aranjeun budal ti Mesir.+ Urang gé geus ngadaréngé aranjeun maéhan Sihon+ jeung Og,+ dua raja urang Amori nu aya di beulah ditu* Walungan Yordan. 11 Basa ngadéngé éta, urang kabéh jadi sieun. Euweuh nu wani* ngalawan aranjeun, sabab Yéhuwa Allah aranjeun téh Allah nu aya di langit jeung di bumi.+ 12 Ayeuna, abdi nyuhunkeun aranjeun sumpah demi Yéhuwa yén aranjeun bakal bageur* ka kulawarga bapa abdi, lantaran abdi gé geus bageur ka aranjeun. Pasihan ogé abdi jaminan yén aranjeun bakal nyekel omongan aranjeun. 13 Indung bapa abdi, adi lanceuk abdi, kitu deui kulawargana, ulah dipaéhan.+ Salametkeun abdi sakulawarga.”
14 Ngadéngé kitu, éta dua mata-mata ngomong, ”Nyawa urang jaminanana! Lamun Nyai teu bébéja ka sasaha ngeunaan urang, urang bakal bageur jeung nyekel omongan urang ka Nyai waktu Yéhuwa nyerahkeun ieu nagri ka urang.” 15 Geus kitu, Rahab nitah maranéhna turun liwat jandéla maké tali, sabab imah manéhna aya di témbok kota di bagian luhurna.+ 16 Tuluy Rahab ngomong, ”Jung indit ka daérah pagunungan, nyumput di ditu tilu poé ngarah teu kapanggih ku nu ngudag aranjeun. Lamun nu ngudag aranjeun geus baralik ka dieu, kakara aranjeun bisa neruskeun perjalanan.”
17 Éta dua mata-mata ngomong ka manéhna, ”Urang bakal terus nyekel sumpah+ urang ka Nyai, 18 asal waktu urang datang deui ka dieu, ieu tali beureum kudu dibeungkeutkeun kana jandéla urut urang turun. Engké bapa, indung, dulur-dulur, jeung sakabéh kulawarga bapa Nyai sina karumpul bareng jeung Nyai di ieu imah.+ 19 Lamun aya nu kaluar ti ieu imah tuluy paéh, nya éta mah salah sorangan, lain salah urang. Tapi lamun nu cicing di imah ieu aya nu cilaka, urang nu tanggung jawab. 20 Lamun Nyai ngalaporkeun urang,+ urang bébas tina sumpah urang ka Nyai.” 21 Rahab ngajawab, ”Abdi satuju jeung aranjeun.”
Geus kitu, maranéhna disina indit, tuluy Rahab ngabeungkeutkeun éta tali beureum kana jandéla. 22 Jadi, maranéhna indit ka daérah pagunungan jeung cicing di dinya salila tilu poé, nepi ka nu ngudagna baralik deui. Nu ngudagna geus néangan ka unggal jalan, tapi maranéhna teu kapanggih. 23 Ti dinya, éta dua mata-mata turun ti daérah pagunungan, meuntasan Walungan Yordan, jeung ngadatangan Yosua anak Nun. Maranéhna nyaritakeun sagalana ka Yosua. 24 Ceuk maranéhna, ”Yéhuwa geus nyerahkeun sakabéh nagri éta ka urang.+ Malah, sakabéh penduduk éta nagri ngadégdég waktu ngadéngé urang datang.”+