PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 21
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Daud ngadahar roti suci di Nob (1-9)

      • Daud api-api gélo di Gat (10-15)

1 Samuél 21:7

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi keur ngalaksanakeun ikrar atawa keur najis.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 21:1-15

1 Samuél

21 Geus kitu, Daud nepi di Nob tuluy manggihan Imam Ahimélékh. Barang ningali Daud, Ahimélékh sieuneun. Manéhna nanya ka Daud, ”Geuning nyalira baé, teu aya nu maturan?” 2 Daud némbalan Imam Ahimélékh, ”Abdi keur ngajalankeun tugas ti Raja, tapi ceuk Raja, ’Ulah bébéja ka sasaha ngeunaan tugas jeung paréntah urang ka manéh.’ Matakna abdi jangjian jeung balad abdi rék panggih di hiji tempat. 3 Ari Bapa gaduh tuangan teu? Cikan abdi nyuhunkeun lima roti, atawa naon waé nu aya.” 4 Ceuk imam ka Daud, ”Roti biasa mah teu aya, aya ogé roti suci. Éta meunang didahar, asal balad manéh teu kakara saré jeung awéwé.” 5 Daud ngajawab, ”Tangtuna abdi jeung balad abdi geus ngajauh ti awéwé, sakumaha biasana mun rék indit perang. Dina tugas biasa siga kitu gé awak maranéhna suci, nya komo deui poé ieu!” 6 Jadi roti suci téh dibikeun ku imam ka Daud, da nu aya téh ngan roti nu dibaktikeun éta. Nu dibikeun téh lain roti nu aya di hareupeun Yéhuwa, lantaran poé éta rotina geus diganti ku nu anyar.

7 Poé éta, salah saurang palayan Saul keur aya di dinya ngalaksanakeun kawajiban* di hareupeun Yéhuwa. Ngaranna téh Doég, urang Édom, kapala para pangangonna Saul.

8 Daud ngomong ka Ahimélékh, ”Di dieu aya tumbak atawa pedang nu bisa dipaké teu? Abdi teu mawa pedang atawa senjata, da tugas ti Raja ieu téh ngadadak.” 9 Imam éta ngajawab, ”Aya ogé pedang Goliat urang Filistin téa, anu ku manéh dipaéhan di Lebak Élah. Ngan aya éta hungkul di dieu. Tuh pedangna aya di tukangeun éfod, dibulen ku kaén. Mun édék, cokot wéh.” Ceuk Daud, ”Euweuh deui pedang nu siga kitu. Keur abdi wéh, nya?”

10 Poé éta Daud indit deui, kabur ti Saul. Ka dieunakeun, manéhna datang ka Akhis, raja Gat. 11 Para palayan Raja Akhis ngomong ka rajana, ”Éta téh Daud téa sanés, raja di nagrina? Manéhna pan nu dipuji-puji ku jalma-jalma bari nyanyi jeung ngigel,

’Saul maéhan rébuan,

Daud maéhan puluhan rébu’?”

12 Ucapan éta dipikiran ku Daud. Manéhna jadi sieuneun pisan ka Akhis raja Gat. 13 Ku kituna manéhna api-api jadi jalma gélo di hareupeun maranéhna. Manéhna curat-corét panto gerbang bari ciduhna ngacay kana janggotna. 14 Ahirna Akhis ngomong ka para palayanna, ”Geuning éta mah nu gélo! Nanaonan dibawa ka urang? 15 Mémangna urang téh kakurangan nu gélo nepi ka kudu ditambahan hiji deui? Piraku nu kieu dibawa asup ka imah urang?”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun