PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 20
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Yonatan satia ka Daud (1-42)

1 Samuél 20:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Tunjukkeun asih nu satia”.

1 Samuél 20:14

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nunjukkeun asih nu satia”.

1 Samuél 20:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih nu satia”.

1 Samuél 20:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”dina poé gawé éta”.

1 Samuél 20:30

Catetan Handap

  • *

    As. ”Anak awéwé nu barontak”.

1 Samuél 20:41

Catetan Handap

  • *

    As. ”silih cium”. Dina jaman Alkitab, silih cium téh nunjukkeun sosobatan.

1 Samuél 20:42

Catetan Handap

  • *

    As. ”binih”.

  • *

    As. ”binih”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 20:1-42

1 Samuél

20 Tuluy Daud kabur ti Nayot di Rama. Manéhna manggihan Yonatan, seug ngomong kieu, ”Salah naon abdi téh? Dosa naon abdi ka bapa Akang, nepi ka anjeunna hayang maéhan abdi?” 2 Yonatan némbalan, ”Moal mungkin atuh, manéh moal bakal maot. Mun rék ngalakukeun naon waé, boh nu penting boh nu henteu, si Bapa pasti bébéja. Moal mungkin si Bapa nyumput-nyumputkeun hal ieu ti Akang.” 3 Tapi Daud ngomong deui, ”Bapa Akang pan apal abdi téh sobatna Akang. Anjeunna tangtu mikir, ’Ulah kanyahoan ku Yonatan, bisi ambekeun.’ Tapi demi Yéhuwa nu hirup, sarta demi hirup Akang sorangan, saléngkah deui abdi bakal maot!”

4 Ceuk Yonatan ka Daud, ”Sok atuh hayangna kumaha? Engké ku Akang bakal dilaksanakeun.” 5 Daud némbalan ka Yonatan, ”Isuk téh pan parayaan bulan anyar, sakuduna abdi milu dahar bareng jeung Raja. Tapi abdi ménta idin ka Akang moal milu. Isukan jeung pagéto, abdi rék nyumput di luar kota nepi ka peuting. 6 Mun bapa Akang néangan abdi, pangbéjakeun kieu, ’Daud ménta idin ka abdi rék buru-buru indit ka Bétléhém, kotana. Manéhna rék milu jeung kulawargana méré korban taunan.’ 7 Mun anjeunna ngajawab, ’Nya teu nanaon,’ éta hartina hamba Akang ieu aman. Tapi mun anjeunna ambek, Akang bakal apal anjeunna mémang hayang nyilakakeun abdi. 8 Sing bageur* ka hamba Akang ieu, sabab Akang geus nyieun perjangjian jeung abdi di hareupeun Yéhuwa. Tapi mun abdi mémang salah, sok wéh abdi dipaéhan ku Akang sorangan. Ulah ku bapa Akang.”

9 Ngadéngé kitu Yonatan némbalan, ”Ulah ngomong kitu atuh! Lamun Akang ngadéngé si Bapa rék nyilakakeun manéh, piraku Akang teu ngabéjaan?” 10 Tuluy Daud nanya ka Yonatan, ”Lamun bapa Akang ambek ka abdi, saha anu bakal ngabéjaan?” 11 Ceuk Yonatan ka Daud, ”Hayu urang indit ka tegalan.” Bral duanana indit ka tegalan. 12 Tuluy Yonatan ngomong deui ka Daud, ”Yéhuwa Allah Israél saksina. Isukan atawa pagéto, kira-kira wayah kieu, Akang rék nyilidik niat haté si Bapa. Lamun niatna alus ka manéh, nya tangtu ku Akang dibéré kabar jeung dibéjakeun ka manéh. 13 Lamun si Bapa boga niat nyilakakeun manéh tapi Akang teu ngabéjaan manéh tuluy manéh jadi cilaka, Akang sing dihukum sabeurat-beuratna ku Yéhuwa. Mugia Yéhuwa nyarengan manéh sakumaha Anjeunna gé nyarengan bapa Akang baheula. 14 Mugia manéh terus nyaah* ka Akang siga Yéhuwa, teu sual Akang hirup kénéh atawa geus maot. 15 Ulah megatkeun kanyaah* manéh ka kulawarga Akang, malah nepi ka engké sanggeus Yéhuwa ngamusnakeun sakabéh musuh Daud di bumi ieu.” 16 Jadi Yonatan nyieun perjangjian jeung Daud sarta turunanana. Manéhna gé ngomong kieu, ”Yéhuwa bakal ménta tanggung jawab ti musuh-musuh Daud.” 17 Terus Yonatan ménta Daud sumpah deui demi kanyaah Daud ka manéhna, sabab manéhna nyaah ka Daud asa ka dirina sorangan.

18 Tuluy ceuk Yonatan ka Daud, ”Isukan téh pan parayaan bulan anyar, tangtu bakal kanyahoan manéh teu hadir, da tempat diuk manéh téh kosong. 19 Pagétona tangtu leuwih kaciri deui manéh teu hadir. Jadi manéh kudu indit ka tempat manéh nyumput basa éta,* jeung dagoan di deukeut batu ieu. 20 Engké, Akang rék mesatkeun tilu panah ka gigireun batu ieu, api-api aya nu diarah. 21 Terus palayan Akang rék dititah néangan panah éta. Mun Akang ngomong ka manéhna, ’Tuh, panah téh aya di gigireun manéh, sok pulung,’ éta hartina manéh bisa balik. Demi Yéhuwa nu hirup, sing percaya kaayaanana aman jeung taya bahaya. 22 Tapi lamun Akang ngomong kieu ka manéhna, ’Tuh, panahna jauh ka ditu,’ éta hartina manéh kudu indit, sabab Yéhuwa hayang manéh indit. 23 Mugia Yéhuwa salilana jadi saksi keur jangji urang duaan.”

24 Jadi, Daud nyumput di tegalan. Pas parayaan bulan anyar, Raja diuk rék dahar. 25 Raja diuk di tempat biasana di deukeut témbok. Yonatan diuk di hareupeunana, ari Abnér diuk di gigireun Saul, tapi tempat Daud mah kosong. 26 Saul teu ngomong nanaon poé éta, da ceuk pamikirna, ’Meureun aya halangan. Nya manéhna pasti keur najis.’ 27 Isukna deui, dina poé kadua parayaan bulan anyar, tempat diuk Daud kosong kénéh. Pok Saul nanya ka Yonatan anakna, ”Ku naon nya ti kamari anak Isai teu milu dahar?” 28 Yonatan ngajawab, ”Daud ménta idin ka abdi rék ka Bétléhém. 29 Ceuk manéhna, ’Punten, abdi ménta idin. Kulawarga abdi rék méré korban di kota. Abdi dipiwarang ka ditu ku lanceuk. Mun diidinan, abdi rék indit ngalongok lanceuk-lanceuk abdi.’ Éta sababna manéhna teu milu dahar bareng jeung Raja.” 30 Ngadéngé kitu, Saul kacida ambekna ka Yonatan. Ceuk Saul, ”Anak bangkawarah!* Disangka manéh aing teu nyaho manéh mihak ka anak Isai? Manéh mah ngérakeun diri sorangan jeung indung. 31 Salila anak Isai éta hirup kénéh, manéh moal bisa jadi raja, jeung karajaan manéh moal langgeng. Kirim utusan, bawa manéhna ka dieu, rék dipaéhan.”

32 Tapi Yonatan ngomong ka Saul bapana, ”Ku naon manéhna bet kudu dipaéhan? Salah naon?” 33 Ngadéngé kitu, Saul ngabelewerkeun tumbakna ka Yonatan. Ti dinya, Yonatan nyahoeun bapana bener-bener hayang maéhan Daud. 34 Bakating ku ambek-ambekna, Yonatan langsung cengkat ninggalkeun méja. Manéhna teu dahar nanaon poé éta lantaran manéhna sedih mikirkeun Daud, jeung lantaran bapana ngahina manéhna.

35 Isukna, Yonatan indit ka tegalan rék manggihan Daud sakumaha jangjina. Manéhna dibaturan ku palayanna nu ngora kénéh. 36 Palayanna dititah kieu, ”Jung lumpat, urang rék mesatkeun panah, engké pangnéangankeun nya.” Palayanna lumpat, belesat Yonatan mesatkeun panah ngaliwatan éta palayan. 37 Waktu palayanna nepi di daérah ragragna panah nu dipesatkeun ku Yonatan, Yonatan ngagorowok ka palayanna, ”Tuh panah téh jauh kénéh!” 38 Yonatan ngagorowok deui, ”Burukeun! Gancang pulung panahna!” Palayanna Yonatan mulung panah éta tuluy nyampeurkeun dununganana. 39 Palayanna mah teu nyaho nanaon, ngan Yonatan jeung Daud nu ngarti maksudna. 40 Geus kitu, Yonatan mikeun senjatana ka palayanna tuluy ngomong, ”Jung bawa balik ka kota.”

41 Sanggeus palayanna indit, Daud kaluar ti tempat di deukeut dinya di beulah kidul. Bruk Daud sujud tilu kali tuluy gabrug maranéhna silih rangkul* bari ceurik, tapi nu ceurikna leuwih tarik mah Daud. 42 Ceuk Yonatan ka Daud, ”Jung indit, sing salamet, nya. Urang duaan pan geus sumpah kieu demi ngaran Yéhuwa, ’Mugia Yéhuwa salilana jadi saksi di antara Akang jeung manéh, sarta di antara turunan* Akang jeung turunan* manéh.’”

Ti dinya bral Daud indit, ari Yonatan mah balik ka kota.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun