1 Samuél
12 Ahirna, Samuél ngomong ka sakabéh urang Israél, ”Kuring geus nyumponan* sagala paménta maranéh. Kuring geus ngalantik raja nu bakal maréntah maranéh.+ 2 Tah, ieu raja nu bakal mingpin* maranéh téh!+ Kuring geus mingpin maranéh ti ngongora,+ tapi ayeuna kuring geus kolot jeung huisan. Anak-anak kuring gé aya di dieu bareng jeung maranéh.+ 3 Ayeuna, ieu kuring. Sok, lamun aya nu rék ngadu ngeunaan kuring di hareupeun Yéhuwa jeung jalma nu dilantik ku Anjeunna,+ mangga. Aya teu anu sapi atawa kaldéna pernah dicokot ku kuring?+ Aya teu nu pernah ditipu atawa ditindes ku kuring? Pernah teu kuring narima panyogok pikeun nutupan kasalahan jalma?+ Lamun pernah, ku kuring rék dipulangkeun.”+ 4 Maranéhna ngajawab, ”Anjeun tara nipu, nindes, atawa narima panyogok ti saha waé.” 5 Jadi Samuél ngomong ka maranéhna, ”Poé ieu, Yéhuwa jeung jalma nu dilantik ku Anjeunna jadi saksi yén maranéh teu boga tuduhan nanaon ka* kuring.” Jawab maranéhna, ”Muhun, Anjeunna saksina.”
6 Jadi Samuél ngomong ka maranéhna, ”Yéhuwa, nu milih Musa jeung Harun sarta nu mawa karuhun maranéh kaluar ti Mesir,+ Anjeunna saksina. 7 Ayeuna, sok narangtung. Kuring rék ngahakiman maranéh hareupeun Yéhuwa jeung ngingetan maranéh kana sagala hal hadé nu dilampahkeun ku Yéhuwa keur maranéh jeung karuhun maranéh.
8 ”Sanggeus Yakub datang ka Mesir,+ sarta karuhun maranéh ménta tulung ka Yéhuwa,+ Yéhuwa gancang ngutus Musa+ jeung Harun pikeun mingpin maranéhna kaluar ti Mesir, sarta mawa maranéhna pikeun maratuh di ieu tempat.+ 9 Tapi maranéhna mopohokeun Yéhuwa Allahna. Ku kituna, Anjeunna nyerahkeun* maranéhna+ ka Siséra+ panglima tentarana Hazor, ka urang Filistin,+ jeung ka raja Moab,+ nu terus merangan maranéhna. 10 Seug maranéhna ménta tulung ka Yéhuwa,+ ’Abdi sadaya geus nyieun dosa+ lantaran geus ninggalkeun Yéhuwa tuluy nyembah ka déwa-déwa Baal+ jeung patung-patung Astorét.+ Ayeuna, salametkeun abdi sadaya ti musuh-musuh supaya bisa nyembah ka Gusti.’ 11 Geus kitu Yéhuwa ngutus Yérubaal,+ Bédan, Yéfta,+ jeung Samuél,+ tuluy nyalametkeun maranéh ti musuh-musuh nu aya di sakurilingeun maranéh, ngarah maranéh bisa hirup tengtrem.+ 12 Waktu maranéh rék diserang ku Nahas+ raja urang Ammon, maranéh terus ngomong kieu ka kuring, ’Pokona urang hayang boga raja!’+ padahal Yéhuwa Allah maranéh téh Raja maranéh.+ 13 Tah, ieu raja nu dipilih jeung dipénta ku maranéh. Yéhuwa geus ngalantik hiji raja keur maranéh.+ 14 Upama maranéh hormat* ka Yéhuwa+ sarta ngalalayanan+ jeung taat ka Anjeunna,+ upama maranéh teu ngalawan paréntah Yéhuwa, sarta upama maranéh jeung raja maranéh nuturkeun Yéhuwa Allah maranéh, éta téh hadé. 15 Tapi, upama maranéh teu taat ka Yéhuwa jeung ngalawan paréntah Yéhuwa, Yéhuwa bakal ngalawan maranéh jeung bapa maranéh.+ 16 Pék narangtung, jeung tingali tindakan luar biasa nu dilampahkeun ku Yéhuwa hareupeun maranéh. 17 Ayeuna téh keur usum* panén gandum, pan? Kuring rék nyuhunkeun hujan jeung guludug ka Yéhuwa, supaya maranéh nyaho jeung ngarti yén ménta raja téh kajahatan nu luar biasa dina pandangan Yéhuwa.”+
18 Geus kitu, Samuél ngadoa ka Yéhuwa. Breg Yéhuwa nurunkeun hujan jeung guludug poé éta. Ku kituna, jalma-jalma jadi sarieuneun pisan ka Yéhuwa jeung Samuél. 19 Kabéh jalma ngomong ka Samuél, ”Pangdoakeun abdi sadaya ka Yéhuwa Allahna anjeun,+ sabab abdi sadaya embung maot. Abdi sadaya geus ngalampahkeun kajahatan ku cara ménta raja. Éta téh nambahan dosa.”
20 Samuél ngomong ka jalma-jalma, ”Ulah sieun. Mémang maranéh geus ngalampahkeun sakabéh kajahatan ieu. Tapi ayeuna mah ulah ninggalkeun Yéhuwa.+ Maranéh kudu ngalalayanan Yéhuwa ku sapinuhna haté.+ 21 Ulah ninggalkeun Anjeunna pikeun nuturkeun allah-allah palsu,*+ nu euweuh gunana+ jeung teu bisa nyalametkeun, lantaran éta allah-allah téh euweuh nanaonna.* 22 Demi nami-Na nu agung,+ Yéhuwa moal ninggalkeun umat-Na,+ sabab Yéhuwa sorangan geus milih maranéh jadi umat-Na.+ 23 Ari kuring mah moal mungkin eureun ngadoakeun maranéh, da éta téh dosa ka Yéhuwa. Kuring gé bakal terus ngajarkeun jalan Allah nu hadé jeung bener ka maranéh. 24 Asal, maranéh kudu hormat* ka Yéhuwa+ sarta ngalalayanan Anjeunna sing satia* jeung ku sapinuhna haté. Sing aringet kana hal-hal luar biasa anu geus dilampahkeun ku Anjeunna keur maranéh.+ 25 Tapi lamun maranéh ngahaja ngalampahkeun nu jahat, maranéh jeung raja maranéh bakal dimusnakeun.”+